Assalamu'alaikum Wr Wb
Alahamdulillah mani rame kieu geuning dina ngabahas Syiah vs Sunni, kang Waluya 
ngiring mairan Kang...

Tah kuring oge bade ngiring mairan aaaah....
Istilah Syi'ah ti jaman Nabi samameh Kanjeng Nabi saw oge parantos aya, nyaeta 
anu satia ngadukung+berjuang ka Nabi-na, kanggo tambih-tambih wawasan mangga 
aos di websitus www.al-shia.com/html/id/index.htm
pangalaman simkuring nampi informasi ngeunaan syi'ah teh tina kitab-kitab anu 
disebat Sunni, tangtos teu saimbang panginten wacana pamikiran urang teh dina 
neleman sejarah Islam.
Janten upama kedah ningali/naroskeun oge kanu bersangkutan tegesna Ualama-ulama 
anu ngamadzhab Syi'ah tea.

Pasualan katerangan yén "ummat Islam kudu terang ka Imam zamanna" tur pentingna 
ngatur ummat Islam maké aturan Khilafah Islamiah, pikeun kaum Syi'ah geus teu 
asing da pamadegannana nyutat kana Pidato Nabi Muhammad saw di Ghadir Khum, anu 
eusina punten teu disundakeun [Nabi saw bersabda :"Siapa yang telah menjadikan 
aku maulanya, maka 'Ali adalah maulanya"]. Anapon anu ngariwayatkeun yen Nabi 
ngangkat Ali kucara langsung salaku Pamingpin di Ghadir Khum aya 110 
perawi-perawi ti kalangan para Shohabat, dimana nami-nami shohabat éta aya dina 
kitab-kitab Mzdhab Sunni/Ahlussunah Waljamaah, dikutip ku 84 perawi-perawi 
hadist di kalangan Tabi'in, 360 perawi-perawi dikalangan Ulama 
Sunni/Ahlussunnah Waljamaah anu nyantmkeun Hadist Al-Ghadir. 26 Ulama 
Ahlussunnah Waljamaah (Sunni) anu nyepeng Hadist Al-Ghadir. Tingkatan Hadist 
Al-Ghadir kalebetkeun hadist Mutawatir/Langkung ti Shoheh upami saur elmu 
Hadist mah. Ti kawit yuswa 10 Tahun Imam 'Ali sasarengan sareng kanjeng Nabi 
saw diajarkeun kana Agama Islam.



Upami hadist Al-Ghadir teu dianggo, kedah aya katerangan Hadist anu sami 
tingkatannana sareng eta Hadits Al-Ghadir kanggo ngabantahna. (sangem salah 
sawiyos Ulama syiah teh cenaah..).

 

40 poé tisaprak Nabi ngangkat 'Ali salaku Pamimpin (Kholifah/Gaganti Pamingpin 
Nabi), teras lungsur ayat yén Islam parantos disampurnakeun "al-yauma akmaltu 
lakum diinukum, waatmamtu 'alaikum ni'matii warodhitulakumulislama diina", teu 
lami tidinya  Nabi saw ngantunkeun. Teu acan ogé Janazah Nabi saw dikurebkeun 
(dikuburkeun), sabagean ummat Islam waktu harita rame hayang milih pamingpin 
jang nuluykeun mingpin ummat Islam. (Ari anu kasebat Ahli Baet mah) masih 
berduka..., Ali+Siti Fatimah sareng anu sanesna masih berduka...


kang Emod nyerat :
"Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah sareng Aisyah supaya bisa 
nyerek eta nu ngala pati Usman".

hapunten ngiring nambih katerangan sajarah :
Ustman bin 'Affan kantos Pacekcokan sareng Siti 'Aisyah dugi kakaluar kata-kata 
silih laknat...sareng teu acan Islah...

mangga ah,
Wassalamu'alaikum Wr Wb
baktos
Agus Wirabudiman.
.
  ----- Original Message ----- 
  From: Emod Morales 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 23, 2006 11:31 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Syiah vs Sunni : Dimimitian ku Hasyim vs Ummayah


  Sateuacana aya golongan Khawarij oge tos pecah, nyaeta jaman Usman 
  bi Affan, aya nu namina Abdullah bin Saba' urang Yahudi anu 
  nyuarakeun imamah ka Ali, anu antukna Usman bin Affan diala pati.

  Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah sareng Aisyah 
  supaya bisa nyerek eta nu ngala pati Usman. Khaliffah Ali teu tiasa 
  nyerek nu ngala pati Usman, nu antukna perang antawis Ali sareng 
  Muawiyah, Aisyah. Dina peperangan eta pasukan Muawiyah tos bade 
  kawon, teras ti pihak Muawiyah nyuhunkeun dami. Kulantaran dami ieu 
  pasukan Ali aya nu teu satuju, anu teu satuju kana dami anu disebut 
  kaum Khawarij

  Bid'ah na anu mana ?, paling sakedik aya dua pamadegan. Aya nu 
  nyebatkeu sadaya bid'ah dolalah, aya nu nyebatkeun bid'ah Hasanah 
  sareng bid'ah dolalah. Conto bid'ah hasanah nyaeta Al-Qur'an, nu 
  tadina teu aya jabar, je'er, pe'es ayeuna jadi aya. Solat Taraweh, 
  nu tadina sa Masigit solatna masing-masing, ayeuna jadi bareng (hiji 
  imam)

  Syiah aya sababraha sekteu. Sunni oge aya sababaraha sekte.

