Kakaren ti HBH Keresek

Ieu mah mung sakadar pangalaman pribadi dina
ngahadiran Halal Bihalal KUSnet di Pasantren Keresek
dinten saptu ping 4 November 2006.  


Baktos,

mrachmatrawyani


“Kasasar“ ka Sabda Alam Cipanas
Rencanana ti Depok teh hayang miang jam 4 an, tapi
dina prakna mah kakara jam 5.30  sore. Wanci magrib
masih di  Cawang keneh. Sababaraha kali nelpon kang
Ndoell, sugan teh jumaah oge ka Keresek. Ari kitu teh
cenah, jeung teh Imas  sabtu isuk-isuk. Tapi dibere
nomor hp na kang Deni. Alhamdulillah, lamun dijalan
kasasar aya nu mandu. Jam 7 an kakara asup ka tol. Di
jalan lancer, teu macet. Istirahat heula sabada liwat 
Sadang. Si cikal ngadon dahar sangu goreng heula. Nepi
ka tol padalarang jam 9.30. Informasi ti kang Deni
lebah-lebahna Keresek masih teu pati jelas. Mangkaning
kuring tara jarambah ka wewengkon priangan wetan, jadi
teu aya gambaran sama jalan anu rek disorang.  Sabada
kompromi jeung pamajikan, mobil dipengngkokeun ka 
Garut. Harita teh geus jam satengah sawelas, jalanan
sepi pisan. Tibatan nyasar-nyasar teu puguh, ahirna ka
Cipanas weh, ceuk batur pamajikan di Cipanas ngendong
wae di Sabda Alam. Jam sawelas kakarek nepi ka Sabda
Alam. Buru-buru laporan ka Kang Deni. Awak geus cape,
„kasasar“ di Sabda Alam Cipanas. Padahal Kang Deni
geus nyayogikeun tempat di Keresek.
(alhamdulillah „kasasar“ ka Cipanas, lamun diteruskeun
ngaliwatan Limbangan, pasti kasasarna. Sabab waktu
mulang ti Keresek ngaliwatan rute anu disarankeun ku
panicia, jigana moal nepi, komo deui jalan tengah
peuting)

Sumanget Jihad ka HBH KUSnet
Enya kudu boga sumanget jihad (usaha anu soson-soson
kalayan niat anu panceg) lamun rek ngahadiran HBH
KUSnet di Pasantren Keresek. Jiga nu kaalaman ku
kuring, dua poe saeuncanna poe „H“ HBH, katarajang
flu. Dokter mah nyarankeun supaya kemis-jumaah teh
istirahat total. Tapi kusabab dibere amanah ku panicia
jadi seksi surat-sorot dina acara HBH KUSnet, era ku
panicia sejenna. Sanajan bari jeung sakapeung nyetiran
mobil bari jeung ngantuk oge, dilakonan.
Gogoda sejenna, barudak jeung pamajikan „mugen“ teu
daek ka Keresek.  Ari budak mah mugen teh, hayang
kokojayan dina cai panas. Ari pamajikan mah alesanana
teh cape(mopo). Atuh,  rundingan deui, ngayakeun
kompromi, daek ka Keresek tapi sorena kudu geus
mulang.
Jam sapuluhan, kuring sorangan muru ka Keresek, „setor
muka“ ka panicia sejenna, sakalian nitip tustel ka
Kang Deni, keur dokumentasi acara. Pamajikan jeung
barudak masih „istirahat“ di Sabda Alam. Sabada „setor
muka“, balik deui ka Cipanas, ngajemput barudak.
Barang datang ka Keresek Deui. Alhamdulillah acara
kakarek dimimitian. Tapi kamera videona can aya, atuh
rada rineh, soalna tugas motret geus diserahkeun ka
panicia sejenna. 
Conto sejenna anu boga sumanget jihad ka KUSnet teh,
kaalaman ku Kang Tito. Waktu ngobrol jeung pamajikan
kuring,  minggu kamari pisan kang Tito sakulawarga
mulang ka Surabaya sabada pere lebaran. Tapi jumaah
kamari, sosoranganan naek kareta ka Bandung deui
(datang saptu subuh), ngaburu ka HBH KUSnet. Waktu
kuring di jalan rek mulang ka Depok (masih di Cibatu)
paamprok jeung Kang Maman Gantra, sosoranganan naek
mobil (pastina oge rek ka pasantren Cikeresek).
Padahal asana teh dina daftar anu konfirmasi rek
datang ka HBH teu aya ngaran kang Maman.





Jin  Pasantren Keresek 
Kunanon kuring „maksakeun“ ka Pasantren Keresek? Sabab
panasaran, baheula taun 1970 an (atawa taun 1980 an?)
maca dina majalah Mangle, aya carita nyambung (Jin
Pasantren Keresek). Pikeun anu sok maca majalah Mangle
mah pasti moal bireuk deui carita nyambung  eta, jiga
carita nyambung sejenna, nyaeta onom ti Rawalakbok.
Hayang nyaho jiga kumaha Pasantren Keresek teh anu
jadi seting carita dina majalah mangle.
Jadi salila 30 taun kuring „memendam“ kapanasaran ka
Pasantren Keresek.
Pasantren Keresek teh geuning ayana di hiji lengkob,
luasna aya meureun 2 hektaran mah. Taneuhna sistem
terasering (bertingkat-tingkat), taneuna subur, aya
sababaraha imah, kobong, aula jeung imahna kang Deni.
Aya tangkal buah anu keur buahan, meujeuhna lamun keur
pirujakeun mah. Aya sababaraha balong, aya tangkal
duren tapi ngaranggas, ma’lum usum halodo.  Di
tukangeun pasantren aya walungan tapi caina teu
“ngalir”.
Bener kajadian, kuring manggihan bungkeuleukanana
“jin” Pasantren Keresek. Sabada acara utama lekasan,
aya acara ningali peta kuno  jaman Karajaan Pajajaran
jeung ningali bandera jaman Ciung Wanara. Tah, dina
acara eta teh, katingali pisan jin Pasantren Keresek,
sababaraha kali ngaleketek mang Jamal, anu  keur
serieus ningali peta kuno.
(sok wae taros ka mang Jamal, ngarasa dileketek
heunteu waktu ningali peta kuno)
 
