ngemeng-ngemeng ngeunaan ngabanding2, kuring sok ras kana paguneman sapopoe
jeung babaturan nu boga kasang tukang bangsa nu rupa2 (maksud teh bangsa
batak, bangsa bugis, bangsa bali, jsb, heuheu).
Aya babaturan awewe urang batak, salakina ge urang batak. Eta ewe-salaki teh
geus lila kawin, tapi can wae boga budak. si pamajikan bingung jeung
hemar-hemir, sabab cenah ilaharna mun kajadian kitu, pihak kulawarga lalaki
sok mangneangankeun awewe sejen, susu ganan ti nu sejen mah bisa boga budak.
Masih ngeunaan urang batak, najan geus boga budak ge can tangtu tengtrem,
iwal mun geus boga budak lalaki. Mun anakna awewe, bisa 'hajar deui, hajar
deui'! Heuheu... Sababna, nya sarua jeung nu di luhur, pikeun neruskeun
marga (biologi pisan ieu teh sabenerna mah, sabab kailaharan sasatoan cenah
kitu, kudu bisa anakan pikeun 'ngajamin' nerusna kahirupan bangsana). Tapi,
ketang, kitu soteh, meureun, ceuk nu pikiranana 'kolot'.

Kumaha ari urang Sunda?

On 11/15/06, hadi darajat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Lamun di Batak aya :
- Sitorus
- Siregar
- Sianipar
- Sianturi
- Simanungkalit
jeung sajabana...

Lamun di Sunda aya :
- Siborokokok
- Sibelegug
- Sinurustunjung
- Siontohod

Kirim email ke