mun teu salah,
elmu sosial ngabedakeun pisan antara kulawarga, komunitas, jeung kumpulan.
Mun teu salah oge:
Komunitas mah siga orhanisasi, asosiasi. Dijerona aya aturan--rek
tertulis atawa hanteu--, aya sanksi jeung ganjaran, jsb. Antropolog
atawa sosiolog, nunjukkeun anu disebut komunitas contona: organisasi
massa.
kumpulan mah, meh gampang --jeung ieu oge anu loba dicontokeun ku
antropolog tur sosiolog--siga jelema anu ninggali tukang obat di sisi
jalan keur wawar. Dijerona ampir tara aya aturan maneuh. Sarwa cair.
Sakahayang sabab kapentingan utama kumpulna mung hayang nyaho kana eta
wawar.
Kulawarga, memang siga komunitas. Tapi aturana beda. Sabab musabab
(ceuk filsafat mah epistemologi)na beda.
Tah kitu. Mun teu kahartos keneh, punten we. sakieu pangabisana. ETa
ge suga bener

baktos
tantan

On 10/18/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Nuhun kang.
> Kampus kang Miki mah saurna, kampus katolik. Siga unpar mun di bandung.
>
> Di bandung supratman aya nami sekolah tinggi teknologi soni sugema. Saha
> soni sugema?
> Juragan nu gaduh tempat bimbingan belajar, SSC, soni sugema college. Heuheu.
>
> Terus aya deui Universitas Komputer Indonesia. Di jeronya aya senirupa, aya
> hukum sagala. Ke aya deui geura universias laptop.
>
> Heuheu.
>
> Di malaysia sadaya nami kampus dinamian malaysia tungtungna? Sigana bakat ku
> reueus, eta nagara tos tiasa ngadegkeun paguron luhur. Heuheu.
> -----------
>
> Ngeunaan paguron luhur ....
>
> Di Jepang ngaran paguron luhur negeri pakait jeung tempat, ilaharna
> ngaran propinsi (ken dina basa Jepang). Hal ieu cenah dumasar kana
> sumber dana nu ngabayuan eta universitas. Kabehdieunakeun
> universitas nu boga propinsi ieu dijadikeun universitas nasional.
> Kaayeunakeun di-BHMN keun siga sababaraha universitas di urang.
>
> Salian ti universitas propinsi aya oge universitas nu boga
> kotamadya, oge universitas swasta sejen, ngan ilaharna pakait jeung
> ngaran tempat di mana universitas eta ngadeg. Saperti universitasna
> kang Miki (Mikihiro Moriyama - di dieu disebutna Moriyama Sensei),
> nyaeta Universitas Nanzan, ayana di Nanzan (Gunung Kidul) kota
> Nagoya, jadi meureun nu di Indonesia keun mah ... Universitas Gunung
> Kidul .. he .. he ..
>
>
>
>


-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke