jadi inget, poe jumaah kamari, dibejaan Dadan Cupumanik, yen Pusat Studi Sunda bade ngayakeun riungan ngabahas puasa dina sastra sunda. hanjakal datangna rada telat, tas maturan indungna budak ka rumah sakit deui, aya bleeding, aya nu tinggaleun di jero, sigana urut setting carita fetussaga :p
tempatna di pss, jl. kliningan 2 no. 5. kasampak dhipa galuh purba keur maca carpon yasana RAF nu nyaritakeun sababaraha urang santri nu manggihan mangsa poe munggaran puasa beda jeung di desa tatannga. nu hadir tangtuna aya urang sunda cabang magelang, kang Ajip Rosidi, bah Duduh Durahman ti Mangle, oge nu sanes nu tangtuna baraya nu neuleuman/aktif dina ngaran sastra basa sunda. ti kusnet aya ua sas. tah, dina cerpen eta oge dijentrekeun aya carita dua tempat nu poe mimiti puasa beda. beda poe mimiti puasa bisa nyababkeun poe lebaran oge beda, tangtuna. tapi dina cerpen eta soal beda eta teu dibahas, nu dicaritakeun teh lalakon santri nu hayang puasa dua poe deui, lain isukan. jadi caritana lalakon nu goreng2 hehe. karek ngeuh oge basa kang Ajip Rosidi medar pamendakna dina sastra sunda. siga kabayan, karnadi bandar bangkong, jsb, oge cerpen nu bieu dibaca dhipa, kalolobana nyaritakeun nu goreng2, nu ulah diturutan. jadi siga carita heureuy soteh sabab pikaseurieun. pikaseurieun teh sabab carita nabrak2 niley nu aya. da mun caritana soleh terus mah meureun teu aya pikaseurieunana. piraku nu bener diseungseurikeun? jadi sigana di urang lain carita lalakon nu jagoan tur meunangan siga model carita ti batur.tapi nu goreng atawa salah. pan Karnadi oge sial katungtunakeun mah. tah mun lebaran beda mah jadi lila atuh poe labaranana. bisa nganjang ka lembur2 nu masih lebaran. kakaren teu beak2. hehe basa balik, nikreuh ka imah-da deukeut, sanajan cenah hese dizendingkeun, US teu kaciri beurat mamawa agama. Nya ningal Aa Gym, atawa nu baheula2, oge nya kitu. Jembar. Acep Zamzam di Tasik nyieun kaos, Islam tapi Mesra. Eh jadi inget, jumaah kamari oge kang Acep aya. Milu nyarita saeutik, cenah di urang aya nu ngagem agama islam tapi teu gembira cenah. Malah aya muslim nu disuntik Islam dosis tinggi, jadi we jihad. Nu ngariung nyakakak. Heuheu. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

