Mun bisa disebut apes, nya kuring keur apes meureun. Caritana pendekna kieu:
Sabalikna ti tempat buburuh, ampir jam dalapanan, kuring nyimpang heula ka tukang cukur. Ma'lum, salian ti buuk geus gondrong, pan teu pantes da isukan (poe salasa) rek tepung jeung mahasiswa da kawajiban ngajar geus kudu deui dicumponan sanggeus sababaraha minggu libur ku sabab iedul fitri tea.
Kuring biasa dicukur ka urang Garut. Salian ti niat silih tulungan jeung batur salembur, tukang cukur urang Garut mah nyukurna sok alus alias profesional, tapi murah. Hehe.
Asuk we ka tukang cukur jang Akbar. Sanggeus nanya iraha ti Garut, kuring langsung we menta pang rapihkeun. Dipotong pendek wae, Bar!, ceuk kuring. Mangga, pak!, jawab manehna bari ngaluarkeun peralatana.
Da kusabab pesenan geus jelas, nya gutrut we tukang cukur teh digawe. Alat cukur anu ngaheang teu pati ditolih, diantep we da geus biasa ieuh.
Jang Akbar mun kuring pesen dicukur model kitu, biasana langsung nyokot ukuran anu gede, hartina daya cukurna pang panjangna. Jadi buuk kuring langsung dewol kena eta cukuran. Na........ngadadak......
"bleg....(kumaha ngabahasakeuna, nya!)" lampu pareum. Poek mongkleng, untung alat cukur geus diangkat teu keur dina buuk.
"Aduh, kumaha pak," ceuk si Akbar.
"Wah teu bisa terus digunting?" ceuk kuring.
"Teu karinggal, pak!", ceuk manehna nandeskeun.
"Urang dagoan bae, Bar. Sugan bakal hurung deui". Ceuk kuring.
20 menit geus ninggalkeun kuring duaan. Kesel. Cukuran can beres, lampu can hurung. Ari buuk geus dewol. Ti tadi, otakmah muter, neangan alternative mun tumiba kanyataan panggorengna: lampu teu hurung-hurung!
Pikiran kahiji, kumaha mun make minyak buuk bae. Kadua, teu indit kapagawean ngajar. Tapi anu kadua ieu, mun kuring moal asup atawa diundur, biasana sok mere alesan ka mahasiswa. Mun ayeuna, naon alesana? Pan teu meunang ngabohong...Pan teu payus mun alesana kusabab buuk can beres dicukur da...bla...bla...
Akhirna, kuring milih balik ka imah. Mana geus peuting deuih. Di jalan, pikiran terus muter. Da teu mungkin ka kampus buuk cepak sabeulah. Mana ngajar mimitina jam 7.30. Pan can aya tukang cukur jam 5.30 anu buka didinya mah.
Tepi ka imah, budah nu gede keur muriang. Ditanya kunaon, "rarieut Binda teh", cenah. Enya we, awakna nyebret.
Wah, aya alesan yeuh, gerentes hate. Kuring teu jadi ngajar. Diudur wae. Terus we ngetik SMS. Rencana dikirimkeun subuhna.
Kuring neangan naon bae anu bisa dipake ngubaran budak. Obat panas geus beak, nu sesa kari madu. Nya diinumkeun we ka budak. Tapi angger, can katinggali aya perobahan. Akhirna peuting bagadang, da budak sapeupeuting nyeri-nyerian wae. Mana noroweco siga nu euwah. Karunya matak ge. Lat we poho kana buuk anu cepak sabeulah mah.
Di imah, listrik teu pareum. Teuing kunaon, padahal sakanyaho kuring mah sajalur.
Pamajikan seri ninggali buuk kuring. Kumaha enjing ngajar? Cenah. Duka atuh, bingung!, ceuk kuring.
Isuk-isuk, kuring ka Dokter mawa budak. Saacana, ba'da shalat subuh, kuring geus nga SMS para mahasiswa. Sanggeus dipariksan, lumayan oge bayarana. Dokter teh geus beuki mahal bae, kasakit ngan nyebret oge mani sakitu, gerentes hate. Ah bae, nu penting budak cageur deui lah. Sugan we aya rejeki deui.
Pas balik, jam geus nunjukkeun angka dalapan. Kuring nyimpang heula rek neruskeun dicukur deui. Akhirna kuring dicukur deui tepi ke beres. Alhamdulillah.
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

