Assalamualaikum Wr.Wb.,
 
Para wargi sadaya,
Sawatara taun kapengker sim kuring kaamanatan ku hiji jalmi: Tanah kirang langkung 1.000 m2, di Cipeundeuy, Subang, supados dimangpaatkeun kangge kamaslahatan jalma loba. Naha janten masigit, madrasah, atanapi naon bae. “Kumaha Bapa bae eta mah. Bade diical ge mangga. Nu penting janten mangpaat,” saur anjeunna.
Satadina, kalayan widi nu ngaamanatan, eta lahan ku sim kuring bade didamel pasantren/pusat pengembangan masyarakat. Nu wangunannana basajan bae, mung mangrupi aula – dirempegan ku rohangan pabukon sareng “kantor”. Ngarah mirah waragadna, bari merenah katingalna.
Nanging, dugi ka ayeuna eta rarancang teh masih ngagantung dina wangwangan. Teu acan diberelekeun dina prak-prakan. Saha sareng kumaha prakna ge teu acan kasawang. Sim kuringna kaweur ku “amanat” sanes. Diwiatkeun ka urang dinya, sami tagiwurna. Antukna, eta lahan nu aya di tungtung pilemburan teh karah ngajejembrung teu puguh. Dugi ka kiwari.
Ningali kitu, sim kuring gaduh emutan: Manan teu tiasa dilakonan ku sorangan, eta lahan teh bade dipasrahkeun ka lembaga wakaf nu aya bae. Langkung praktis, bari jelas saha-sahana. Nanging, ari kamari emut: Sawatara waktos kapengker sim kuring kantos nguping, aya di antawis para wargi nu bade ngadamel lembaga nu sami. Naha eta emutan teh tos ngajirim? Upami parantos, panuhun mugia kersa neraskeun amanat nu tumiba ka sim kuring ieu.
Upami teu acan, kumaha upami ieu amanat janten bubuka atanapi pangdorong kana ngajirimna lembaga wakaf nu diimplengkeun tea?  Saur urang Malayu mah, sekali merengkuh dayung dua tiga pulau terlampaui: Niat sae para wargi kalaksanakeun, amanat nu dugi ka sim kuring tiasa kalakonan.
Kitu-kieuna, diantos wartosna. Urang badantenkeun kumaha-kumahana. Nanging, punten pisan, kumargi sim kuring teu tiasa browsing noongan milis, sae ngajapri bae ka [EMAIL PROTECTED] Langkung sae deui, upami kersa nga-SMS ka 0812 940 5441.
Hatur nuhun sateuacanna. Wilujeng shaum, wilujeng metikan bengrayna purnama. Mugia Mantenna teu weleh nuyun rengkak polah urang sadaya. Amin.
 
Salemba, 10 Oktober 2006
Baktos sim kuring,
 
 
Pun Maman
 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Stay in the know. Pulse on the new Yahoo.com. Check it out. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke