II

Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba
jalma utama

Kabiasaan tatapa  Sayidina Muhammad ieu saenyana lain
kabiasaan kaum Ahnaf  mekah mungkul, Sateuacan jeung
saatos Muhammad, sakabeh nabi-nabi bangsa Semit seuweu
Isra-El (yaqub) ge maridamel tatapa nyingkurkeun maneh
ti jalma rea dina sawatara waktu (Bible), diantarana
nu di dongengkeun rada loba dina qur’an nya ngeunaan,
Khidir as,  Sang Kalamulah Musa as, Zakaria as miwah
Sang Rukhullah Isa as. Dedengkot Bangsa - bangsa di
beulahan dunya nu lain ge sarua maridamel tapa
nyingkurkeun maneh, sebut wae nu diantara nu
katuliskeun nyaeta  Sang Sidarta Gautama, Sri Krishna
Sang Kesawa, Sri Rama Wijaya tedak Ayodya, Harjuna
seuweu Kuru, para wali boh nu di arab boh nu di jawa
malah kongas Sultonul auliya Abdul Qadir ti Zaelan mah
nyingkurkeun maneh na ge 25 warsih di tegal keusik
Irak. Malah Suharto ge cenah tatapa heula nyepi dinu
nyingkur di  ‘pertemuan’ dua leuwi memeh jeneng janten
Presiden RI panglamina.

Di sunda khususna, ratusan tahun saatos Sayidina
Muhammad saw midamel tatapa di gua Hira, kabiasaan
mantena the oge ditaluturkeun  kayaning arindit ka
kabuyutan sabaraha waktu, numpi di guha anu, di leuwi
anu, digunung anu balik balik lamun geus waktuna.
Sebut wae diantara nu katuliskeun  Prabu Kean Santang
Sang Hyang Lumajang di gunung lumajang srg di
timbanganten, Pangeran Walangsungsang Sang Bayanullah
di gunung Merapi, jeung Syech Abdul Muhyi nu mokteng
ing Pamijahan di guha safarwadi, jeung Dalem Wiratanu
teureuh Wangsagoparana di leuwi kihiang. Kabiasaan
kitu ditarurutan the diantarana sabab saencan Islam
diagem ku urang sunda kabiasaan tatapa mah geus
lumbrah, matak aya istilah tapa di mandala
(Siksakandang ing karesian). Malah di jaman Pajajaran
ieu tempat - tempat tapa the dijaga di auban ku
Raja/pamarentah kawas katingali dina sababaraha
prasasti. 

Ngan kadieunakeun, kabiasaan tatapa ka tempat nu
nyingkur the geus beuki ngurangan malah ampir kadenge
‘Aheng’ , teu dipikaresep  jeung kapoyok ku kalolobaan
urang sunda komo lamun di adu renyomkeun jeung urusan
sareat. Loba nu nganggap pagawean teu luyu jeung
sareat agama. 

Sanajan kitu, saenyana mah dina sareat agama Islam
kabiasaan tatapa ieu  aya ngan istilahna nu kongas
kasebut I’TIKAF, pan dina harti kecapna ge I’tikaf teh
cicing ngurung maneh di hiji tempat. Itikaf dipigawe
ku cara meresihan jeung nyucikeun hate tina sagala
urusan dunya madep ka Allah swt. Mopohokeun urusan
dunya, batur, dulur jeung saniskara supaya tinggal nu
aya teh Allah swt jeung manehna pribadi (khalwat).
Ngan dina sapopoena Itikaf jadi boga harti nu leuwih
heureut nyatana cicing ibadah di jero masjid. Malah
kecapna ge jadi langsung ngantet  ‘itikaf di masjid’
wae, jeung kalolobaana dipigawe jeung dipadungdengkeun
the lamun bulan Puasa. Kitu deui, dongeng itikaf nu
sering katepikeun teh ngan ngeunaan conto Kangjeng
Nabi nu sok itikaf di masjid di panungtungan ramadan,
nu kitu dianggap sunat  sabab cenah ceuk hadis, ieu
Rasul teh sok midamel malah miwarang ka umatna (HR
Mutafaq ‘alaih). Ditempat  lain mah kayaning nurutan
tatapa Sang Al Amin di guha/ atawa nu nyingkur tara
dihucuhkeun jeung geus dianggap teu perlu atawa
diulahkeun, malah loba nu megat ku omongan nu
nyakompet daunkeun jeung istilah munjung/muja muhit ka
werejit lamun numpi di nu nyingkur.

III
Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ?? 
naha aya keneh tempat singkur dijaman ayeuna?? Kumaha
carana kamana madepna? Naon jampena?? Naon
pacambalanana?? Waaah dongeng baheula eta mah….. naon
gunana ??
 
didugikeun salajengna upami pareng




 
____________________________________________________________________________________
Want to start your own business?
Learn how on Yahoo! Small Business.
http://smallbusiness.yahoo.com/r-index


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke