Lalakon uing di babakan Kusnet, beunang disebutkeun ukur kukulamprengan di buruan jeung laha loho semet bangbarung. Arang pisan miluan ngadu bako, komo amprok jonghok jeung pangeusina mah. Matak, basa aya wawar HBH di Keresek Cibatu kacida atohna. Ti lembur uing mah, tinggal sagilek we nurugtug dek jalan Sasak Beusi atawa ka Mangkubumi Leuwigoong. Komo lamun nguliwed jalan tukang mah, ngurubut saeutik, meuntas Cimanuk, hanjat, bras we ka Pasirlaja Cibatu anu ayeuna keur kacida pisan hese cai jiga di lembur uing. Najan ayeuna masih keneh -ceuk urang Cibiuk mah- anggota MURBA, saumur-umur nyaba, ah da asa teu jauh ti Cikarang ka Garut. Biasana mun lancar di jalan, nyemprung 3 jam ge geus nepi.
Jumaah sore, masih keneh kaburu ngomat2an ki dulur,"kade nya mobil tea, nyelang heula nginjeum dua poe mah, rek HBH tea di Cibatu". "Heug",cenah. Orokaya, nepi ka jam salapan peuting masih keneh campego di pakulian. Leuwih orokaya deui, pok teh dunungan bebeja yen saptu moal bisa asup da kudu nungkulan alona nu geus dianggap anak pituin wisuda di Bogor. "Naha tos usum wisuda kitu di IPB?", na jero hate we, teu wani pok. "Jadi isuk saptu wayahna kemitan barudak nya!", saurna. Ampir kana 200na barudak anu geus dititah kudu gawe saptu teh. Rasiko uing eta mah, da geus biasa jadi bemper dimana nu ngalembur kurang ti 50 persen nya pancen uing ngawakilan anjeunna ngemitan barudak. Bongan anu garaduh acis, dimana rek tutup taun ngalobaan anu mareuli kandaraan roda opat teh. Jadi we kudu nuturkeun urang Karawang jeung Sunter, ampir unggal Saptu kudu ngalembur. Lumayan paciweuh -bari atoh da meureun pabeasan bakal rada metet- nepi ka hutang jangji jeung kang Dicky Mardiana ge acan wae kalaksanakeun. (Haturan kang Dicky, salamna we saurna ti kokolot uing di pakulian. Mun tiasa mah urang babalagonjangan ASAP) Rek sasadu, heurin ku letah. Komo mun inget pidawuh kang nDoel omat ulah aya "Kaleresan...." Tungtungna mah bati handeueul weh. Mangkaning geus diajam ti anggalna keneh. Hayang wanoh ka baraya jeung pupuhu2 Kusnet, bari sakalian ngarepkeun sugan aya kaos Kusnet, stiker jeung buku2 novel MJ. Basa ka Gramedia Metmall Bekasi, ngan ukur manggihan Fettusaga. Keur mah ngan sakocepat da nu wajibna mah diburu-buru kudu neangan buku mang Jeffry Liker. Ah keun we, angkanan teh engke we di Cibatu ambeh sakalian aya MJna. Pan gaya meureun, buku opatannana ditanda ku nu ngarangna. Terus di edeng-edeng ka babaturan. Pun irung geus miheulaan rebeh asa pangakangna. Ngan nyakitu tea atuh. Handeueul ngan ukur bati handeueul..... Gagaro teu ateul, kalahka buuk we rambisak alahbatan pelok buah meunang ngalamotan. Ka baraya anu kasinugrahan ngariung dina acara HBH, si uing ukur tiasa ngawilujengkeun. Embohna mah, nya biasa we neda agung cukup lumur sareng jembar hapuntenna. Bobo sapanon carang sapakan mugi ulah kirang nawakup. Baktosna, Teja Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

