From: Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, October 17, 2006 1:50:57 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Insya Allah Bade ngiring.....
Abdi mah Insya Alloh we, kang Ndul..
~ipup~
> On 10/13/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Tina sababaraha nu ngirim konfirmasi, boh keur acara kopdar
> > boh acara samodel HBH jiga ayeuna, loba pisan nu make kalimah :
> > "Insya Allah bade ngiring.." padahal dina formulirna oge euweuh
> > pilihan Insya Allah. Ngan aya dua : Bade jeung Moal.
> >
> > bari heureuy ku kuring sok ditanya, "Insya Allah Islam atawa
> > Insya Allah Sunda ?"
> >
> > "Naha bet nanya kitu ?", nu ditanya malik nanya deui.
> >
> > "Lain, ari Insya Allah Islam mah, nyebut Insya Allah teh
> > hartina rek datang, mun teu aya halangan. Ari Insya Allah
> > Sunda mah 90% moal datang..", ceuk kuring bari nyerengeh.
> >
> > "trus nu 10%-na deui ?", nanya deui..
> >
> > "nu 10% sesana mah hoream datang..",
>
>
> > "Naha bet kitu pisan ih.. Kang Ndoell mah...", manehna jiga
> > nu keuheul.
> >
> > "Ah, nya keun bae atuh. Matakna sagala ge tong loba basa-basi.
> > Mun bade-bade, mun moal nya geus we ngomong moal.
> >
> > "Ih Kang Ndoell mah, apan Insya Allah teh mun Allah marengkeun.
> > Mun nyarita 'Bade' oge ari pek aya halangan mah angger wae bedo"
> >
> > "Enya, kuring ge apal maksudna mah, heueuh hade. Tapi loba jalma
> > make istilah Insya Allah teh keur nolak ku cara halus, atawa
> > 'pimoaleun'. Matakna kuring nanya Insya Allah-na versi Islam atawa
> > versi Sunda.."
> >
> > "Ih nya abdi mah atuh versi nu Islam, Kang Ndoell..."
> >
> > "Owh, nya syukur atuh mun kitu mah. Ngan kahayang teh, nu ngareusian
> > Formulir mah teu kudu ditambahan deui, cukup bae ku Bade atawa Moal.
> > Apan nyarita Bade teh
hartina mun euweuh halangan rek datang pan ?"
> >
> > "Enya sih..."
> >
> > "Nya geus we atuh, mun hartina sarua mah, cukup ku nulis Bade atawa
> > Moal.."
> >
> > "Hmmm...barina oge, nu kitu-kitu wae teh dibahas ih.."
> >
> > "Nyaaaa....daripada euweuh nu dibahas, atawa daripada ngobrolkeun
> > soal tutup botol mah...."
> >
> > "Heu heu heu...enya.. ."
> >
> > -dul-
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

