Kang, eVa ngiring belasungkawa kana kajantenan anu teu dipikahoyong eta.
  Saur eVa mah mendingan ditutup we rekeningna atanapi artosna dicandak sadaya, 
teras ngabuka deui Buku anu enggal. Daripada kajantenan deui sapertos kitu... 
Jaman ayeuna tea jalmi teh palalinter kana kajahatan,hehehe...sanes suudzon, 
tapi tos aya bukti kan...? Biasana pagawe bank jarang anu leres2 ngalacak 
kajantenan sapertos kitu, aranjeuna teh sok seueur alesan :-(
   
  Hatur Nuhun,
  ~eVa~
  
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Baraya, 
bad day, ceuk batur mah. enya sigana poe ieu kuring kitu. 
1. Kuring teu bisa ka kampus. balik ti medan kalah mencret. hehe. jadi barudak 
pabaliut da rek nyerahkeun laporan UTS tea. mana ku petuga di ruang dosen malah 
diambekkan. 
2. Menerkeun Laptop nu babaturan geus ampir tilu bulan. Nu bogana geus nanagih. 
barang dicek, eh karek dibenerkeun poe ieu. Bari rada ambeuk, kedaieukeun deui 
we lah. Loba alesan pisan!. Rek ngimpor mah, lah; rek ieu...rek itu! dasar! 
3. Belenyeng ke BTN. Biaya mayar hutang bulanan tea da bongan hayang boga imah. 
Sanggeus ngasupkeun duit, jorojoy hate hayang mukaan transaksi. Lakadalah... 
bet aya anu nyokot tina rekening tah. Make ATM deuih. PAdahal, kuring ge teu 
boga eta ATM teh. Aeh, kungsi boga taun kamari. Ngan da kusabab kungsi dibobol 
oge harita, nya --nurutkeun petugas BTN--eta ATM digunting tur diblokir. Eh, 
kari2, ayeuna aya transaksi via ATM. Nyoba komplen, jawabanya: Itu transaksi 
dilakukan oleh Pak Tantan sendiri! Make ATM? ceuk kuring. Enya!, jawabna teh. 
"Eh, bu. pan ibu apal sorang kuring teu boga ATM. Eta aya dina bukuna oge!. Iya 
tapi gak mau tau, pokoknya itu transaksi via ATM! bari ditutup telpona. 

cik baraya, kudu kumaha tah. Mangkaning gede pisan tah anu dibobol teh. terus 
kusaha tah dibobolna? 

baktos, 

tantan


 
  .


        
 
---------------------------------
Sponsored Link

$420,000 Mortgage for $1,399/month -   Think You Pay Too Much For Your 
Mortgage? Find Out!

Kirim email ke