Masalah aliran Sunni jeung Syiah ... eta mah masalah Politik
Ceuna mah politik teh kotor.... Sedengkeun Islam mah nganjurkeun jalan anu hade tur rahmatal lil 'alamin
Wassalam,
-abd-
From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, November 6, 2006 1:02:00 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Celana Seksi dan Jilbab: Ketika Akal dan Jiwa Bertemu..beuki rame
Perkawis HAM heula, atawa agama heula, kuring mah teu pati ngarti.
Ngan nu jelas, UUD nagara urang/kontitusi ngajamin HAM. Salah
sahijina soal KAYAKINAN. Jilbab sanes soal kasaean atawa kagorengan,
tapi masalah KAYAKINAN. Nu dijilbab teu meunang dilarang, tapi oge
teu meunang maksa kanu teu make jilbab. Upama pamerentah nyieun UU/
aturan ngalarang/ maksa make Jilbab, pamarentah ngalanggar kontitusi.
Padahal pamarentah (ti Presiden tepi ka PNS panghandapna) , DISUMPAH
satia kana kontitusi (UUD 45). Pamarentah nu ngalanggar kontitusi
sakuduna "bubar" (Presiden kudu turun!). Jalma nu teu satuju kana
kontitusi, mangga ngadamel partey, ngiring pemilu. Lamun meunang
PEMILU mangga robah kontitusina. Tapi lamun teu meunang, nya
wayahna ...
Soal conto Quraish Shibab nu ceuk kang Malki teu pas. kuring mah rada
ngahuleng, soalna waktu bulan puasa pak Shihab mucunghul dina TV
unggal waktu sahur dina acara Tafsir Al Misbah dina Metro TV. Mana
kitu oge manehna "dianggap" ulama. Kuring mah teu bisa nganiley Pak
Shihab atawa ulama nu teu sapamadegan jeung Pak Shibab salah atawa
bener. Da sadayana oge para ahli, ahli dina dalil jeung dalih!
SOal sholat "tilu waktu" urang Sasak. Memang kuring kurang nambahan
kecap "sigana". Jadi kumplitna kieu "sigana kapangaruhan ku Syiah".
Upami kang Malki asisten dosenna urang Iran nu pangagem Syiah, nya
mangga taroskeun ka dosen kang Malki. Kuring mah panasaran naha
program SALAT.EXE nu mimiti dikirim ku baraya KUSNET baheula nu oge
bisa di download di alamat ieu:
(http://www.geocitie s.com/SiliconVal ley/Vista/ 9311)
salah atawa bener?
Baheula aya baraya KUSNET, nu rada deukeut ka aliran Syiah. Manehna
percaya pisan Islam nu asup ka Indonesia teh, Mimitina Islam aliran
Syiah. Manehna mere conto kumaha mithos-mithos nu aya di Urang Sunda
nu nyebut2 KiangSantang jeung Sayidina Ali. Oge soal tradisi nu maot
tiluna, tujuhna jeung 40 poena, ceuk manehna ieu teh tradisi Islam
Syiah. Sajarahna, cenah baheula teh loba urang Syiah nu
ditandasa /dikakaya di Tanah Arab, nya lalumpatan, tepi ka
ngalalanjrek didieu. Tah .... umpama wae, hipotesis ieu bener, aya
kamungkinan "shalat tilu waktu" di Lombok teh, "sesana". Tangtu wae
acan tangtu bener, tapi kuduna mah nu nalungtik kabiasaan masyarakat
ieu, ningali oge asal-usulna/ sajarahna. Ukur nyalah-nyalahkeun bari
teu terang kasang-tukangna, moal nganggeuskeun masalah ...
Pamandegan kuring mah jelas ti baheula keneh, ti saprakna sok ngilu
diskusi di Kusnet oge : teu satuju puksu-paksa dina soal jilbab. Nya
upami kang Malki teu sapamadegan mah, mangga teh teuing .....
Baktos,
WALUYA

