Haturan Abah Joe...,
mugia abah salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin.
ehmmm....., bagja nya ditepangkeun sareng sasama baraya US sok sanaos ukur
saliwatan nu akhirna manjang janten babarayaan. aabdi oge ngiring reueus ka
Rohmat anjeuna kenging kasemeptan ngulik elmu di nagara deungeun gesan
amalkeuneun di lembur maneuh banjar karang pamidangan...

cag..., nuhun bah iberna.

"kkbm'69"
(incu abah tea...hehehe)


On 11/24/06, mangsinggih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Lebaran kamari, sim kuring sasarengan jeung salah sahiji kaluarga US-
di-US, Silaturahmai ka bumina Dubes Reslan, Kepala Perwakilan Rep.
Indonesia di PBB.

Barang sup kana mobilna bet aya nu teu wawuh, bari ngasongkeun
leungeun, abdi Rohmat Mulyana. Nya sim kuring sasalaman , sim kuring
Singgih Nata. Oh parantos ngadangu saha-sahana Bapak.

Teu dongeng panjang-panjang, ngan "abdi nuju sakola di Columbia".
Nya US kumpul jeung US, sapapanjang jalan seuseurian teu eureun-
eureun.

Tadi sim kuring nampai imel, ieu cenah blog abdi nembean:

http://www.rohmatmulyana.blogspot.com/

Euleuh-euleuh geuning Ncep Rohmat teh Guru di Bandungna. Beu teu
disangka pisan, da eta US mah sok handap asor hese pisan neguhna.

Abah Joe

Kirim email ke