|
1. Ari sugan teh Ki Akis tos nyemprung ninggalkeun
Keresek, tapi basa kuring mulang ngaliwat ka pasar naha geuning pasangrok keneh
jeung Ki Akis, nya ditanya bisi mobilna mogok, lantaran basa nanjak rek kaluar
ti pasantren ge didodorong heula ku barudak STSI, ari pek geuning keur balanja,
duka teuing naon anu dibeuli.
Nya harita sasauran saurna hatur nuhun parantos
diulem kana ieu pajemuhan, da kakara mantun di pasantren sok sanajan ngan ukur
rajah pamunah, bangbalikan jeung rajah pamungkas.Tadina mah rek ngadadarkeun
naon eusina susuguh anu dina nyiru, didinya teh aya tangtang angin, dewegan,
hanjuang, bakakak, tadina rek diterangkeun naon "sikina" unggal eta kadaharan,
hanjakal waktuna samporet.
Keun sugan engke lain waktu bakal aya kasempetan
kuring rek manggihan deui, sugan we dibere beja naon eta sikina teh, naha enya
sarua jeung tafsiran Pa Jakob atawa kumaha. Hatur nuhun Ki Akis.
2. Dina koran Kompas Jawa Barat poe ieu (Senen 6
Nop 06), aya gambar Ki Akis keur mantun dina kaca G, dina tulisanana disebutkeun
"Akis (85) penutur pantun dari Banjaran Kab Bandung sedang melantunkan pantun
diiringi petikan kecapi di Pasantren Keresek Kecamatan Cibatu Garut,, Sabtu
(4/11).Kini jumlah penutur Pantun Sunda semakin berkurang", ari beja Kusnet mah
teu disabit saeutik ge.
3. Kuring teh ngondang ka Koran Sunda, Bandung TV
jeung STV, sok sanajan ngan ukur ngaliwatan sms, hanjakal teu datang, wartawan
anu datang teh ti Kompas (Aditya) jeung Cupumanik (Atep Kurnia), ari ceuk
Aditya mah keur dimuat dina feature duka teuing dimuat poe naon tah eta teh. Ari
dina Cupumnaik mah sigana keur dimuat bulan hareup da terbitna sabulan sakali.
Ka Cupumanik hatur nuhun tos masihan majalahna kalawan haratis, sok sanajan nu
tos rada heubeul
Kuring teh ditanya ku Aditya kira-kirana saha anu
luyu diajak ngobrol, nya kuring ngasongkeun Kang Tantan, duka tah diwawancara
naon Kang Tantan teh.
Panggih jeung Adit teh keur kuring mah rada atoh
keur mah geus rada lila teu panggih da ayeuna mah tugasna teu di Bandung tapi di
Priangan Timur, lantaran inyana kungsi nginjeum buku geus rada lila teu
dipulangkeun, nya kamari ditagih, Alhamdulillah buku nu diinjeumna teh
dibawa.
4. Ka Kang Agus Pakusarakan komo ka Kang Deni
Suwarja mah hatur nuhun pisan tos nyadiakeun lapak keur jualan buku, kaos
jeung kantong, rada munel jualan buku teh, kumaha kauntungan nu 10% teh
dikamanakeun naha di ka YP-keun bae kitu..?
5. Ka Panitia komo Kang Siddik, hatur
nuhun,hapunten tos diririweuh ku sim kuring, kitu deui ka Kang Darpan anu tos
banting tulang ngahadirkeun Hadro sareng Kuncen Peta Ciela kana ieu acara
padahal enjing-enjing teh di Bandung keneh da ngiringan Nyundakeun UUD
45 tea, hanjakal kuncen Ciptawenang anu ngurus situs di Jatigede Sumedang teu
tiasa hadir jalaran nuju teu damang. Ningal pintonan Hadro bet jadi kagagas,
komo ningal ekspresi barudak anu nari-na, polos, lugu, pasrah, tapi
tari-na kalawan ikhlas tur enya enya,ningal rindatna kagagas teh (duka teuing
atuh bet jadi hayang ceurik), hatur nuhun Pa Tatang Ruhyana nu tos ngiring
ngalanggengkeun Hadro.
Palebah ningali peta Ciela, rada hemeng, mimitina
mah hayang tatanya anu rada jero, tapi barang ningal ka kuncen-na ceuk hate teu
perlu tatanya, sabab kuncen mah teu perlueun kuring percaya atawa henteu kana
eta peta atawa umbul-umbul Ciung Wanara, kuncen mah tetep ikhlas ngajaga
tur ngariksa barang titinggal karuhun.
Aheng ceuk kuring sabab ceuk kuncen lamun aya nu
totos dina peta eta daerah keur ngalaman tunggara, kitu deui waktu kuncen rada
nyentak bari bangun anu kasarumahan pedah nu ningali raribut. Hatur nuhun Pa
Iding Solihin kana dedikasina ngajaga peta Ciela.
6. Ka Pa Ganjar di Paris, hatur nuhun, teu kantos
ditalangan da tos katampi ku Teh Imas.
7. Taun payun HBH deui...?, kedahna mah
dilaksanakaeun deui, usul ti sim kuring kanggo waragadna mending rereongan
sakamampuh sewang-sewangan, mun tiasa kekempel ti ayeuna kitu deui kanggo
pangajen ka seniman/kuncen, saena dijantenkeun tradisi Kusnet unggal taun. Mugi
mugi we kabiruyungan.
8. Pangajen kanggo Pa Warma Ali Ajis kuncen
Ciptawenang Jatigede anu kamari dititipkeun ka Bah Willy, saena mah urang
anteurkeun we ka Pa Warma, ngaleut yu...!!
MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] Ondangan! Mia
- Re: [Urang Sunda] Ondangan! Jajaka.Kahyangan -
- [Urang Sunda] Hatur Nuhun Ki Akis sareng sajab... MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Ondangan! Budyana Yogaswara

