Assalaamu'alaikum Sadayana...
baraya sadayana, kaleresan sim kuring teh gaduh lembur di garut.
Tempatna tebih pisan ti puseur dayeuh kecamatan oge. upami dikategorikeun
mah...Desa tertinggal.. .
Tos langkung 60 tahun nagara urang merdeka, mung teu acan kantos aya
pembangunan infrastruktur. ..naha jalan atanapi infrastruktur
sanesna..sebagai bantosan ti Pemerintah.
Keun..sawios ari perkawis infrastruktur jalan mah,da masih keneh tiasa
mapah
Mung, anu dirandapan ku warga lembur anu kacida pisan repot mah,
perkawis cai beresih...anu biasa terjadi tiap usum halodo...maklum mung
ngandelkeun sirah cai nu terbatas pisan
Di ditu oge ari sumber cai mah aya, mung jarakna tebih...
sahingga anu sesah teh kanggo biaya nalangna
Parantos diukur teh jarakna kirang langkung 3 km(750 lenteu paralon).
..
Rencanana hoyong ditalang ku paralon ukuran 1,5 in supados cekap kanggo
dua RT eun. Upami dirinci, kinten2 biaya na teh peryogi(
750*Rp.16.500= Rp.12.375. 000)
Eta oge parantos sababaraha kali ngajukeun ka Pemda Garut, mung teu aya
wae tanggapan
Kumargi kitu, boh bilih baraya sadayana aya anu bade nyimpen kasaean
amal jariahna, ku sim kuring diantos pisan..
Hatur Nuhun
Wassalaamu'alaikum Wr Wb
Beben
085220168931
Check out the New Yahoo! Mail - Fire up a
more powerful email and get things done faster.