Kumaha Kang Rusdi acara HBH teh...?!Tuh nepi oge geuningan ka Cibatu, teu nyasab heuheuheu...
Nu aya dina implengan Abdi mah, eta acara teh rame tur "berkesan". Mung hanjakal teu tiasa dongkap euy, padahal mah tos konfirmasi ti anggalna ka Kang Ndoell bade dongkap. Atuda kumaha, nu tos gaduh buntut mah kieu geuning heuheuheu....

Hatur nuhun Kang Rusdi tos nyempetkeun nelpon Abdi heula, sateuacan angkat ka Cibatu. Punten teu tiasa ngarencangan....


Baktos,
OTA
*** Urang Subang Teureuh Kuningan
 


"rusdi yunus" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

11/07/2006 02:14 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
[Urang Sunda] lalakon ka garut HBH3





 Sapertos anu di uningakeun satwu acana yen si kuring bade nambut kandaraan ti kantor. harita poe juma'ah kuring izin ka juragan kunci kandaraan kantor kuring bade nambut mobil nya alhamdulilah di pasihan widi kangge nyandak wahon ( mobil ) di pasihan toyota avanza aya gambaran KARTU AS. maklum wahon parusahaan.
 
 Kacaritakeun poe saptu isuk - isuk kuring ragu palay ngiring HBH tapi teu rencang anu sa jurusan. naros ka kang ono taryono saurna nuju aya acara kaluarga tras kang amien saurna teu tiasa kumargi teu parurun tos mudik ngangge motor ti ciamis cape keneh. maksad teh supados aya batur tong era teuing ngasrogna pami aya baturmah...
 
Nya haritateh kuring maksakeun maneh ngajugjug ka garut sareng buntut-bontot-bantat-bintit rada bntet saeutik. da pikirteh anu atosmah urang KUSnet mah sok raramah saromeh arakuan sapertos anu tos wanoh lami. dugi ka nagrek kirang langkung tabuh 11an kuring nelepon ka kang emod bilih tos dugi ka garut sakantenan bade naros mengkolna ti mana harita kang emod masih di bumi nuju ngasuh saurna ( jiganamah keur ngaganti popok meureun ) di tlp hese.
saatos nlp kang emod harita kuring ningali aya spanduk HALAL BIL HALAL KUSnet ngan hanjakal kurang ageung kuring mani kaliwatan atuh terasweh haritateh KARTU AS belok ka jalan anu aya spanduktea.
 Jauh teu burung di jugjug anggang teu burung datang ka pasantren keresek cibatu garut sanajan kaliwatan sauetik. langsung ceeeeep suasana santri karasa komo ningali aya balong alit luhurenana aya tangkal buah  haru manis anu mareujeuhna mun di pake ngarujak atanapi mamajak. ka palih kulon aya saung anu di angge tempat parasmanan.sabudereunana seueur tanggakal kalapa. ih..... pi kabetaheun weh pokonamah. komo pami tos usum hujan teu gersang teuing suasanana.
 
saparantos markirkeun KARTU AS mani rada katengah kaciri pisan iklan KARTU AS na. kuring di bagyakeun ku anu araya didinya ( uing mani era pisan euy....) tras harita kuring ngisian buku tamu sareng sasalaman kanu araya didinya duka da teu pati arapal sanajan tos dua kali pateupang oge waktos di subang. anu rada emut teh: kang ikmal, jamal, akmal, nddul, wa sas gudang buku tea, sareng anu sanesna weh pokonamah. ( saha anu teu acan ka absen. cing ngacung !............
 
sa ba'da sholat dzuhur acara di lajengkeun kana acara anu di antos-antos nya eta nga_wa_dang saur bahasa pakaleranmah atanapi makan siang ceuk urang china mah. tos rengse tuang acara di ngawitan ku MC asli urang sunda kang ikmal sareng teh ......... (poho ngarana)
acara sambutan ti panicia di eusi ku kang nddul anu ngalaporkeun sareng panampian tamu tras di lajengkeun ku sesepuh pasantren ku bapak yth buya hamka, tras di isi deui ku apih sidik, uwa sas, sareng sajabana - sajabana di tambihan ku acara masihan panghargaan sareng tarian rahwana beger, di tambih musik hadrok anu nayagana tos sararepuh mani kabayang keneh tos sepuh niup tarompet mani...............  sareng acara di tutup ku pantun kasenian urang sunda
 
ngan hanjakal samemeh magrib aya bos nelepon di antosan di cipanas garut saurna urang ngeueum di cai haneut.
bari jeung isin - isin ge harita kuring pamit kanu araya didinya bade mundur ti payun da pedah eta di ajakan ku dunungan ka cipanas uekeurmah hayang ongkoh meungpeung aya di garut di tambah haratisan di ajak ku dunungan nya puguhweh meuni........ngan hanjakal uey ! tempatna teu aya anu kosong 4 kamareun da dunungan nyandak balad 2 mobil nya kapaksa mulangwae cenah ka bandung nginep di bandung. rek balik deui ka acara HBH era geus pamit nginep di bandung asa waregah nya kapaksa pulang ka subang aja.
 
 Teu hilap si kuringmah bade ngucapkeun haturnuhun ka para paniciya anu parantos susah kalayan payah enggoning midangkeun saneskantena demi tercapaina iyeu hajatan anu sakitu saena. salutlah si kuringmah. sareng ka Apih Sidik anu mingkin sidik ka berehana parantos ngawaradan HBH anu sakitu ageungna.( meureun sakumahaeun biayana ) ka Uwa Sas anu parantos nga guar asal mu asal KUSnet sarenng anggotana kuring jadi terang ngeunaan KUSnet tambih elmu. teu hilap ka sesepuh pasantren Kresek kersana Bapak Buya Hamka anu parantos ngawidian pasantrena di angge acara HBH. sareng ka sadaya wargi KUSnet anu parantos ngarojong kana iyeu acara pamugi sing kenging pahala - ganjaran anu langkung seueur sareng sae ti gusti allah SWT. amien..........  


wassalam:

Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke