Kang doel, abi mah daftarna pan nganggo ku Bade. Dina teu dongkapna ke pas H-na, masihan we alesan ku...."aduh punten Kang Doel, kaleresan aya pamengan....punten teu tiasa sumping" hehehe
Neng Iva --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tina sababaraha nu ngirim konfirmasi, boh keur acara kopdar > boh acara samodel HBH jiga ayeuna, loba pisan nu make kalimah : > "Insya Allah bade ngiring.." padahal dina formulirna oge euweuh > pilihan Insya Allah. Ngan aya dua : Bade jeung Moal. > > bari heureuy ku kuring sok ditanya, "Insya Allah Islam atawa > Insya Allah Sunda ?" > > "Naha bet nanya kitu ?", nu ditanya malik nanya deui. > > "Lain, ari Insya Allah Islam mah, nyebut Insya Allah teh > hartina rek datang, mun teu aya halangan. Ari Insya Allah > Sunda mah 90% moal datang..", ceuk kuring bari nyerengeh. > > "trus nu 10%-na deui ?", nanya deui.. > > "nu 10% sesana mah hoream datang..", > > "Naha bet kitu pisan ih.. Kang Ndoell mah...", manehna jiga > nu keuheul. > > "Ah, nya keun bae atuh. Matakna sagala ge tong loba basa-basi. > Mun bade-bade, mun moal nya geus we ngomong moal. > > "Ih Kang Ndoell mah, apan Insya Allah teh mun Allah marengkeun. > Mun nyarita 'Bade' oge ari pek aya halangan mah angger wae bedo" > > "Enya, kuring ge apal maksudna mah, heueuh hade. Tapi loba jalma > make istilah Insya Allah teh keur nolak ku cara halus, atawa > 'pimoaleun'. Matakna kuring nanya Insya Allah-na versi Islam atawa > versi Sunda.." > > "Ih nya abdi mah atuh versi nu Islam, Kang Ndoell..." > > "Owh, nya syukur atuh mun kitu mah. Ngan kahayang teh, nu ngareusian > Formulir mah teu kudu ditambahan deui, cukup bae ku Bade atawa Moal. > Apan nyarita Bade teh hartina mun euweuh halangan rek datang pan ?" > > "Enya sih..." > > "Nya geus we atuh, mun hartina sarua mah, cukup ku nulis Bade atawa > Moal.." > > "Hmmm...barina oge, nu kitu-kitu wae teh dibahas ih.." > > "Nyaaaa....daripada euweuh nu dibahas, atawa daripada ngobrolkeun > soal tutup botol mah...." > > "Heu heu heu...enya..." > > > > > > -dul- > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

