muhun.

ke aya nu kalangkunk, aki kuncen tea, oge nembongkeun umbul2 panjang nu
aya cap Ciung Wanara cenah. aya gambar siluet (gbr model kalangkang) manuk
ciung. ari wanara (monyet atawa nu khas jabar mah surili) mah teu aya.

tangtuna eta umbul2 teh sanes ti zaman Ciung Wanara (Sang Manarah, putrana
Permana di Kusumah, Galuh Karang Kamulyan, bojong Ciamis). sabab jamanna 
beh ditu pisan. sateuacan perang Bubat Prabu Linggabuana Diah Pitaloka,
sateucan jaman Wastukancana Galuh Kawali. bahan umbul2 tina kaen biasa oge
dijait (siga ku mesin jait). cek emutan saheulaanan, bisa jadi umbul2
jaman Hisbullah jsb, basa awal2 perang kamerdekaan (hisbullah jsb, cikal
bakal BKR, badan keamanan rakyat, terus TKR terusna TNI tea.

peta kuno
peta eta dina kaen kuleuheu da tara diseuseuh (sigana mangsi bin tintana
bilih luntur ufami diseuseuh). ongkoh kuncen nganggaf eta barang teh
siganu sakral. maxlum kuncen teh kolot baheula.

ari modelna petana mah siga peta2 kenging walanda kapungkurs nu
ngagambarkeun batavia tea. aya gambar gunung sareng walungan. aya seratan
ku aksara sunda. duka sunda hanatjaraka duka sunda ngalagena kawali.

perkawis tiasa henteu mah duka tah teu naroskeun kamari teh. da ongkoh
ditoelan bae ku jin keresek. sigana dina kacina dipotokopi, kedah
opat-genep dua kali da lebar panzang.

gambar walungan satatar sunda digambar lengkep dijajarkeun, aya nu misah.
gunung di tengah peta, Cikuray saur kuncen. sisi luhur handap aya gambar
siga sisik lauk. katebak eta mah, laut.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> Foto kelompok Hadro oge aya Mang, di gigireun na. Langkung ageung.
> Peta teh tiasa dicopy teu? atawa angger kedah dina kaen?
>
> baktos,
> ika
>
>
> mj
>
> http://geocities. com/mangjamal
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke