Margi aya kecap "hitut", si kuring emut ka jaman tukang basa kungsi nyieun filosofi 'Hitut', punten ah..... ieu mah ngan saukur INTERMEZO
Filosofi Hitut, Jelema nu Teu Jujur nyaeta Jelema nu hitut tapi nyalahkeun batur, Jelema Tolol nyaeta Jelema nu "ngempet" hitut sababaraha jam, Jelema nu Boga Elmu nyaeta Jelema nu nyaho iraha kudu hitut, Jelema nu Sangsara nyaeta Jelema anu bener-bener resep hitut tapi teu bisa, Jelema nu Misterius nyaeta Jelema nu ngaluarkeun hitut tapi teu kanyahoan ku batur, Jelema anu Nervous nyaeta jelema anu ngeureunkeun hitutna pas keur hitut, Jelema nu Percaya Diri nyaeta Jelema anu nyangka yen hitutna seungit, Jelema nu sadis nyaeta Jelema nu hitut dina sepre ranjang terus seprena dikibas-kibaskeun ka ranjang baturna, Jelema nu Ilmiah nyaeta Jelema nu hitutna teratur tapi boga perhatian kana polusi, Jelema nu Eraan nyaeta Jelema nu hitutna teu disada terus ngarasa era, merasa malu Jelema anu Stereo-tip nyaeta Jelema nu hitutna teratur, Jelama anu Strategis nyaeta Jelema nu hitutna ditutup/disumputkeun ku jalan seuri nyakakak, Jelema nu Bodo nyaeta Jelema nu hitut terus narik napasrada lila jang nyaimbangkeun, Jelema nu Hemat nyaeta Jelema nu hitutna dicadangkeun jang engke, Jelema nu Sombong nyaeta Jelema nu resep kana bau hitutna sorangan, Jelema nu Ramah nyaeta Jelema nu resep kana bau hitut batur, Jelema nu Anti-sosial nyaeta jelema nu pamitan heula ka tempat nu nyumput mun rek hitut, Jelema nu Akuatik nyaeta Jelema nu resep hitutna dina jero cai ngarah aya sora "blekuthuk-blekuthuk", Jelema nu Atletis nyaeta Jelema nu hitutna rada diheujeunkeun, Jelema nu Jujur nyaeta Jelema nu ngaku hitut terus ngajukan alesan medis nu alus, Jelema nu Pinter nyaeta Jelema nu bisa nangtukeun bau hitut tatangga, Jelema nu Sial nyaeta Jelema nu hayang hitut............ tapi kapiciriiiiiit.............. andjiiiiiiiiiiirrrrrrrr..... punten ah, bilih kirang merenah, wassalam, si raja hitut Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

