reseup...reseup... keun weh ngabahas sagalarupi oge, pak kuncen... asal nganggo bahasa sunda... da hubungan namina manusa mah kedah aya /komunikasi verbal/ salah sawiosna... hartosna verbal urang tos disundakeun, sanaos nyarioskeun agami, budaya, seni, ilmu pengetahuan, jsjb. hartosna sunda tos "ngadeg" dina widang2 eta.
nambih deui...mudah2an teu panjang teuing...da jigana mah simple... ari intina mah... sim kuring asa teu meundakan oge dina qur'an yen agami anu, anu, anu divonis lebet naraka. Kecuali saur kang oman tadi, jalmi2 nu tos ditangtoskeun. hartosna sanes agamina nu janten "objek" naraka teh, tapi jalmi2na. tah...ieu kedah tiasa ngabenteunkeun...jalmina....agamina... beut ka jalmina oge urang teu tiasa masihan "cap" kafir... talungtik heula maksad kafir naon??... pami teu lepat mah...ingkar nyak?... ayeuna uihkeun deui...urang sok ingkar tara?... sim kuring mah bade ngacung weh...(bilih aya anu bade nyauran kafir mangga...KTP, prak2an ritual mah ISLAM...tapi saestuna mah jauh keneh kana islam komo kaislamanana) tah...sim kuring oge osok ingkar mah...boh dina patekadan, ucapan, oge lalampahan... ingkar tina nilai2 kasaean jeung nilai2 anu benar...otomatis anu aya sadaya di alam dunya nilai2 kasaean oge nilai2 anu bener eta anu Allah...janten sadayana nilai2 kasaean sareng nilai2 anu bener eta ti Allah...pan anu Allah...mutlak. tah...saur sim kuring mah...kumargi kitu tekad...ucap....lampah oge kedah Tauhid, hartosna sadaya ku utek usikna gerakna mung sakeudahna ka Allah... pami teu kitu eta tiasa kasebat ingkar...nya sateu acan "ngafirkeun" batur...sim kuring mah bade ngafirkeun heula nyalira weh...da ngafirkeun batur mah....aduuuuhhh...beurat... dina syareat oge dina hadisna...tetela manehna oge anu baris ditempatkeun dina posisi eta di akherat teh... ieu kedah dicadukeun ku urang sadaya...cadu....cadu...cadu...cadu...du...du...du...du... janten... lur sadaya.... mugi2 urang sing ditebihkeun sadayana di ieu babakan kana kakafiran...komo jaga dina poe akhir urang di alam ikhtiar ieu...sing panceg...ulah ingkar ku pangajak syetan...ulah ingkar kupoekna hate...ulah ingkar ku numpukna sifat sareng tabeat awon anu baris ngaabotan pancegna urang ka ANU tos "Ngadeg" awalu wal akhiru di diri urang... sakitu weh...ngadugikeun perkawis kafir wungkul... mangga atuh geura pilarian sareng dungdengkeun Paman jungjunan Baginda Rasul SAW teh leureus anu tos disebatkeun tadi?...ngenaan hartos anu jembar tina kecap kafir tadi. mana teuing baginda sedihna...aya salah sawios umatna, anu padahal mah ku mantena dipika deudeuh dipikaasih dipikaemut...umatiii...umatiiii...umatiiii....(saurna....sateu acan mulih...) tega nyauran mang mantena kafir...woooowww.... ongkoh hoyong disyafaatan engkin...komo mun teu tiasa nyafaatan (nulungan) nyalira mah... hoyong salamet mah...kedah tah kenging syafaat ti Baginda teh... mun heunteu...duka bade kamana atuh... ati...ati...ati...ati.. da asa kumaha ... mun heug aya nu nyebutkeun mang urang nyalira kafir... padahal urang belaaaa pisan ka jalmi nu nyebat kafir ka mang urang eta.... wilujeung... aji rasa...aji rasa...aji rasa.... hatur salam, JA. oman abdurahman wrote: > Wa'alaikum salam, > > Mairan sakedik Kang. > > Abu Thalib tos ditetepkeun asup ka naraka? Saur saha nya eta teh? Da > asana mah surga jeung naraka mah sampeureun engke, can dibukakeun > ayeuna, kajaba anu nyebutkeun generikna wae saha-saha calon > pangeusina, tapi teu nyebutkeun aran jelemana (kajaba sababaraha tokoh > anu jelas-jelas ditataan dina Al Qur'an). > > Upama aya dalilna ceuk hadist, nya apan hadist mah kaputusanana henteu > qot'i. Komo upama eta hadist teh diriwayatkeun ku anu karek asup Islam > dina abad ka 4 Hijriyah alias dina periode Madinah. > > Hadist ngeunaan kafir (jeung abus ka naraka)-na Abu Thalib) masih > ngabuka pikeun dipaluruh leuwih jero ku sabab sababaraha alesan. Anu > kahiji, Al Qur'an netelakeun yen anu mu'min jeung anu mumin deui teh > eta duduluran jeung silih tululngan. Moal mungkin hiji Mu'min narima > duduluran dina ngabela agama Alloh ti anu lain mu'min (jeung