Paraji, nu nulungan ngalahirkeun, samemeh aya bidan di lembur-lembur. Cenah Ema (indung kuring) ngalahirkeun kuring, dibantuan ku paraji. Paraji sok jajampean. Jampe pas pisan lamun orok rek kaluar, unina jiga kieu:
Sangiang Sangandangan, Sangiang Sangender, Upik ulah rek sinigawe ka urang manusa, manusa madia-pada aing weruh ngaran sia, Nyi Gotru, Nyi Buludru, Nyi Dangdang Saerang, Sang Suing Kaleandap, bek mati sang Kunti-Anak, Hurip ku Sang Anak-Anak, Si Lunggupung ngaran Indung, Ki Daleungdang ngaran bapa, anta maja anta guna, babu dayang sabrang kulon Hartina kurang leuwih kieu : Sangiang Sangandang, sangiang sangender, Upik ulah nyieun kajahatan ka manusa, manusa nu hirup di alam nyata, kuring nyaho aran maneh, Nyi Gotru, Nyi Buludru, Nyi Dangdang Saerang, Sang Suing Kaleandap, modar maneh kuntianak, ku kasajatian hirup barudak, Lunggupung aran Indung, jeung daleungdang aran bapa. Kulantaran maneh pait, tapi aya gunana, para dayang kabeh indit. [Tina Buku Teologi Kebatinan Sunda, karangan Abdul Razak] Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

