punten bade ngiring jabung tumalapung
punten sateu acana bilih aya ati anu kasisit kapancah kalengkah ucap anu teu merenah kana manah.
saleresna upami urang sakedik ninggal kana undak usuk basa arab sigana pacekcokan perkawis selamat idul ftri teh teu kedah aya.
dina basa arab tegesna dina elmu balaghah aya kecak anu hartina fiil madi (past tens) tapi maksadna fiil mudhari (future tens) aya kecap anu hartina masdar (kata benda/sipat)  tapi maknana kata kerja.
contohna kalimat dina al-Qur'an, Qad aflaha mu'minun hartina geus bagja jalma-jalma anu ariman. tapi maksadna estu bakal bagja jalma anu ariman. da waktuna oge engke di surga, lain yaena di dunia.
aya kecap fiil madi tapi hartina du'a
contona, radiyallahu anhu hartina, Allah tos ngaridloan tapi upama dilarapkeun ka hiji jalma, maksadna, mudah-mudahan Allah ngaridloan ka anjen. saperti do'a urang ka Abu Bakar Radliallahu anhu Umar Radliyallahu anhu jeng sajabana.
atawa kecap masdar, rahmatullahi alaihi hartosna, Rahmat Allah kanggo anjena. maksadna lain nyanyahoanan ka Allah, tapi ieu maksadna do'a mudah-mudahan Allah ngarahmatan ka anjeuna.
sami sareng Assalamu alaikum, harti leterlek mah kasalametan pikeun aranjeun, lain nyanyahoan ka Allah , tapi maksadna, mudah-mudahan Allah masihan kasalemetan ka aranjeun.
dina basa Arab nu kieu teh namina majaz. ithlaqul ma kana wa iradatul ma yakunu. di sebutkan sekarang tapi maksudna yang akan datang.
kecap tahniah lain hungkul kalimat Taqabbalallahu minna wamingkum.
di kalangan arab sok oge diucapkeun, idun sa'idun
kullu amin wa antum bi khair. idun mubarak  jeng sajabana.
masalah na memang anu shohih haditsna kecap taqabbalalah.
tapi naha teu menang make kecap anu sejen ??
ngado'a memang ibadah tapi kecap do'a lain ibadah. buktina ngado'a menang pake bahasa arab, indonesia, sunda, jawa, batak atawa anu sejena. anu penting, ngado'a langsung ka Allah teu menang kanu sejen.
kecap assalamu alaikum oge ternyata tidak baku, buktina para sahabat mun panggih jeung Rasullalah do'ana assalamu alaika yaayuhannabiyu. 
hal ieu nunjukan yeun do'a iltiqa henteu baku.
anapon ngado'keun panjang umur oge dicontoan ku Rasulallah. anjena kantos ngado'akeun sahabat Anas bin Malik sing panjang umur. jeung buktina sahabat anu paling panjang umurna nyaeta Anas bin Malik ra. ceuk salah sahiji riwayat dugi ka 100 tahun jeung para putrana age langkung ti 100.
 
pepejeh ti sim kuring upami melihat hiji masalah ulah ti hiji sumber bilih janten panatik taashub, asa aing pang pinterna asa aing pang benerna.
hapunten ah bilih lepat nyanggaken
cag wasalam.
 
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, October 30, 2006 8:37 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

Assalamu'alaikum wr wb.
 
   Teh/Neng....Ely....punten ah teu terang status na.
Nepangkeun sim kuring Kang Nata, aya ku resep ningal laporan/artikel ti teteh teh, meni murudul, eta weh aya ku getol,
salut K Nata mah, sok lah teraskeun resep macaan nana, hatur nuhun sateuacan na.
 
Wassalam
 
K Nata
----- Original Message -----
Sent: Saturday, October 28, 2006 2:38 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

Atos ah bosen dibahas wae, gentos topik atuh akang kasep....

----- Original Message ----
From: Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 27, 2006 8:42:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

Assalamu'alaikum Wr Wb di sundamah Sampurasun,. ..
 
Kahatur teh Ely
 
Teh Ely nyerat :
["Kalau kita memaksakan diri mengucapkan selamat kepada orang yang berpuasa juga apa yang diselamatinya, keberhasilan puasanya ? bukankah jelas-jelas puasa itu hanya untuk Allah dan tak ada seorang manusiapun yang mampu mengukur apakah puasanya berhasil atau tidak....... ...Apa yang diselamati yahhhh....." ]
 
Ngucapkeun Selamet/Wilujeng eta hiji Du'a silih salametkeun sami samodel ngucapkeun "Assalamu'alaikum Wr Wb", anapon "Selamet menjalankan Ibadah Puasa" artinya Semoga Ibadah puasanya Selamat (diterima oleh Alloh), ditampina du'a/heunteu eta urusan Alloh, mung firman Alloh "Ud'uunii  Astajib Lakum"-("Mintalah kepada-Ku niscaya aku mengijabah.. dst").
Adab berdo'a kita harus Khusnudzon (Berbaik Sangka kepada Alloh) akan terkabulnya do'a kita, lihat ayat-ayat Alqu'ar tentang Berdo'a dan hadist2nya.. .
 
Kang Arif nyerat :
"wajib mah
Ngabales salam (QS Annisaa:86). Upami iedul fitri teu aya riwayat anu ngucapkeun selamat aya oge para sahabat ngucapkeun
‘Taqobalallahu minna wa minkum’ – mudah-mudahan ALLAH nampi (amal ibadah)
";
//========== ========= ========= ========= ========
Teh Ely nyerat "[Ulang tahun teh hiji parasit aqidah ......oge Kantos kitu Rasullulah mengucapkan " Selamat idul fitri" ka para sahabat ? "].
 
Naha kantos Rosululloh nyarek/ngabid' ahkeun/ngaharapk eun ngucapkeun " Selamat idul fitri" ka para sahabat?
 
perkawis "Ulang Tahun", benten sual...hapunten tapi ku seratan teh Ely ["Ulang tahun teh hiji parasit aqidah.."] anu katangkeup kusimkuring tina eta seratan yen Teh Ely mengganggap dengan segala displin pengetahuan teh Ely bahwa Perayaan Maulid Nabi Besar Muhammad SWT (bid'ah)...tapi hapunten naha leres atanapi heuteu simkuring naros, menurut teh Ely ari ngarayakeun Maulid Nabi Bid'ah eta teh, anu ngarayakeun Maulid Nabi masuk neraka dst...?
 
ke urang bahas secara bersama...
(silih asah dina pangarti, silih asuh dina laku, silih asih dina pangaboga)
hapunten
 
Wassalamu'alaikum Wr Wb, ...rampes di sundamah..
baktos
Agus Wirabudiman
 
 


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke