Assalamu'alaikum Wr. wb.
Akang akang....rehat heula sakedap...punten ngiring ngalangkung
mangga buka QS.3:19 sareng QS.3:20
Wassalam
Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualikum Wr Wb
Sampurasun
nun kang Agus Pakusarakan.
Heheheheheh, kieu panginten Kang Agus P
..
Simkuring nyeratkeun Alhamdu kawit anu diserta, heheheh, hahahah, nyaan
kuring hayang seuri, seuri kulucu
tur beuki resep ka Kang Agus P
anu
merhatoskeun dugi kadinya
Umapi saur dina elmu bahasa mah, makna Alhamdu parantos pada ngartos sakur
anu maca seratan, numawi simkuring nyerat Alhamdu kawit anu diserta, estuning
gaduh sangki kanu maca seratan parantos maphum kana makna
Alhamdu,
..Alhamdulillah geuning Kang Agus Pakusarakan eta buktos ngartos kana
hartos kawit anu serat tulisan Alhamdu
hehehehe
nuhun ah simkuring dibantos
diterangkeun ku Kang Agus Pakusarakan.
Simkuring nyeratkeun : Tina RASA sieun, hariwang pacampur jeung RASA miboga,
micintana
jst .
Kang Agus Pakusarakan nyerat :
ditilik2 tulisan kang Agus WB eta punten we iyeu ceuk sikuring.. asana
andika rada keuheul ka jalam2 anu ngabelaan islam bari islamna teh islam
turunan ti karuhun
pun mun lepat sangki
.
Iiiiiih ampun paralun kang Agus P, samemeh nyerat simkuring nyeratkeun dina
ka ayaan paraosan manah ademmm, plooong, bingaaah taya kasusah, taya
kabingung, taya kasieun, taya rasa hariwang, éstuning ca-ang padang taya
hahalang.
Estuning nyeratkeun kaayaan manah simkuring, dapuguh simkuring oge apal Islam
teh kawitmah tina turunan tegesna Islam turunan, ngan geus nincak, rada
ngalelempeng Tekad jeung Pamikiran sorangan. Upama ningal kana asal muasalna
kajadian Manusa, geuning sadaya Manusa oge turunan Islam, BIBITna Manusa-mah
sami tur geus nyakseni heula kabeh teu diwiji-wiji ka Pangeran Sadaya Alam
supaya ulah aya alesan pikeun Manusa anu hirup ayeuna dimana lamun teu bisa
Mulih ka Jati Mulang ka Asal, ulah nyalahkeun Pangeran (Rob).
Jadi sadaya Manusa masing-masing dirina boga Hak jeung kaWajibannana dina
milari jalan Mulih ka Jati Mulang ka Asal, boh ayeuna Manusa anu aya dina
turunan boga ngaran Islam, Kristen, Budha, Hindu, Singkretis, Aliran Kebatinan
naon wae ngara di Dunya-na mah ieu dijentrekeun dina tulisan huruf Arab tegesna
Al-Quran surah Al Maidah: 48 :
Untuk tiap-tiap umat di antara kamu, Kami
berikan aturan dan jalan yang terang. Sekiranya Allah menghendaki, niscaya kamu
dijadikan-Nya satu umat (saja), tetapi Allah hendak menguji kamu terhadap
pemberian-Nya kepadamu, maka berlomba-lombalah berbuat kebajikan. Hanya kepada
Allah-lah kembali kamu semuanya (kum teu diwiji-wiji boh didunyana ngagem
ngaran Islam, Kristen, Yahudi, Aliran-Aliran, Agama Singkretis naon wae
ngaranamah), lalu diberitahukan-Nya kepadamu apa yang telah kamu perselisihkan
itu.
Tipayun dina ngawitan ngabahas conto Jalmi samodel cep Wirabuana->
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942
Diterangkeun yen urang kedah ngabenten keun CANGKANNA sareng EUSINA, supados
teu pabeulit nerapkeun pituduh Ayat-ayat tulisan Al-Quran anu nggo bahasa
Arab. Tah kumaha ayeuna dina nerapkeun Al-Quran sareng Hadistna?
Kang Agus Pakusarakan nyerat :
Cindekna,, ulah aneh jeng ulah sieun
nya urang sok sanajan mazdhab mana wae
urang mah urang cekel teh sanes mazdhabna tapi urang cekel warisan rosul nyaeta
al-quran , quran kudu jadi popoko tetenger hirup urang.. engke lamun geus teu
aya hokum jeng tuntunan dinana al-quran atawa perlu katerangan langkung rinci
nya karek urang ngaguar hadist, ulah wakta ijma, ijtihad jeng sajabatan salami
ncan nengan dina al-quran jeng al hadist...
Dina hadis anu nuduhkeun kedah nyekel pageun Kitabulloh+Sunnah sane urang
berarti Nafsirkeun Al-Quran tuluy dipake, Hadist di tunda da ayakeneh dina
Al-Quran cenah, punten...
hehehehehe, hehehemmmm, Kang Agus Pakusarakan, Cobi emut SAHA JALMI anu
ngawitan terang kana maksud tujuan eusi Al-Quran, cicik..cingan SAHA?
Simkuring bisa nghalalkeun sagala cara pikeun maksud jeung tujuan kahayang
simkuring tuluy kalakuan kuring teh make dalil Al-Quran pan ceuk Al-Qurannana
oge kitu-kitu saayana. Sadaya jalmi bisa ngajieun dalil pikeun nguatkeun
Maksud, Kahayang jeung Pamikirannana masing-masing tuluy ngadoktrinan batur
kucara ngabibita ku DALIL tur nyingsieunan ku DALIL, tah kieu kalakuan teh,
kalakuan kuring baretooooooo. Tutunjuk nyalahkeun batur, Bidah, Musyrik ceuk
kuring teh, antukna Hak batur kaaniyaya ku si Kuring, Hehehehe, hihihih, laku
lampah simkuring euweuh ajen tinajen kabatur teh
Paingan atuh ummat Islam teh teu daek ngahiji, teu daek ngajalankeun
Watashimu bihablillah jst. Kulantaran masing-masing JALMA bisa nafsirkeun
tulisan huruf Al-Quran kalawan carana masing-masing. Tuluy paloba-loba
kelompokna, saha anu KUAT eta anu bakal nerapkeun Visi jeng Misina dina
nerapkeun SYARIAT ISLAMna.
JADI upama kitu kajadiannana berarti KEBENARAN ditempo tina
Kakawasaan+Kakuatan Fisik di Dunya, ieu samodel kajadian jaman Muawiyah+Putrana
anu Merangan ka Ahlul Baet.
Di simkuring aya seratan hasil penelitian kang *Muchtar Luthfi, Ketua
Departemen Hubungan Luar, Badan Kerjasama PPI Se-Timur Tengah dan Sekitarnya,
saat ini sedang menyelesaikan Program Pascasarjana Perbandingan Agama dan
Mazhab, Universitas Imam Khomaini Qom, Iran. (ayeuna parantos beres
panginten...).
Fatwa-fatwa Ibnu Taimiyah anu ngabela kana kasucian Muawiyah+putrana Yazid
bin Muawiyah, padahal Ulama-ulama Madzhab Ahlussunnah seueur anu mencela
kalakuan Muawiyah+Yazid, bilih peryogi naha dipostingkeun ka ieu milist atanapi
kana e-mail kang Agus Pakusarakan wae?.
Kitab2 Ibnu Taimiyah oge anu dianggo rujukan ku Kerajaan Arab Saudi, Nagara
anu dumasar kana Karajaan sanes Imamah samodel anu diangge di Iran ayeuna.
Kang Agus Pakusarakan nyerat :
Kelanan naha iyeu tina Islma jeung Pluralisme bet jadi kana mazdhab2 nya.
Hehehehehm, kumargi aya Fatwa ti Kerajaan Arab Saudi perkawis ngaHaramkeun
tur ngafirkeun kana anu ngadukung Paham Pamikiran Pluralisme. Bejana Fatwa ti
Arab teh dipake saalam dunya.. kusimkuring parantos di bantah di
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108050
Mangga lenyepan dina Sajarah "KEMELUT KEPIMPINAN SELEPAS RASUL"
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kemelut%20Kepemimpinan/index.htm
Perkawis kedah Nyekel Pageuh Kitabulloh+Sunnah VS Nyekel Pageuh
Kitabulloh+'Itroh Ahlul Bait, aya bacaan kanggo nambah wawasan situsna di
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kebenaran-Hilang/index.htm
Atuh perkawis mimiti ngalakon Agama teh kedah Marifat ieu kasauran pidato
Imam Ali anu di ajar ti kangjeng Nabi saw ti yuswa 10 tahun dina kitabna Najhul
Balaghoh.
Atuh saterasna, Imam Jafar As-Siddiq oge kitu teu benten, yen ngalakon Din
teh kedah Marifat heula. , Jangawarengna Imam Jafar As-Siddiq teh nya Kanjeng
Nabi Muhammad saw.
Dina Fatwa/Kitab2na boh Fiqihna, Aqidahna, Siasahna Imam Jafar As-Shiddiq
sok nerangkeun kieu: Katerangan Kuring nampa ti bapak, bapak kuring ti Aki,
Aki Kuring ti Uyut, Uyut kuring ti Jangawareng, kitu lamun disundakeunnanamah.
cobi Taliti sing lantip, teukengin rusuh maosna di
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108341
Punten kang Agus P, simkuring dina nafsirkeun Al-Quran teh ngangge Dzohir
sareng Batin, teu cekap nerapkeun Al-Quran teh ditingal Tafsirna Wungkul,
margi Kangjeng Nabi saw parantos maparin cara kanggo nafsirkeunnana
Lill-qurani Dzohirun Wabatinun, ieu hadis dinukil ti Imam Ali salaku Ahlul
Baet anu parantos disucikeun kalawan sasuci-sucina ku Alloh, tingal dina surah
Al-Ahzab ayat 33.
Simkuring-mah sanes lulusan Gontor, namung Pun Lancek+Pun Adi Awee+Salakina,
ayeuna Adi Ipar simkuring jadi sekretaris kang Jalaludin Rahmat, tukang
nerjemahkeun Kitab jeung nu lainna.
Ari simkuringmah mondok dipasantrennana oge kuti waeeee, ngadon di ajar
ngaliwet, heheheheh.
Jadi simkuringmah teu aya tempoennana kang Agus Pakusarakan, heheheheh
Mangga ah aos heula kang Agus Pakusarakan alamat-alamat web site anu parantos
kusimkuring di seratkeun di luhur.
Ke disambung deui,
Insyaalloh
Wassalamualaikum wr wb
Rampes
Baktos
Agus Wirabudiman
Rampes!
Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana"
http://amienem.multiply.com/
---------------------------------
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam.
http://id.mail.yahoo.com/