Dunungan jeung Juragan Jawara
Ki Akis teh salah sahiji anu meunang pangajen ti
KUSnet, sabage salah sahiji seniman  pantun Sunda.
Harita teh Ki Akis „unjuk gigi“ mintonkeun kaahlian
mantun, bari jeung metik kacapi. Puguh wae atuh
hadirin ngarasa „surprise“, aya pertunjukkan seni
pantun sunda anu jarang kasaksian.

Ki Akis teh  urang Banjaran, umurna geus 85 taun, tapi
dedeg pangadegna jiga masih umur 50 an. Moal aya nu
nyangka. Baheula mah aktif jadi guru sakola SMP,
diajar pantun sacara otodidak teu aya nu ngajaran.
Waktu ku kuring dicaritakeun  bapa kuring  pernah
tugas di Banjaran ahir tahun 1960 an, Ki Akis
ngomentaran „oh atuh, tuang rama mah dunungan abdi.“
Taun harita Ki Akis masih jadi Guru. Tapi kiwari Ki
Akis geus jadi Juragan jeung Jawara pantun Sunda.

Teu Kabagean Bajigur, Domba guling & Brownies Teh Ika
Ti awit HBH kahiji jeung kadua KUSnet, can
kalaksanakeun “bagadang” jeung anggota KUSnet sejenna.
Ari kahayang mah HBH katilu teh bisa ngiluan ngasaan
daging domba guling garut, bajigurna teh Mpup, atawa
Browniesna Teh Ika anu telat datang (jadi weh teu
kaburu “dihidangkeun” dina acara saptu siang). Tapi
kompromi jeung anak, pamajikan, hasilna kudu mulang ka
Depok buru-buru. Jadi anu salah teh  dahar beurang
euweuh daging domba, bajigur jeung kueh Brownies Teh
Ika.

Hadro jeung Hard rock
Aya kamonesan anyar dian acara HBH KUSnet katilu
ayeuna. Si pembawa acara (Kang Ikmal jeung teh Al
Ghifari), nyebut kecap “hadro”. Grup kasenian ieu teh
ti Bungbulang, sesepuhna kasenian ieu, salah sahiji
anu  meunangkeun pangleler ti KUSnet. Harita oge
dipintonkeun kasenian hadro. Nyaeta sakumpulan barudak
anu ngibing (gaya penca silat) bari jeung diiringi ku
lalaguan anu islami dipirig tatabeuhan genjring,
kendang jeung tarompet. Sok sanajan hadro ieu make
gaya penca silat oge, tapi sipatna heunteu hard rock
(keras). Kasenian ieu di sababaraha tempat sok
dingaranan kasenian rudat.


“Titipan” ti HBH Keresek
Balik ti acara HBH, kuring katitipan ku kang SR jeung
ua Sasmita, kaos, buku keom jeung vcd seni beluk, keur
“disosialisasikeun” di Kampus UI Depok. Pasar nu
potensial pikeun ngamasyarakatkeun anu aya pakaitna
jeung Kasundaan. Ke ku kuring rek ditawarkeun ka para
anggota SIMPAY di FIB UI. Maenya tinu  puluhan anggota
teu aya nu katarik.

Peuseur Migeuykeun Masyarakat

Sabada ningali Pasantren Keresek,  ditingali tina
aspek geografis, sajarah jeung SDM nu aya, kuring boga
kacindekan, sabenerna Pasantren Keresek boga  potensi
pikeun jadi tempat  peuseur migeuykeun (Pusat
Pemberdayaan ) masyarakat satempat. Naha dina widang
ngalestarikeun lingkungan, elmu pangaweruh umum, pusat
pabukon KUSnet, atawa pelatihan-pelatihan sejenna. Ieu
asupan keur KUSnet, upama pasantren Keresek jadi salah
sahiji „pilot project“ program KUSnet, kuring
ngadukung pisan. Pananggung jawabna serahkeun wae ka
Jin pasantren Keresek.
Tah, lamun kang.... (salon Bupati Garut) bener-bener
jadi Bupati Garut, program anu utama, jadikeun
Pasantren Keresek Pusat Pemberdayaan Masyarakat.


Hayang   ka Pasantren Keresek Deui
Ieu  komentar pamajikan kuring, sabada nganjang ka
pasantren Keresek. Cenah mah hayang nganjang deui ka
Keresek. Padahal  mah, pamajikan kuring teh ti barang
datang ka Keresek teh, ngajoprak wae (sare) di tepas
imah kang Deni. „Hawana sejuk,“ pokna teh. Komo deui
bari jeung dahar di tepas imah kang Deni, mani
kabayang ni’matna.


 




 
____________________________________________________________________________________
Sponsored Link

Get an Online or Campus degree
Associate's, Bachelor's, or Master's - in less than one year.
http://www.findtherightschool.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke