Hiji mangsa Menteri Riset & Teknologi Dr. Kusmayanto Kadiman, ngabeberkeun pangalamanana munggaran jadi menteri. Anu matak jadi kaheran pa menteri teh, eta kabiasaan ilahar masarakat Indonesia, kana kadaharan anu bahanna tina kacang kadele, kayaning tahu, tempe, tauco, kecap, susu kedel, jrrd. Tapi anehna teh patani Indonesia arembungeun tatanen kedele. Aya oge patani anu tatanen kedele, tapi hasilna teu mucekil, tina sahektar the ngan meunang 1,2 ton kedele. Bandingkeun jeung melak pare, tina sahektar bisa panen nepi ka 8 ton. Keur nedunan pamenta ti “pasar/masyarakat”, pamarentah ngimpor kedele ti luar negri. Keur sumanget-sumangetna kakara jadi menteri, kasus kedele ieu the jadi prioritas pagawean anu utama. Aihrna dikumpulkeun pakar ti menristek jeung ti departemen pertanian, nyawalakeun, kumaha carana sangkan indonesia bisa jadi swasembada kacang kedele. Sabada ditalungtik teh aya sababaraha kacindekan. Ceuk cenah departemen pertanian geus ngayakeun panalungtikan malahan mah geus nimukeun varietas kedel anu unggul, dimana dina sahektarna, bisa panen nepi ka 4 ton. Tapi tetep wae patani keukeuh teu katarik tatanen kadele. Tina panalungtikan eta the kanyahoan, yen kedele teh lain pepelakan asli di wewengkon tropika, tapi ti wewengkon sub-tropika. Karakteristikna, lamun keur kembangan teh butuh sinar panonpoe salila 12 jam terus-terusan. Hasilna tina sahektar bisa panen nepi ka 8 ton kacang kedele.
Ti harita Menristek ngarasa lamun mikirkeun perkara kacang KEDELAI, rarasaanana teh mani asa jadi KELEDAI (alias GOBLOK AMAT GITU LOH!). Baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

