baraya,
aya nu tos ngadamel logo (naon sunda na?) Kusnet? pami tos aya, alungkeun ka
simkuring,
pami teu acan, aya ide gambar naon? tos aya nu nyanggeman ngadamel logo, teu
kedah mayar, atanapi aya nu  bade pang damel keun,  mang jamal sugan nu ahli
gagambaran eh ... gambar nyaan, mangga atuh di antos

sementawis kanggo favicon (tingali gambar nu nangkod) nganggo gambar kujang,
kenging ngadamel gan oki, urang sunda oge, teu ngiringan milis.

sareng pami aya, foto-foto nu ngagambarkeun alam sunda, sawah, gunung,
saung, golek, kampung naga, di antos pisan

cag ah, keur beberes saung anyar yeuh, asa ubluk ablak, bakat ku lega hehehe
....

--
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.blogspot.bom <---- duga blog duka naon, mangga we
toong

Attachment: kusnet-favicon.png
Description: PNG image

Kirim email ke