Wa'alaikum salam...
wilujeng tepang Kang Adin, abdi Ndoell, tukang wawar.
mangga di ku abdi dilebetkeun kana daftar.

Tempat HBH teh nyaeta di Pasantren Keresek, Cibatu - Garut.
pami ti bandung nganggo mobil nyalira mah langkung gampil,
kantun nungturkeun we beus jurusan Tasik. 

Saatos Nagreg tong mengkol ka katuhu (arah Garut) tapi teras
we ka arah Tasik. Tah pami tos dugi ka daerah Limbangan, kedah
rada luak-lieuk da tos caket. ka Cibatu tiasa mengkol ti
Jalan Cagak (sasak beusi) atanapi ti Warung Bandrek.
di tiap pengkolan ke dipasangan spanduk kanggo ciciren mah...

denahna ku abdi di japri...

-dul-


--- In [email protected], adin komarudin 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.
> 
> Nepangkeun Simkuring wasta Adin, padumukan di jl. Setia No.6 Suci 
Bandung. no.HP. 08122114469, maksad hoyong ngiringan kana acara HBH 
di Garut. mugia di daftarkeun jumlah nu ngiring : 2 dewasa & 2 
murangkalih. nganggo mobil.
> 
> Punten Tumaros dupi tempat acara di Garutna, leresan palihmana? 
Supados dina waktosna teu kukurilingan milarian tempat acara HBH.
(Alamat lengkapna kanggo Acara HBH). sareng acara HBH bade di 
kawitan tabuh sabaraha?
> Hatur Nuhun,
> 
> Adin.
>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke