hmmmmm.... sabenerna, HBH kamari ceuk kuring mah kurang greget. garing. pedah usum halodo kitu ? teu jiga basa di Puncak. Harita mah asa nyaanan HBH teh. keur usum hujan deuih, jadi baseuh, teu garing..
kamari mah asa Keng Deny keur hajatan. "Tamu" nu datang narungtutan. tuluy dalahar. piringna ditunda we dihandapeun korsih. Ngobrol sakeudeungan tuluy permios bari teu ngalieuk2 acan kana kencleng. padahal kotak kencleng geus ditulisan ku kalimah nu rada nyindir : Bade nyumbang ? Moal ? Oh..bade, nuhun atuh... heu heu ... Nu permios 4, nu datang 2 urang, permios deui 2 datang deui 3 urang. kitu jeung kitu we. Padahal dina uleman geus jentre, acara HBH dimimitian jam 11 beurang. Geus meunang nyusun eta teh. Matakna kamari aya nu mosting, ngahanjakalkeun teu disiplina acara jeung nu datang. Ih, puguh enya... Jol deui sarombongan datang pasosore, jol deui peuting, jol deui wayah bubar. loba nu hayang papanggih ahirna mah teu panggih .. Keur mah lolobana jadi tamu. Matakna karunya anu di dapur. Sababaraha kali ngaharewos, nuhunkeun tanaga keur ngangkutan piring kotor ka tempat kukumbah. Tapi memang salah kuring, dina susunan panitia teu aya nu dibere tugas ngangkutan piring kotor. Hampura baraya ... Tina daftar konfirmasi nu rek hadir diitung-itung teu satengah2na acan. Padahal tujuanana ayana konfirmasi teh meh panitia bisa "ngaulaan", nyadiakeun tuangeun atawa nu sejenna, meh teu leuwihan, atawa komo kurang mah. Bisi matak ngerakeun.. Nepi ka bubarna ge dahareun teh loba nyesa. dikotakan tuluy di bahankeun kanu marulang. Kuring mah teu kabagian, da "kabur" tiheula. teu pamit2 acan ka Kang Deni da keur talibra sarare. Susuganan taun engke mah leuwih euyeub, konsep acara leuwih mantep. susuganan.... -ndoell- --- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari acara di HBH mah teu kudu di caritakeun dan loba anu ngadongengkeun > kubatur nya. > > Paling kuringmah rek nganuhunkeun wungkul ka urang Keresek. Ti Buya nepi ka > mang jeung bibi anu pak pik pek 'ngalayanan' anu HBH. > > Oh heueuh, rek sakalian ngomongkeun unek-unek euy. ngan saacana rek menta > dihampura heula bisi aya nu teu tarima. hampura sakali deui. > > Kieu yeuh unek-unek kuring teh: > Cik atuh baraya kahareup mah lamun nyemah ka imah batur, sing tumpa-tumpa, > ceuk basa tea mah "Tau diri dong !". Ulah kena-kena aya anu 'ngalayanan', > sangeunahna wae. Urut barang dahar, piring kotor pasolengkrah, runtahna > pabalatak dimana-mana. > > Na naon hesena miceun runtah kana tempatna, piring kotor tunda di tukang, > sukur-sukur dikumbah kusorangan. Ulah nyusahkeun batur! > > Kuring mah 'nggak enak' euy ka Buya jeung ka kang Deni, komo ka emang jeung > bibi anu beberes ngumbahan piring mah. Era euy, era pisan. > > Hajatan kamari teh hajatan Kusnet, kuduna urang (baraya Kusnet) anu > ngagawean sagalana. Naha jadi batur anu sibuk. Anu datang mah asa jadi menak > wae nya, asa di karyakeun, kantun sumping, teras barang tuang, ari tilasna, > runtahna pabalatak, piring kotor pasolengkrah. > > ERA ATUH EUY! > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