satemenna > oge, anu lain mu'min moal duduluran jeung moal nulungan ka anu > mu'min). Leuwih moal mungkin deui anu ngalakukeun peta kitu teh > Rosululloh saw salaku pimpinan atawa panghulu jalmi-jalmi anu ariman. > Sabab, upama kajadianana kitu, hartina Rosul teh teu ta'at kana Al > Qur'an. Padahala urang terang pisan, yen Rosul saw teh pangta'atna > kana eusi Al Qur'an (apan Qur'an anu leumpang tea anjeunna teh). > > Lamun ceuk Al Qur'an anu mu'min jeung anu mu'min deui teh duduluran > jeung silih tulungan (jeung memang saenyana aya ayat Al Qur'an anu > eusina sarupa kitu), tangtuna oge anu dijadikeun dulur (dina agama) ku > anu mu'min teh nya anu mu'min deui. Komo deui Rosul saw. Tangtuna anu > dijadikeun dulur jeung batur pakumaha ku anjeunna teh nya anu mu'min > deui. Kulantaran Nabi ngajadikeun Abu Tholib salaku walina, anu > "nulunganana" (dina harti syare'at di dunya) sanggeus akina Abdul > Mutholib ngantunkeun, kacindekanana, Abu Tholib teh mu'min. > > Kukituna, anu nuturkeun katerangan yen Abu Thalib kafir teh bisa > kaasup kana kategori-kategori kamungkinan sarupa kieu: Kamungkinan > kahiji, teu acan terang yen aya argumen-argumen anu kuat tina Al > Qur'an anu implikasina Abu Thalib teh mu'min. Kamungkinan kadua, geus > paham yen saenyana mah Abu Tholib leuwih pantes kaasup mu'min ngan > leuwih ngaheulakeun hadist (tinimbang Al Qur'an). Kamungkinan katilu, > nuturkeun kuma ramena pamadegan anu aya di kalangan muslim. > > Alesan kadua, patali jeung hadist, jentrena, kritik historis kana > hadist. Urang terang, anu ngariwayatkeun Abu Tholib teu iman teh hiji > perawi hadist anu mashur (di kalangan madzhab tinangtu--tapi teu > ditarima hadist2na di kalangan madzhab beulah ditu), anu lebet Islamna > di abad ka-5 H, hartina: sakurang-kurangna 5 taun saparantos periode > Mekah. Hal ieu ngandung implikasi yen satemenna gede kamungkinan > inyana teu kungsi apal atawa papanggih jeung Abu Tholib sabab Abu > Tholib mah teu kungsi hijrah. Malah gede kamungkinan, inyana oge teu > kungsi papanggih jeung Rosululloh saw nalika anjeunna, Rosul saw keur > aya di Mekah samemeh periode hijrah. Ngandung harti, gede kamungkinan > anu ngarawikeun ieu hadis kafirna Abu Tholib teh saenyana teu nampi > (atawa sakurang-kurangna teu nampi langsung) eta warta langsung ti > Rosulullloh saw. > > Dina elmu hadist, perkara kumaha carana hiji perwai tingkat kahiji > (jalmi kahiji anu ngarawikeun eta hadist) kacida pentingna. Sabab hal > eta baris nangtukeun tingkat kasohihan hiji hadist. Dina bab hadist > hal ieu jadi guaran cabang elmu hadist, anu kamashur ku istilah "kaefa > as sima' al hadist" (kumaha carana ngadangukeun hiji hadist). Contona, > hiji hadist anu teks kalimatna "roaitu Rosululloh saw" (anu hartina > kuring ningal Rosul) kacida beda ajenna jeung uni hadist anu kalimah > awalna "sami'tu Rosulloha annahu qol...jst" (anu hartina, kuring > ngareungeu yen Rosul saw ngadawuh...jst). Komo upama dibandingkeun > jeung hadist anu unina kieu mah: "roaitu 'an (nami sahabat) 'an (nami > sahabat deui nu sanesna)" darajatna jauh pisan. Sabab teks hadist anu > akhir nuduhkeun yen anu disebut perawi tingkat kahiji teh sabenerna > inyana oge ngan ukur ngadangu ti sahabat anu sahabat anu > didangukeunana oge ngadangu deui ti sahabtna...jst. Cindekna, teks > hadist nangtukeun kana darajat eusi (baca: implikasi hadist). Analisid > eusi teks sarupa kieu jaman ayeuna geus jadi bahan guaran sapopoe > widang komunikasi. > > Kusabab kitu, mangga ayeuna parios hadist-hadist anu netelakeun yen > Abu Tholib teh kafir. Naha unina eta hadist teh ngagambarkeun yen anu > ngariwayatkeun eta hadist teh nyaksian (ningali) langsung yen Abu > Tholib teh teu iman? Atawa ngan ukur beja ti Rosul saw? atawa beja ti > sahabat? atawa beja ti sahabat ti sahabatna deui?...jst. Upama eta uni > hadist netelakeun yen anu ngarawikeun tingkat kahiji teh nyaksian yen > Abu Tholib teu iman, hal eta pasalia jeung kanyataan yen inyana anu > ngarawikeun eta hadist teh teu kungsi papanggih jeung Abu Tholib (rek > papanggih kumaha, lebet Islamna oge dina abad ka 5 Hijriah). > > Upama uni eta hadist teh nuduhkeun yen perawi (tingkat kahiji)-na tina > eta hadist ngadangu (meunangkeun) eta hadist ti anu sanes aya > patarosan anu langsung ngarongheap: "Kunaon teu aya perawi (tingkat > kahiji) anu sanes anu ngariwayatkeun eta hadist?" (khususna, para > sahabat ageung anu ti kawit munggaran dina periode Mekah teras-terasan > sasarengan Nabi saw). Naha aranjeunna (anu tangtuna nyaksian Abu > Tholib nalika masih aya di kieuna oge nyaksian kumaha karaketan > hubunganana sareng Rosul saw) teu aya "kepentingan" ngariwayatkeun > hadist Abu Tholib kafir? Naha nya leuwih keneh aya "kapentingan" ti > anu nembe lebet Islam dina abad ka 5 H tinimbang anu pagilinggisik > sareng Abu Tholib (sareng kanjeng Nabi saw dina periode Mekah)?. > > Alesan katilu, leuwih nyoko kana sawangan (analisis) politis + > strategis para pejuang Islam dina periode awal di Mekah. Urang sadaya > terang, ageungna Islam teh teu sakaligus alias tahapan demi tahapan. > Rosululloh saw paham pisan kana kakuatan awal kaum muslimin + > mu'minin. Dina periode Mekah. tiasa disebatkeun, Rosul saw langkung > seueur ngelehan. Aya katerangan riwayat kajadian (anu diabadikeun dina > Al Qur'an jeung jadi argumen hiji mdzhab ngeunaan meunangna umat Islam > nyumputkeun kaimanan - dina periode tinangtu) anu ngajelaskeun yen > Rosul saw ngijinkeun hiji sahabatna ngucapkeun kalimah anu nyugemakeun > kaum kafir jahiliyyah (hartina: nyumputkeun kaimanan), kasus Ammar bin > Yasir anu harita keur disiksa ku Abu Jahal. Eta teh kajadian dina > periode Mekah. Pon kitu deui, diplomasi Nabi saw ka Thoif jeung ka > Habsi oge aya dina periode Nabi saw mayunan ummatna anu teu acan > ageung/gaduh kakuatan pikeun ngalawan kaum kafir Jahiliyah harita. > > Dina kaayan Nabi saw masih tahap awal da'wah, dikantun ku akina anu > salami ieu jadi pelindungna, oge dikantun ku Siti Khadijah as isteri > satiana, bayangkeun upama Nabi saw oge walina (pangganti Abdul > Mutholib, nyatana pamanna, Abu Tholib) teu ngatur strategi. Maksudna, > teu nyieun taktik strategi anu tujuanana nyalametkeun agama anu karek > dida'wahkeun. Apan urang terang waktu harita nepi ka hijrahna kangjeng > Nabi saw ka Madinah anu ngabeberik Nabi saw (+kaum mu'minin/muslimin) > wuwuh tambah ningkat. Ku cara henteu nembrakkeun kaimanan, Abu Tholib > anu tangtuna oge aya dina pangaweruh Nabi saw, eta geus nyieun hiji > strategi anu unggul. > > Kumaha anjeunna salaku pamimpin Quraisy oge sakaligus paman jeung wali > Nabi saw "maenkeun" strategi + politik anu pas dina kaaayan Islam anu > karek dida'wahkeun, ceuk kuring, eta hiji alesan kunaon Abu Tholib teu > nembrakkeun kaimanana. Ku cara kitu, nya Alhamdulillah, jadi manfaat > keur balarea. Anapon eta, Abu Tholib jadi..."korban", eta mah biasa. > Apan ceuk babasan oge, mindengna ngan ukur korban anu bakorban teh. > > ------------------- > Baraya sadaya. Hapunten sim kuring rada kapapanjangan ngaguar bab > "...anu kafir" . Teu aya sanes ukur keur nandeskeun hiji talatah yen > urang ulah gampang ngafirkeun nu sejen (komo bari jeung geus mastikeun > asup ka naraka sagala mah). Anapon eta cenah aya hadistna, atuh da > hadist mah kadar hukumna masih can qot'i (can final), teu siga Al > Qur'an. Hadist mah samemeh dijadikeun hukum teh kudu bener-bener > dipastikeun yen eusina teu pasalia jeung Al Qur'an (lulus matan), > kaduana aspek perawina tea (rijalna kapercaya, jst), terus aspek > sanadna (nyambung, jst), leuwih hade deui lulus tina kritik historis. > > Teu gampang ngafirkeun nu sejen eta gede kacida relevansina jeung > kaayaan jaman ayeuna. Islam teh teu sarua datangna ka satiap manusa. > Sabagean jelema mungki narima informasi Islam anu geus keuna ku > distorsi. Sabagean deui ukur narima informasi Islam ti hiji saluran. > Sawarehna deui manggihan Islam teh ukur tina fakta-fakta anu, > hanjakalna, ukur fakta-fakta anu goreng anu katarima ku inyana. > Padahal, laku hade dina Islam loba anu universal atawa aya dina agama > atawa budaya naon wae oge. Padahal satiap jelema geus dibekelan ku > akal jeung qolbu oge elmu