Pokona mah... mun mawa mobil sorangan atawa kana beus, boh ti Jakarta, boh ti bandung alusna nuturkeun jalan jurusan Tasik.
Kitu deui mun naek beus, alusna mah ti Bandung/Jakarta teh naek nu jurusan Tasik, tong jurusan ka terminal Garut. Kunaon ? sok, baca heula... Kaluar ti Tol Cileunyi kuduna mah mengkol ka katuhu ka jurusan Tasik/garut. Ngan kusabab jalana ditutup, jadi kudu muter heula sakeudeung, tuluy engkena mengkol deui ka kenca, ka arah Tasik/Garut keneh.. ti dinya mapayan wewengkon : Rancaekek, Cicalengka. tuluy bakal ngaliwatan markas Angkatan Udara YONIF LINUD. Teu kudu nyimpang da moal aya nu kenal. Ti dinya, terus ka turunan Nagrek. Geus ngaliwatan Nagrek teh aya pengkolan ka katuhu, arah ka Garut. tapi mendingan lempeng we ka arah Tasik. soalna mah mun ka terminal Garut atawa ngaliwatan Kota Garut deui, pabeulit teuing jalana. terrr-muter, ceuk urang madura mah. Sanggeus ngaliwatan pengkolan ka Garut, bakal nepi ka Limbangan. Tah beh Limbangan ieu aya Rumah Makan Mergosari, tapi hadena mah ulah mampir, sabab di Cibatu ge disadiaan goreng Gurame. Mun Lapar mah nya wayahna we ditahan heula. Teu lila, bakal manggih pasar Limbangan, tuluy alun-alun. Teu jauh ti dinya bakal ngaliwatan Sasak Beusi. nu boga mobil sorangan mah bisa mengkol ka katuhu, ka jalan Cagak Sasak. teruuuuus we, pas pertiluan mengkol ka kenca, arah ka Cibatu. Tapi nu kana beus mah, mendingan ulah turun di Sasak Beusi da teu aya angkot nu ka Cibatu. Hadena mah lempeng we deui. Menta diturunkeun ka kondekturna di Warung Bandrek sanggeusna Rumah Makan Kartika Sari. Ti Warung Bandrek aya jalan ka katuhu, tah tidinya bisa naek kana angkot. Ojeg ge aya. bejakeun we ka Keresek..arapaleun da. kira-kira mah begituh lah... -dul- --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > enyaw... > > Jadiw kieuw... > > Muwn nuw tiw Banduwng, hadenaw makew jaluwr Limbangawn. Paws jalawn cagawk > Nagrewg, lempengkeuwn wew kaw kencaw. Ngkew, sanggeusna ngaliwatan > Limbangan, urang bakal ngaliwatan sasak (tingali peta, aya jalan tepung > jeung walungan). Ti sasak beusi eta, sakeudeung deui bakal manggihan jalan > nu mengkol ka katuhu. Mengkol ka jalan eta, tuturkeun jalan nepi ka Cibatu. > Ti dinya mengkol deui ka kenca (ka kahutu mah ka Garut). > > Eh, bener kitu eta teh...? Heuheu... Kang Deny, cikan bejaan euy, bisi > salah... Karunya Kang Emod bisi nyasab, mangkaning si eta mah ludeung soteh > di laut, da ari di darat mah sok linglung cenah... > > On 10/18/06, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kang Kumi, bade tumanyaa...! Etaa arii anuu ti Banduung mimitina anuu ti > > Partiluaan jalaan cagaak Tasik-Garut (Nagreg, Kenca Tasik, Katuhu Garut) > > lain nyah. > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

