On 11/6/06, abd <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Atohpisan bisa datang ka HBH, kulantaran kuring bisa pa amprok jongok jeung pupuhu KUSNET khusuna jeung bisa patepung lawung jeung baraya KUSNET sejena. Kuring ti Depok nepi ka Keresek teh jam 10 an poe Sabtu, lantaran kuring teh warga anyar anu kurang leuwih sabulan asup kana milis US, jadi datang-datang teh langsung ngawanohkeun sorangan, kabeuneran harita anu katingali keur ngobrol teh MJ, SR, Kang Agus, Kang Kumi, Kang Atep Cupumanik(punteun ah bilih leupat :D)... da eta ngumpul jeung MJ, SR mah loba KEOM euy (reseup)... Terus ngejat di ajak kang Agus ka Bumi Kang Beni nganteurkeun raksukan anu masih keneh panteus di pake. Di bumi Kang Beni kenal sareng Kang Ikmal, Teh Popi, Teh Eme (sumedang) ...Wa Sas, Kang Rahmat, Apih Sidik sakulawargi, Kang Ndoel ge tos darongkap.
Lantaran bajar geus mulai di buka, kuring beli buku Keom Sakedap Kang SR (sakalian di ttd), baju cepot, stiker jeung teu poho pin warga KUSNET. Ari jaket kulit mah teu meuli, lantaran duitna teu cukup :D.. teu hilap kang SR oge promosi Seni Sunda Karuhun BELUK (pansaran? meuli)
Saeunggeus sholat lohor berjamaah, panitia nitah dahar parasmanan, wah pokokna mah SUNDA pisan, lantaran Jengkol, Peuteuy, lalaban jeung samel teh teu tingaleun. Malahan aya Bajigur, Bandrek, Gingseng Apih Sidik, jeung Kopi... hanjakal lamun teu dicoba kabeh mah :(
Acara pentas seni jeung budaya Sunda oge dipedar, teupi ka peta Sunda Karuhun jeung umbul-umbul karuhun dikaluarkeun (geuningan simbol "PEACE" teh asalnamah ti karuhun Sunda lain ti nagara kulon... lantaran dina umbul-umbul oge logo anu nagcungkeun curuk jeung jari teungah teh aya). Ngan hanjakal acara wawanohan teu jadi dituluykeun ka potong ku embe guling.
Kang Agus Wirabudiman, hatur nuhun pencerahan sareung 'sharing' na, Insya Alloh kapayun tiasa ngobrol ngaler ngidul deui. Pokokna datang ka HBH teu hanjakal, ngan aya sakeudik usulan "agenda acarana kirang disiplin dina waktosna", kapayun mah agenda acara langkung dioptimalkeun.
hatur nuhun
wassalam,
-abdul-depok
YM: abdelq2000
----- Original Message ----
From: ika mardiah <[EMAIL PROTECTED] >
To: [EMAIL PROTECTED]ups.com
Sent: Sunday, November 5, 2006 12:36:27 PM
Subject: [Urang Sunda] HBH Garut
Baraya,Kamari kuring dongkap ka HBH Kusnet di Pasantren Keresek Garut.Tepang sareng Uwa Siddik, Uwa Sas, MJ, Kang Ndoel, Teh Imas, Kang Eko, Teh Eme, Kang Runa, Kang Agus Paku Berserakan, Neng Pupi + Kang Kumi, Neng Mia, Kang Rahmat UI, Bah Willy, Kang Deni + Teteh, oge Kang Syam si Keom Sakedap tea, jeung seuer deui (punten ka nu teu kasebat).Kuring mah telat, waktos dongkap acara tos ngawitan. Mung tiasa keneh ningal Hadro sareng Pantun Aki Akis.Laporan lengkepna mah engke panginten ku Pupuhu acara. Da abdi mah teu dugi ka rengse, sonten tos ka Bandung deui.Ngahaturkeun nuhun ka Uwa Siddik, nu parantos ngawaragadan HBH, nu parantos nepangkeun baraya ti mana-mana. Mugi urang sadayana tiasa nurutan kasaean Uwa Siddik, sareng kasaean Uwa Siddik mangrupakeun amal ibadah nu dibales lipat-lipat ku Allah SWT.Baktos,-ika-
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut Budyana Yogaswara
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut abd
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut Deni Wahyu
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut abd
- RE: [Urang Sunda] HBH Garut Arief
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut Budyana Yogaswara
- Re: [Urang Sunda] HBH Garut Agus K \"PAKUSARAKAN\"
Kirim email ke

