Hehehe... nya eta kang... di uarng mah kitu ari geus rame.. karek malikir... hoyong katanggar... asa pang akangna ... mun jempling mah ngahephep weh....tibra... duit gaji menang tuluy.... mikiran rakyat mah engke we deui...
_____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Teja Sent: Friday, November 17, 2006 2:56 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: sakadang bush bade ka indonesia > bush, go to hell siah maneh! Maca koran Media Indonesia kamari, kabeh fraksi DPRD Bogor kajaba FPD nolak datangna agan Bush cenah (Harr.. timarana wae, Boss? ). Kuring ngabayangkeun, eta si Jos Bus teh nyungkun. "Nya atuh ari ulah mah teu nanaon, keun kami mah rek ka Bali we. Lumayan, aya sesa voucher urut mang Thaksin,"ceuk si Bush bari gegetret. Jadi inget dongeng babaturan di Garut. Ngahajakeun ngirim sangu jeung opor hayam tapi bari murukusunu. "Bebengok dulur ti kota rek nganjang. Hanas boga hayam ukur hiji- hijina ge dipeuncit kabeh. Pek teh bedo. Si kasebelan. Kop tah asaan. Itung-itung hajat meleg we. Hajatna jang didinya, melegna keur si atah adol." "Embung ah, di dieu mah tara ngadahar pamere ti nu nyungkun," ceng teh bari nampanan terus cacamuilan. +++ Ukur hayam hiji bisa jadi matak. Matak kaseglong ceuk urang Tarogong tea mah. Komo ieu, geus nyieun helipad, geus ngaruksak kebon raya jrrd. Mangkaning ceuk beja mah cenah bahrutengna teh sakitu miliyar. Kateuteuari dibedokeun oge. Benerna mah lamun dek nolak, tolak sing saklek ti anggalna. Mun teu kitu, tarimakeun we ngaranna tatangga nganjang piraku disieuh-sieuh. Ngan, kumaha we ilaharna kasemahan. Teu kudu bebeakan, komo meakkeun bin megatkeun pakasaban rahayat leutik mah. Ah, teuing ketang. Boro2 uing anu bodo, anggahota dewan yang terhurmat oge karak sadar ayeuna. hatur nuhun, teja >>bush ka kolong bapa satar buleneng IMPORTANT NOTICE: The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or other defect that might affect any computer system into which it is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

