Assalmualaikum
Haturan sadayana
Pangemut simkuring salaku muslim panuju upami nagara urang nganut syareat Agama islam salaku dasar nagara, Insa Allah bakal adem ayeum sadayana.
tapi, sim kuring langkung panuju upani tina pribadi-pribadina hela anu ngajalankeun syareat islam teh...ti pribadi teras kakulawarga,  sa RT teras sa RW sadesa teras na mah sanagara...langkung sae upami sadunia, naoun ari ngajalankeun syareat islam dimulaan ku ti pribadi teh ? nyaeta ngameh teu aya dei gontok-gontokan, moal aya maksakeun kahoyong ka nu sanes..
meren teu kedah di sebatkeun nya kumaha pribadi anu ngajalankeun syareat islam teh da hate nurani sadaya jalmi ge tos terang meren,, malah agami sanes oge pasti terang,,
nyaeta ngajalankeun kaimanan di barengi jeung kasolehan...
upami di paksakeun kunu sanes di hawatir keun bakal aya permusuhan antara umat islam keneh,, anu panuju sareung anu hante...tapi upami ti pribadina heula,,,pasti anu sanes teukedah di paksa Insa Allah bakal nurutan,,, da upami ngajalankeu syareat ialam anu leresmah tujuana kasampurnaan, katertiban, kasaean, kadamaian sareng sajabana..anu alalus...
pangemut simkuring mah ayena teh teu acan tepat upami maksakeun syareat islam di jalankeun di nagara urang..
kedah seer heula pribadi-pribadi islam anu ngajalankeun syareat na,..upami umat tos ngajalankeun syareat islammah pasti tos ka tinggal ku urang kamajuana,,
janteu emut ka AA gym anu Insa Allah anjeuna ngajalankeu Syareat Islam tina Pribadi, Kaluarga sareung Lingkungana,,tiasa di tinggal ku urang sadayana...katertiban,, kabersihan,,, kamajuan Ekonomi sareng sajabina..tah kahoyong mah kitu nagara urang teh..
ari ayenamah boro-boro...Idul Fitri oge beda pendapat...tanggal 1 syawal ge teu sapemahaman...eta nyirikeun pribadi2 na teu acan ngajalankeun syareat islam anu saleresna..meren para ulama di nagara iyeu oge anu janten panutan urang teu acan ngajalan keun syareat islam secara penuh....
sadayana gelut dina Politik sareng kakuasaan...sedih upami ningal kitu teh..
tah sim kuring teh hariwang upami aya anu kekeh hoyong ngajalankeu syareat islam di nagara urang teh pribadi anu ngajak na oge teu ngajalankeun syareat islam...atuh bakal pasti aya partumpahan darah sasama urang keneh..
 
wah janteun nyayahoanan nya sim kuring teh...iye mah ngan saukur pangemut ti simkuring
 
Wasalam

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke