Lebaran di kampung tepung jeung babaturan sareng dulur loba dongeng bari ngadu bako ngadu bohong.Aya kajadian nu dicaritakeun ku babaturan ti Kampung sejen nu mirip jeung dongeng Romeo & Juliet. Caritana kieu: Jaka, anak bulu taneuh mun ayeuna mah Patani miskin tea, nu hirupna teu pas pasan acan tapi sumangetna gede pisan ngadorong anakna sakola, nya kitu oge anakna bari sakola teh buburuh sabisa bisa, jadi loper koran jeung pagawean nu halal lainna keur ngabiayaan sakolana. Bakating ku keyeng jeung pareng Jaka nepi ka tamat kuliahna. Waktu kuliah di semester 4 manehna papacangan jeung Ayu, wanoja anak nu jegud jeung kasohor kulantaran Bapana teh sudagar nu pangbeungharna di kotana. Sanajan sacara ekonomi beda jauh pisan, teu ngahalangan Ayu mikabogoh ka Jaka. Bapana Ayu apal yen kabogoh anakna teh turunan nu teu boga, tapi teu mampu ngahalangan jeung sieun kajadian cara dina dongeng Romeo&Juliet. Saparantos Ayu oge lulus Jaka jeung Ayu ditikahkeun tur hajatna nu rongkah pisan maklum Ayu teh anak hiji hijina. Bapana Jaka kulantaran Jalma teu mampu ngan bisa mere calan kolor tina karung tarigu ka anakna jeung samping murah ka Ayu, kitu oge di kaput ku sorangan da teu boga duit tea.
Naha Ayu bahagia jeung Jaka? Kolor pamere Bapana ku Jaka langsung dipake ti waktu dirapalan keneh. Dina peutingan panganten keur ngahormat Bapana Jaka, Ayu nu tos dikamar ti heula, ngahaja ganti pakean make samping pamere Bapana Jaka. Waktu Jaka ka kamar nempo Ayu make samping ti Bapana kacida pisa atohna, bari imut ngagelenyu Ayu ngagoda Jaka, atuh Jaka oge rikat muka baju jeung calana rek nempokeun kolor pamere Bapana tea. Sanggeus rengse muka calana, Ayu melong kana kolor Jaka terus ngajerit maratan langit atuh guyur salembur, ear sajagat saterusna Ayu terus kapiuahan. Sakabeh kulawarga jeung baraya Ayu datang ka kamar panganten narulungan Ayu. Jaka molohok bari bungung naha kunaon Ayu nepi ka kapiuan kitu, manehna nempo kakolor pamere Bapana nu tina karung tarigu tea di tengah tengahna masih keneh aya tulisan nu eces pisan unina: **BERAT BERSIH 25 KG** Aduh paingan Ayu ngajerit sieuneuneun,teu kabayangkeun meureun sakumaha gedena tah jero kolor teh mun beurat bersihna wae 25 kg. Abah Suwarna punten kanu tos uninga atuh nu saguru saelmu ulah ganggu he..he.. Lain Suwarna penyair tea Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

