Baraya, peuting mah di TV7, aya wawancara jeng Ki Gendeng Pamungkas di imahmanehna di Bogor. Manehna ngomong rek neluh Bush, sagala rupana geus disiapkan jang acara sajen pikeun neluh Bush teh.. Jeung si Bush tinggal di Bogor moal leuwih ti 1 jam... Duka tah..tingali weee.... :D
----- Original Message ---- From: Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, November 17, 2006 5:45:47 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana - emas He he he .... ceuk cenah baheula teh tembagapura tambang tembaga ... puguh we nu dilaporkeun harita emasna eh tembagana, ayeuna rada mending tos dilaporkeun oge yen aya emas ... UI antek Amerika ? duka atuh ... nu terang mah aya mafia Berkeley tea, duka antek saha .. Pengeboran gas di Natuna ? ah tebih ka darat, moal aya nu protes ... moal rame siga di Cepu, da masarakatna tos di-CBD keun ku Exxon .. he .. he.. he... Amrik keuheul ka Iran tur Korut, ngan teu gaduh cicis .. tilas mayar perang ka Irak oge teu acan punah siganamah ... Rek menta bantuan duit ka Jepun (da puguh jepun mah saeutik tangtarana), sigana jepun moal daek, naon sababna ? listrik di jepun tina PLTN, uraniumna ti iran, mun jepun mantuan amrik, terus iran embung ngirim uranium ... wah bisa pareum listrik unggal poe ... Mantuan Amrik ke nyerang Korut oge moal daek, sabab mun rudal Korut nyasar, nepi ka Jepun, beu cilaka dua welas .... Menta tangtara ka Cina atawa ka Korsel, pasti bakal rada olo-olo, menta bayaran nu mahal .... nu murah nya ka nusantara, pan sakedap deui bakal aya UU wajib militer, saha nu bakal dikirim ? nu wajib militer tea, da tangtara ayeuna tangtara kanggo pamarentahan sanes tangtara kanggo perang ... kitu manawi baktos budhi kurono kopo 241 On 11/16/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 3.4 juta ounce emas = 105.751.800 gram x Rp 180.000/gram = Rp 19.035.324.000. 000 ari tembaga sabarahanya hargana???? pajak 11 trilliun, candak wae 10% - jadi penghasilan kotor sekitar Rp 110.000.000. 000.000.000 (anu katingal/dilaporkeu n) eh, bener teu yeuh itunganna ----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Thursday, November 16, 2006 2:58 PM Subject: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana Kakarek ge ngabantah eusi pidato "pidato presiden Bush menjelang kedatangannya ke Indonesia", tadi isuk di UI kuring ngahadiran acara "Presentasi Sosialisasi PT Freeport Indonesia (FI)", salah sahiji pausahaan Amerika anu ngokolakeun tambang tembaga, emas, jeung perak di Papua, dianggap tambang anu panggedena sadunya. Aya sababaraha informasi penting. Diantarana, geuningan loba oge lulusan UI anu gawe di pausahaan eta, anu jadi presiden direktur, akunting, ahli hukum, korporat sekertaris, tehnisi, jrrd (naha ieu teh hiji tanda, UI jadi antekna Amerika?). Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31 Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%) pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha gedena gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing leuwih punjul batan jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi, berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa asing). Atuh dina perkara setoran pajak, taun 2005 PT FI nyetor ka pamarentah Indonesia Rp 11 Triliun (U$ 1,2 milyar). Pajakna wae sakitu gedena, komo deui panghasilan kotorna. Sabab taun 2005 PT FI ngahasilkeun 1,7 milyar pounds tambaga jeung 3,4 juta ounces emas, mangrupa konsentrat. Atuh perkara ngokolakeun taun 1991 (jaman Orde Baru) Kontrak Karya kadua kalaur, dimana PT FI dibere kawenangan pikeun neruskeun pausahaanana salila 30 taun deui. Ngobrol jeung salah saurang wakil Dekan, cenah mah can tangtu presiden Bush, "mendarat" di Bogor, sabab aya sababaraha skenario tempat pertemuan salin di Bogor. Beja ieu the ceuk tukang motong jukut Istana Bogor. Tukang jukut, meunang informasi waktu rame-rame keur ngawangun helipad, tempat "eunteupna papatong Bush". Lamun ngadeukeutan poe "H" kota bogor teu aman, pasamoan bisa wae dipindah ka jakarta atawa Bali. Jadi Bogor beuki rame ku anu demo teh, bisa dijadikeun alesan pikeun mindahkeun acara pasamoan (=pertemuan) . Aya naon Bush ngahaja nganjang ka Indonesia, sok sanajan ngan 6 jam? Tah, ceuk salah sahiji dosen anu oge analis politik, saenyana Bush rek menta jaminan ka SBY, perkara, pengeboran di lepas pantai Natuna, Exxon mobil jeung menta jaminan supaya Dirut PT Newmont (si Ness tea), anu jadi tersangka dituduh "mencemarkan lingkungan", aman atawa diringankeun tina tuntutan hukum. ( bandungan wae, engke sabada pertemuan, Sby atawa Bush, ngaluarkeun pernyataan naon). Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19 rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia, nagara jadi ajeg/mandiri. Jadi pilih nu mana atuh? Baktos, mrachmatrawyani ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Sponsored Link Mortgage rates near 39yr lows. $420k for $1,399/mo. Calculate new payment! www.LowerMyBills. com/lre __________ NOD32 1868 (20061115) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset. com -- budhi at urang-sunda dot or dot id

