Assalamu'alaikum Wr Wb
 Kang Agus BW, nya kitu kau sanes oge.. kum we kanu ngabandungan iyeu 
padungdengan...sakumaha kasauran kang Agus BW di handap iyeu, si uing hayang 
miluan deui mairan ceuk sakanyaho sikuring...
Kang Agus BW nyerat kieu

 Tah kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina ngaHukuman cep "Wirabuana" boh ayeuna 
anu keur hirup keneh, atawa engke geus maotna?.
  
  *cep "Wirabuana" Paehan we kabeh da Kafir ieuh salilana tur bakal ngaruksak 
ka Urang, Nini-Akina, Buyut,Jangawareng jtly oge merangan ka Kanjeng 
Nabi+Muslimiin, Kitab na oge geus di sampurnakeun ku Al-Qur'an dina Bahasa Arab,

Salah pisan beu' upami wirabuana di hukuman kitu naon sababna... sok sanajan 
saha wae anu kafir, salami ncan kaasup kasfir harbi mah.. haram dipaehan, 
bujeng2 dipaehan di rogahala oge teumengan.. 

naon ari kafir harbi nye kafir anu ngamusuhan ka islam, anu sok nyerangka islam 
anu sok ngarogahala islam.. iyeu kafir harbi , ari anu babarengan sauyunan jeng 
islam mah teu kaasup kafir harbi.. kitu mangga anu langkung uningan jelaskeun 
deui.. upami teu lepat mah dina aya suci lenyepanan kafir teh aya 7 tah tina 7 
eta nu  mah ti jero islam keneh... keun isuka pageto urang pedar ku si uing...

  *Salila cep "Wirabuana" teu ngaleupaskeun  "Cangkang" (Kitab Suci Zabur, 
Tauret,Injil- na) Kafir.
  *Jadi euweuh untungna cep "Wirabuana" lamun teu nyekel "Cangkang" Al-Qur'an 
mah, ku Alloh di dunya Disiksa komo di Akherat (tetep Kafirna), sanajan pinter 
Ilmu Alam oge.
tah tah iyeu oge anggapan anu kirang sae. sakanyaho si uing mah kieu.. naha 
make sareng ngitung untun rugi upami kitu mah.. sareng deui Alloh mah tara 
nyiksa jelema namun jelama eta keneh anu nyiksa dirina.



  *cep "Wirabuana" Moal menang pituduh Alloh pikeun Iman ka Alloh, da lain 
"Cangkang" Al-Qur'an Kitab Sucina, Amal Kaalusanna moal ditarima ku Alloh, da 
Teu Iman ka Alloh, teu Iman kana "Cangkang" Al-Qur'an, teu Iman ka Muhammad 
salaku Nabi panutup
tah iyeu oge kirang paos deui wa nyariosna... naha make apal moal kengen 
pituduh.. pan nu baris kengen pituduh teh sanes jalmi nu tos ngagem islam atawa 
tos tobat.. justru jalmi2 anu tebih tina laku lampah kangjeng rosul anu ti 
wengku ku wengkuan al-qur'an anu baris kengen pituduh mah.. ulah sok awon 
sangki kapangeran ah kirang sae....
  *"Cangkang" Da turunan ti kulawarga Yahudi/Nasrani/ Sabiin anu Kafir 
tidituna, kafir we tuluy, paling oge turunannana jang Minuhan Seuneu Naraka. 
keun we hasil Teknologi Internetnamah pake wae, manfaatkeun ku Urang.
  tah tah.. asa kalah beki ngabalang bentor iyeu teh... sok sanajan tidituna 
sanes muslim namun saha nu terang hiji waktos mah pan mung alloh wungkul anu 
uningan naon2 anu baris karandapan isuk jaganing geto..
tah.. masalah manfaat teknologi teu tiasa di ilikan tina kafir atawa hanteuna.. 
da' perkawis kafir sareng hanteu mah urusanan mu'amalah sana amaliah.. enya 
urusan nana keur urusan kahirupan urang di alam pawenangan ari masalah kafir 
jeng hante nya eta mah ursan aqidah tea.. bujeng2 ning anu gumelar ti rahim m 
yahudi atawa nasoro sok sanos ti urang mu'min oge ncan tangtos teu kafir.. saur 
abdi diluhur nyutat tina "tarjamahan aya suci lenyepatanan juz ka hiji" nya 
dina eta tafsir di jelasken wirehing anu kaasup kafir teh.. hiji tinu sanes 
mulim anu 6 mah ti urang muslim keneh...
  mangga tah kumaha saur "cangkang" Al-Qur'an+Akhlaq Nabi ningal ngaHukuman ka 
eta cep "Wirabuana" teh boh ayeuna keur hirup keneh didunya atawa Hukuman engke 
di akherat?.
ceuk abdi hukumna nu kitu mah salami ncan ngadanug jeng teu apal ajaran islam 
anu saenyan nya moal naon2, malih saha nu terang malah cep wirabuana anu ahli 
surga.. namun saupami tos nami ajarain islam manehna kekeh kana kayakinan eta 
mah disebutna amaluna amalukum tea.. kawajiban urang anu mu'min nya ngabejaan 
ajaran islam anu gembleng ka dulu2 urang.. boh nu non musmlim teruama anu 
muslim KTP mah kedah teras di wejang ilmu2 agami kunu tiasa nya nu ahli 
panginten nu kasebat usatad, kiyai, ulama jeng rearea deui

janten nu penting tina hasil gunem carut iyeu keur urang aya sababar hikmah nu 
tiasa di candak, (ceuk panemu simkurng)
1. urang tiasa uningan yen islam teh aya sababara kayakinin sapertos suni jeng 
syah oge nu sanesna..
2. pluralisme teh peryogi salami iyeu keur urusan kaduniaan sanes kanggo urusan 
aqidah
3. hiji jalami teu kengen awon sangki ka pangeran anu sakit rohman tur rohim
4. yeuh gening wargi kusnet teh.. sanes tukang nenjo ustad pidato namun gening 
seueur anu ahli kana widang agama
5. usul iyeu mah.. kumaha upami urang wargi kusnet ngumpulkeun biodada  pribadi 
kaasup kaahlian dina widang agama sareng darigama

sakitu ti simkuring mugi2 sing ulah ngajantenkeun rahet manah kanu ngaos

salam baktos
Al Fakir Abu Hafizh
Agus Pakusarakan



---------------------------------------------------------------------- 
AGUS PAKUSARAKAN 
02193264068, 08128377662 
http://www.hr-uwj.com  
---------------------------------------------------------------------- 
http://aguspakusarakan.blogspot.com/ 
http://geocities.com/prabu_siliwangi 
http://geocities.com/lodaya_9 
http://azzoman.indonetwork.co.id/  
http://siliwangi.blogs.friendster.com 
http://inkas.wordpress.com
 
---------------------------------
Sponsored Link

   Degrees for working adults in as fast as 1 year. Bachelors, Masters, 
Associates. Top schools

Kirim email ke