pikeun nepi ka Pangeranana (iman) oge pikeu > ngagerakeun dirina dina amal anu hade. Asana, leuwih bijaksana keneh > teu ngahukuman kafir ka saha wae heula - sabab ngahukuman eta mah hak > Pangeran - tinimbang gagancangan nyieun vonis ka nu sejen. Asana, ku > cara kitu, da'wah Islam baris meunangkeun jalan anu leuwih efektif, > sabab agama teh jadi ngalimpudan (inklusif), jauh tina ngajauhkeun > (eksklusif). > > Jejer di luhur asana relevan pisan boh dina tatanan global, regional > atawa lokal. Jejer-jejer sarupa kieu hayu urang sawalakeun kalawan > jembar, sabab urang geus ditakdirkeun lahir dina rupa-rupa bangsa > jeung golongan (kaasup budaya jeung agamana oge madzhab-madzhab dina > hiji agama), pikeun silih pikawanoh tea anu saterusna, anu > pangdimulyakeunana di sisi Pangeran mah nya anu pangtaqwana tea. > > Cag heula. > baktos, > manAR > > Recent Activity > > * > 18 > New Members > > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/members;_ylc=X3oDMTJmY3Q0NWhhBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZtYnJzBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-> > * > 16 > New Photos > > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/spnew;_ylc=X3oDMTJmczB1NWhjBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZwaG90BHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-> > > Visit Your Group > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJlbDFicDUxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZnaHAEc3RpbWUDMTE2Mzc2MzcyNQ--> > > > SPONSORED LINKS > > * Culture change > > <http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjNnNyOGo5BF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzEEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-?t=ms&k=Culture+change&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=d84aUBDI7D4Nq5niL6hsEw> > * Corporate culture > > <http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjOW05dHA4BF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzIEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=Hvpx-nJSmVZOxhOr21y38g> > * Cell culture > > <http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjZG1lNmM0BF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzMEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-?t=ms&k=Cell+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=kSc7wu_rDPN0wKL4AC6Wbg> > * Organization culture > > <http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjcm8yMGZ1BF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzQEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-?t=ms&k=Organization+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=4CcVRWhdga5sl6aloEa89Q> > * Tissue culture > > <http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjcDFhYnNnBF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzUEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNjM3NjM3MjU-?t=ms&k=Tissue+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=h9PHRacY9aAkc13viAOhLw> > > Yahoo! Mail > > Next gen email? > <http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h9jkh59/M=493064.8985657.9760727.8674578/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1163770925/A=3848568/R=0/SIG=12jllrvsk/*http://us.rd.yahoo.com/evt=42409/*http://advision.webevents.yahoo.com/handraisers> > > Try the all-new > > Yahoo! Mail Beta. > > New business? > > Get new customers. > <http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hd4la5n/M=493064.8985663.9760769.8674578/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1163770925/A=3848640/R=0/SIG=131an6mds/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/srchv2.php?o=US2002&cmp=Yahoo&ctv=Groups1&s=Y&s2=&s3=&b=50> > > List your web site > > in Yahoo! Search. > > Y! Messenger > > Make free calls > <http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hlsd14e/M=493064.8985659.9760753.8674578/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1163770925/A=3848590/R=0/SIG=12dds2hov/*http://us.rd.yahoo.com/evt=42403/*http://messenger.yahoo.com/feat_voice.php> > > Call PC-to-PC > > worldwide- free! > > . > > __,_._

