Geus Cageur.
Ngarana Mang Engkos dulur kuring ti pamajikan, dumukna di Selakaso Tasikmalaya. Etamah Mang Engkos ari heureuy da sok tara euleum-euleum, naon wae sok diheureuykeun atawa saha wae sok diheureuyan, nya urang sebut we si gede heureuy. Hiji mangsa manehna datang ka imah kuring, "Kumaha euy calageur..?" Tanya Mang Engkos "Alhamdulillah hibar.." cekang "Naha sinarieun nanya cageur heunteuna?" cekeng panasaran "Ah..bisi we keur gering..tapi syukur we ari cageur mah" tembal Mang Engkos "Kapanan ayeuna mah loba jalma anu geus cageur" "Ari kitu maksudna kumaha, mang" Tanya kuring panasaran "Ke geura urang Tanya, tuh aya tukang buah" tembal Mang Engkos bari nunjuk tukang buah anu keur nyunyurung roda bungbuahan. Enya we si Emang Tukang Buah anu gendut-gendut rada bodas aya keur cocorowokan."buah.buah..yeuhhh.!!" "Mang.buah.." Corowok mang Engkos "Mangga..Pak tah..aya Pak Harum Manis..pedo ieu mah pak, haransi lah.." tawar tukang buah teu euleum-euleum. "Mang Aya buah anu raranggeuyan..?" Tanya Mang Engkos "Nu raranggeuyan kumaha ..?" Tanya tukang buah bangun nu bingung "Enya buah anu raranggeuyan." tembal mang Engkos "Har teu aya atuh pak buah anu raranggeuyan mah, anu raranggeuyan mah atuh sanes buah, tapi anggur.!" tembal tukang buah bari seuri "Alhamdulillah atuh ari geus cageur mah" tembal Mang Engkos bari seuri "Kuring bati seuri leutik.bari tuluy ngaleos teu kuat hayang seuri. Ari si Emang Tukang Buah.ngahuleng bari cugap-cagap kana tarang. "Har da abdi mah teu tas gering Pak." Tembal Tukang Buah "Beuli atuh Mang Engkos buah raranggeuyan teh.!" Corowok kuring ti tukang bari ngehkey seuri. Mang Engkos-Mang Engkos heureuy teh kamaliaan. Ditulis ku Kebo Hideung -Tasikmalaya #2006

