Nah upami kitu naha urang sarerea bade neraskaeu mumusuhan dua Bani jaman baheula ieu ?
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Emod Morales" > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah > sareng Aisyah > > supaya bisa nyerek eta nu ngala pati Usman. > Khaliffah Ali teu tiasa > > nyerek nu ngala pati Usman, nu antukna perang > antawis Ali sareng > > Muawiyah, Aisyah. Dina peperangan eta pasukan > Muawiyah tos bade > > kawon, teras ti pihak Muawiyah nyuhunkeun dami. > Kulantaran dami ieu > > pasukan Ali aya nu teu satuju, anu teu satuju kana > dami anu disebut > > kaum Khawarij > > Nambihan Kang Emod, Usman bin Affan, Khalifah nu > katilu, lebet ka > Bani Ummayah (turunan Ummayah) jeung saderek caket > ti Abu Sofyan > (otomatis saderekna Muawiyah). Saleresna mumusuhan > Bani Hasyim sareng > Bani Ummayah, parantos dibereskeun waktos Kangjeng > Nabi jumeneng > keneh. Tapi saatosna Kangjeng Nabi ngantunkeun, ka > teu akuran dua > Bani ieu rek mucunghul deui, ngan kaleresan Khalifah > nu ka hiji (Abu > Bakar) sareng Khalifah nu kadua (Umar bin Chattab) > diluar kadua Bani > ieu. Janten teu aya masalah. > > Tapi waktos Usman bin Affan naek jadi khalifah, > margi Usman ti Bani > Ummayah, mumusuhan ieu mucunghul deui. Usman dituduh > nepotismeu, > ngangkat pejabat ti kalangan anjeunna. Teu jelas > naha tuduhan ieu teh > leres henteuna. Nu Jelas, Muawwiyah jadi gubernur > Syria, sanes > diangkat ku Usman tapi ku Umar Bin Chattab. Dina > kasus Muawiyah, > Usman bin Affan henteu ngalakukeun nepotismeu. > > Mumusuhan Bani Ummayah jeung Bani Hasyim tambah > ngagedean, ku > ditelasananan Khalifah Usman. Saterasna mah sapertos > nu diserat Kang > Emod, Kahlifah nu kaopat Sayidina Ali perang sareng > Muawiyah. Ali oge > perang sareng Aisyah, istri Kangjeng Nabi. Perang > Ali sarengA isyah > ieu katelahna "perang onta". > > Muawiyah ngadegkeun Dinasti Ummayah, Dinasti Ummayah > langgeng ampir > 100 taun. Tapi akhirna Dinasti Ummayah digulingkeun > ku Abbas Al > saffah, turunan Abbas bin Abdul Muthalib, paman > Kangjeng Nabi. Ngadeg > weh Dinasti Abbasyiah, nu saleresna mah representasi > ti Bani Hasyim > (Hasyimiyah). > > Abbas nu ngadegkeun Dinasti Abbasyiah, kenging > julukan Al Saffah nu > hartosna si "beuki getih" (Si Haus Darah). Julukan > ieu mucunghul > kulantaran Abbas nelasan sadayana turunan Bani > Ummayah. Kulawarga > Bani Ummayah nu masih sesa waktos digulingkeun, > diondang tuang > bareng, pas naruju tuang ieu, ditelasan sadayana. > > Tapi aya nu salamet tina kagalakan Al Saffah, nya > turunan Ummayah ieu > nu neruskeun Dinasti Ummayah, tempatna di Andalusia > (Spanyol). Jadi > Kekhalifahan Islam teh aya dua, nu hiji di Baghdad, > nu hiji deui jauh > di kulon di Spanyol. > > Kitu cenah ...ceuk buku nu kuring maca, mudah2an we > teu salah > macana ...hehehehe > > Baktos, > WALUYA > > > ____________________________________________________________________________________ Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. http://smallbusiness.yahoo.com/r-index

