ceuk kuring mah alus malah kang.. meh loba dulur
nya masalahna mawa tim sukses nya teu naon2
da teu salah
salah soteh lamun langsung kampanye
pan can waktuna..
tah ayeuna mah ulah kitu lah kang tata lahh



On 10/8/06, Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna mah tos lami, sim kuring ngabandungan ieu forum duduluran teh,
Mung hapunten nembe ayeuna tiasa ngawanohkeun diri
Sim kuring lahir di Bandung, Sakola di Bandung, mung nya kitu tea ari takdir, bet diparengkeun bumen bumen di nagri batur, di Kota La Seyne sur mer – dipakidulan  Perancis, teu tebih ti kota Marseille.
Sim kuring oge aya rencana lebaran di Bandung, atuh   aya gerentes hate hoyong ulubiung dina mangsa halal bihalal kusnet.
 
Sanes sim kuring anti politik, namung sim kuring jadi boga rasa sieun ieu forum duduluran teh dipolitisi keur kapentingan kelompok, atuh  halal bihalal anu rek dieusi pikeun ngaraketkeun tali duduran sarta ngamumule kasundaan teh, jadi ajang kampanye PILKADA ! nyarios kieu margi aya anu bade hadir «  sapuluh urang ngangge mobil ti «  tim sukses UWJ « 
Ari kahoyong mah bade hadir mah hadir bae, atas nami pribadi
 
Kabayangkeun enjing pageto aya deui nu daptar «  dua puluh urang ngangge beus ti tim sukse KABAYAN , teras lima belas urang nganggo Delman ti tim sukses   Mang OHLE , tepang di acara halal bihal, pan sahenteu henteuna oge «  lawan » , janten simkuring rada paur eta acara halal bihalal teh ka ganggu.
 
namung  sanaos kitu sim kuring percanten ka panitia
 
 
Wassalam
Tata Basary Noer Sulaeman
(Pun biang ti Cikelepu, Balubur  Limbangan, Garut, putuna Mama Haji Enur -
Pun Bapa ti Trusmi/Cirebon , lahir di Bandung, remaja di  Cimahi, pakokolot di Perancis)
Nalika di Bandung aktip di Gerakan Pramuka, kantos janten sekertaris DKD Jawa Barat thn.1971 – 1974 )


ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Ucep Wahyudin
Bade dongkap 10 jalmi tim sukses UWJ
ngange mobil
dinten saptu
Abdi teh ti kaum pusaka cinunuk
pun bao eyang Diperja rai raka sareng eyang Nurhasan, eyang Nurhasim.
Wios engkin dibahas.
 
Salam baktos ka sadayana anu di keresek.
HR Ucep Wahyudin

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,

Dina raraga boboran siam 1 syawal 1427 Hijriah,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2006
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 4~5 Nopember 2006
ngawitan tabuh 11.00 énjing dugi ka lekasan
di Pasantren Keresek - Cibatu, Garut

Acara :
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Kusnetvaganza
- begadang bari siduru, meuleum jagong, Domba Guling, jste..

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Haratis, teu kedah mayar.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.

-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]

* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :

----------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006
4~5 Nopember 2006

Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum

----------------------------------------------------------

Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Di Pasantren "Keresek" Cibatu, Kab. Garut

*Bazaar*
--------
Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.

*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan,
atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi.

* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Tirta Wijaya, Kang Akos
- Pupuhu : Kang Ndoell
- Tukang nyatet : Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Seksi Humas : Kang Runa
- Seksi Acara : Kang Darpan, Kang Syam Ridwan, Kang Ikmal
- Seksi Konsumsi : Teh Enung (istrina kang Deni)
- Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Deni, Kang Kumi & Kang Agus
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
- Seksi Ingkig / Umum : Kang Irpan, Kang Kamal, Kang Dudi,
Kang Hendra, kang Yayan,
Kang Ega & Kang Hadi
- Registrasi & Panampi tamu : Teh Eeya, Teh Mia, Teh Gia & Teh Iva

---..tos ah..



Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!




--
----------------------------------------------------------------------
AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
08128377662, 02193264068
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://azzoman.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke