Hatur nuhun ka Kang MH sareng Kang Ganjar kana pamendakna, Insya Alloh
diperhatoskeun pisan.

MSasmita


----- Original Message -----
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Sunday, October 15, 2006 4:30 PM
Subject: Re: RE : [Urang Sunda] Gereyem Pangajen


> ngiring ngarewong: potongan kalimah "... némbongkeun karancagéanana jeung
> (sareng) kaheman dina  miara (mulasara) ...," jigana mangrupa kalimah
> kantetan tina dua kalimah "... némbongkeun karancagéanana dina  miara
> (mulasara) ..." jeung "némbongkeun kaheman dina  miara (mulasara) ..."
>
> sugan ieu mah, supaya eta dua kalimah teh sarimbag, perlu disatarakeun
> wangunanana. meureun bisa jadi kieu:
>
> 1. migunakeun kecap gawe duanana
>
> "... némbongkeun /karancagéan/ sareng /kaheman/ dina  mulasara ...,"
>
> 2. migunakeun kecap barang duanana.
>
> "... némbongkeun /karancagéanana/ sareng /kahemanna/ dina  mulasara ...,"
>
> salam,
> mh
>
> --- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: kalimah
>
> > Parantos sae, namung naha henteu langkung sae ngangge basa lemes
> > sadayana. Diantawisna kecap "jeung" digentos ku "sareng"; miara digentos
> > ku "mulasara"; muga ku "mugia"; katampa ku :katampi"; jadi ku "janten" (
> > Anu dikurungan). Nuhun.
> >
> >   Komunitas Urang Sunda di Internet
> >                                        (KUSNET)
> >
> >                             Ngahaturkeun pangajen
> >                                             ka
> >                             ............ ......... ......... ......... .
> >                            (jenengan nu dipasihan pangajén)
> >
> >        anu parantos némbongkeun karancagéanana jeung  (sareng)
> >        kaheman dina  miara (mulasara), ngarumat, ngamumulé, jeung
> > (sareng)
> >                   makayakeun ............ ......... .........
> >           minangka salah sahiji kajembaran budaya Sunda.
> >   Muga (mugia) katampa (katampi)  ku rasa paripurna, jadi (janten)
> > pangjurung geusan
> >                            Sunda langgeng nanjung.
> >
> >
> >
> >
> > Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
> >             Kumaha upami kieu ;
> >   namung teu langkung ...
> >   ssw
> >
> > MSasmita [EMAIL PROTECTED]
> >         Layang pangajen, anu kinten kinten bakal dianggo dina HBH, ieu
> > kenging Kang Dadan ti Cupumanik, hatur nuhun.
> >   Ka balarea bilih aya nu kedah ditambihan mangga we, mung tetep
> > kaputusan wanda anu mana anu bade dianggo eta mah wewenang panitia.
> >   MSas
> >
> >   From: Dadan Sutisna
> > Kahatur Ua Sas,
> >   Ieu nyanggakeun gegerenyeman kanggo pangajén téa. Aya alternatif,
> > mangga bae bade nu mana. Bilih aya nu kirang mugi ngawartosan.
> >   Baktosna,
> >   Dadan Sutisna
> >   ==========================================
> >                      Komunitas Urang Sunda di Internet
> >                                        (KUSNET)
> >
> >                             Ngahaturkeun pangajen
> >                                             ka
> >                             ........................................
> >                            (jenengan nu dipasihan pangajén)
> >
> >        anu parantos némbongkeun karancagéanana jeung
> >        kaheman dina  miara, ngarumat, ngamumulé, jeung
> >                   makayakeun ..............................
> >           minangka salah sahiji kajembaran budaya Sunda.
> >   Muga katampa ku rasa paripurna, jadi pangjurung geusan
> >                            Sunda langgeng nanjung.
> >
> >
> >                            Garut, 5 Nopember 2006
> >                          http://www.urang-sunda.or.id
> >                        [email protected]
>
>
> =====
> Lalampahan rewuan mil, cukup dimimitian ku salengkah.
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke