Hatur buhun Kang Boim,

 

Abdi kawit ti Bandung, aya turunan Asgar sareng cimahi. Ayeuna nuju ngumbara di Bekasi.

 

Pantesan mani rame pisan milis teh, da kuncenna mani seueur. Abdi ge janten kuncen sababaraha milis, naming sadayana masih nyarira atuh riweuhna teu katulungan.

 

Manawi aya nu kersa rurumpaheun atuh sareng milis abdi anu aya kaitan sareng Training. Naon we nu penting mah sagala rupi kagiatan nu aya hubunganna sareng training. Mangrupikeun kabingahan nu teu aya papadana upami para kuncen ngiring ngaramekeun kana milis abdi ieu. Upami tos rame mah abdi milarian kuncen sanesna, wios abdi janten owner bae.

 

Dupi milisna [EMAIL PROTECTED] janten marangga kirim email kosong subscribe ka [EMAIL PROTECTED] . Satadina mah bade dibantos ku Kang Yuyun, mitra abdi di padamelan, namuing ayeuna nuju teu damang wales di RSUD Bekasi. Ari Kang Yuyun pantes upami di ajakan kumargi lulusan sastra Sunda Unpad, barijeung kenging beasiswa teras. Malihan mah jagoan catur. Papan kahiji tahun 90an di UMPAD the saurna mah. Janten sareng para Master Nasional, GM teh tos sering ‘tarung”. Katambih-tambih tos belasan tahun pangalaman di bidang training. Neda piduana ka wargi sadayana mugiya anjenna enggal damang sapertos sabihara bihari.

 

Ari milis training eta maksadna kanggo diskusi perkawis training sareung barter training. Janteun saupami abdi masihan training di perusahaan nu sense, ke  perusahaan nu sense masihan training di perusahaan abdi. Kan hemat. Ayeunan training the di Jabotabek mani ararawis dugikeun ka 3 jutaan. Atuh maksda sanesnamah implicit, ulah eleh2 teuing ku urang Jawa sareng cina.

 

Ah,,. Mamanawianna tiasa rame sapertos milis Urang Sunda ieu atanapi milis Forum Diskusi HRD anu kacida ramena. Duka sabaha ratus email sadintenna.

 

Cag dugi ka dieu heula. Amit mundur.

 

Salam

 

M. Arif

www.smartnaco.info

 


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of kang boim
Sent: Tuesday, October 10, 2006 1:50 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Punten nepangkeun

 

Haturan kang Arif....,
napangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti sumedang ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung.
sok kang ulah isin-isin bade ngiring ngobrol mah wios basa Sundan tag teg tog oge (paribasa), insya pami lepat mah urang silih lereskeun sareng silih emutan....da sadayana oge sami nuju diajar keneh.
pami kang Ari dimana Bekasina..? asli bekasi atanapi ngumbara...?
mangga wilujeng linggih di lembur babakan Kusnet....!

perkawis moderatos atanapi kuncen di babakan sadaya aya 8 jalmi diantawisna:
1. Kang Rahman (kuncen # 1 /owner)
2. Ua Sas (kuncen # 2)
3. Mang Jamal /MJ  (kuncen # 3)
4. Apih Siddik (kuncen # 4)
5. kang Eko RN (kuncen # 5)
6. kang Adanan (kuncen # 6 )
7. kang Boim/Iim (kuncen # 7)
8. kang Ndoel/Nanang (kuncen # 8)

cag..ah,

"kkbm'69"

On 10/10/06, M_Arif <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nepangkeun Sim Kuring Arif,

 

Kalaresan lebet dina milis ieu parantos aya kana dua sasihan mah, namung janteun 'mustami', kumargi masih sesah ngadamel serat ku basa sunda. Abdi lingggih di Bekasi, ngantor di Jakarta tos sapuluh tahunan, ari lingkungan seeseurna Jawa sareng cina. Atuh beuki langki pisan nyarios sunda teh

 

Ti danget ayeuna, abdi bade ngiringan ngobrol sakedik sakedik. Punten pang lereskeun upami aya nu lepat.

 

Bade tumaros, dupi Moderator milis ieu saha ? saurang ?

 

Hatur nuhun,

 

Salam,

 

 

M. Arif (Bekasi)

www.smartnaco.info

 


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke