|
Assalamualaikum wr wb
Waktos ngariung di Geologi di kantorna Kang Oman
Mama Manar, asana mah taun 2004, harita aya pupuhu Kadamas upami teu lepat mah
Kang Abdurachman, harita kantos disigeung kecap "komunitas" teh, saurna naha bet
kawas nu euweuh bae dina kecap basa Sunda kapan bisa bae diganti ku "kumpulan"
atawa "kulawarga", harita sim kuring mah mung nyebat, nya atuh ieu mah nyobian
we "pipilueun" ka jaman, kapan diluar teh nuju usum kecap komunitas (leres
aya unsur gaya sakedik he he)
Komunitas katingalna tos diadop janten basa
Indonesia da upami ningal dina KBBI (Kamus Besar Bhs Indonesia) aya, nu
hartosna kelompok organisme (orang dsb) yang hidup dan berinteraksi
di suatu daerah tertentu, atuh teu lepat-lepat teuing upami ieu kecap
komunitas teh dibenyeng janten basa Sunda hartosna mah teu benten we sareng dina
basa Indonesia.
Ari kecap kumpulan, numutkeun KBBI nyaeta, kelompok
sareng perhimpunan, nya ieu ge upami enas-enasna mah teu lepat upami dilarapkeun
kana Kusnet, kitu deui kecap kulawraga sami dina KBBI hartosna 1,ibu bapak
dengan anak-anaknya,2. orang seisi rumah yang menjadi tanggungannya
(batih),3.sanak saudara, 4.satuan kekerabatan yang sangat mendasar di
masyarakat.
Nyutat tina KBBI teh pedah we dina sadayana kamus
basa Sunda (Sunda-Inggris Hardjadibarata, LBSS, Satjadibrata, Budi R Tamsyah,
dugi ka kamus populer/istilah dina basa Sunda, kamus istilah sastra basa
Sunda) kecap komunitas teu kapendak, duka tah naha aya kitu dina kamus Sunda
Danadibrata anu bade terbit sasih Nopember.
Janten numutkeun sim kuring mah ieu kecap komunitas
teh keun we sina janten basa Sunda dina Kusnet, etang etang ngeuyeuban basa
Sunda, sareng deuih upami ngabanding banding hartosna diluhur asa aya "nuasa"
hartos anu benten antawis komunitas, kumpulan sareng kulawarga. Mugi jembar
manah kasadayana.
Wassalam
MSasmita
kuncen # 2. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] komunitas -- kulawarga MRachmat Rawyani
- Re: [Urang Sunda] komunitas -- kulawarga MSasmita