  Punten bilih lepat !

  --- In [email protected], Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Punten, 
  > Kum kasadayana, kedah ati ati ngagempungkeun masalah ieu, margi 
  salah-salah bisa nimbulkeun fitnah.
  > Nabi Saw parantos nyaurkeun dina hadistna nu shahih, yen umat 
  Islam bakal berpecah jadi 73 golongan, kabeh asup ka naraka kecuali 
  hiji. saha tah? nyaeta golongan anu selalu berpegang teguh ka 
  sunnahna rosulullah sareng sunnah khulafaur rasiddin. Margi dina 
  hadistna nu shaheh disebutkeun oge. bahwa tiga generasi (sahabat, 
  tabiin jeung tabiut-tabiin) geus dijamin kebenaran na. disebutkeun 
  dina hadist na sebagai "sebaik-baik generasi".
  > Kajadian berpecahna umat Islam dimimiti ti jaman khalifah. hal 
  ieu diakibatkeun ku ayana fitnah ti golongan Khawarij, anu memecah 
  belah umat. tah ieu golongan nepi ka kiwari masih aya keneh.
  > Cirina, nyaeta jalma nu masih ngaku Islam tapi ngarusak ti jero. 
  carana ngabelok keun sunnah, menebar bid'ah, menentang pamarentah, 
  menebar teror, ngayakeun pamadegan-pamadegan soal agama nu dijieun 
  tina akal pikiran na. bahkan ngayakeun/nyieun hadist-hadist palsu. 
  > Khawarij, nepi ka kiwari leuwih bahaya tibatan "orang kafir" 
  sabab ngarusak aqidah umat Islam.
  > Ku ayana Khawarij eta, timbul ayana islam A jeung Islam B, Islam 
  jadi terkotak-kotak, jadi berpecah-pecah. aliran itu jeung ieu nepi 
  ka timbulna JIL anu nyata-nyata sesat.
  > Ayana Sunni jeung Syiah, hasil tina ayana golongan khawarij tea. 
  tapi kuring yakin tina dua golongan eta, hiji nu bener na mah. 
  > Kanggo nalungtikna, saha nu bener-bener berpegang teguh kana 
  alquran dan assunah? sunnah anu shahih, nu rawi na, jalan na nu 
  ngariwayatkeun tanpa ceda.
  > sunnah menurut pemahaman salafussahaleh (orang2 pendahulu=rosul, 
  sahabat, tabiin, tabiut tabiin). 
  > Hiji deui, jalma anu aqidah jeung pamahaman na bener, taya 
  syirik na dirina, taya bid'ah na dirina, teu percaya ka sesuatu hal 
  salian ka Allah, tah nu kitu nu bener.
  > Tah pama aya riwayat nu nga jentrekeun pama sahabat pernah 
  ngalakukeun kagorengan, eta riwayat teh asalna ti kaum khawarij. 
  sabab jangji Allah moal Sulaya, "sahabat" nyaeta umat nu geus 
  dijamin kasalametan na boh didunya boh diaherat.
  > Saran ti simkuring, urang tong kapangaruhan kuayana golongan2, 
  ti jaman Rosul oge Islam teh ngan hiji. saha anu geus 
  nyebutkeun "urang Islam A atawa Islam B" geura baralik, dunya geus 
  sariak layung, sakeudeung deui bakal maghrib, taubat. luruskeun 
  aqidah urang, sabab ieu nu bakal nyalametkeun urang diakherat. Sabab 
  solat urang, puasa urang, ibadah urang bakal taya hasilna diakherat, 
  intina ibadah urang bakal sia-sia. pama urang ngaku Islam, tapi hate 
  masih keneh muntang ka kuburan, masih percaya kana ageman barang. 
  > 
  > wallahu alam
  > Baktos
  > 
  > Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Punten, di ralat:
  > 
  > Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 
  3, sanes 4
  > 
  > 
  > Emod
  > 
  > On 11/23/06, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngiringan Bah 
  Willy.....
  > 
  > Manawi teh Syiah vs Sunni dingawitan ti Saparantosna Kanjeng 
  Nabi Muhammad ngantunkeun, teras parebut anu bakal janten Khalifah 
  antawis Abu Bakar sareng Ali, gening tebih ti anggalna.
  > 
  > Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 
  4
  > 
  > Abu Sofyan ieu nu deleka pisan ka Kangjeng Nabi. Hindun 
  > istrina Abu Sofyan kungsi ngadahar jantung(?) salah saurang paman 
  > Nabi nu palastra dina perang antara suku Quraisy jeung Islam.
  > 
  > Jantung HAMZAH, dibongohan ku tumbak, ku jelema hideung
  > 
  > 
  > Baktos,
  > 
  > Emod
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > ---------------------------------
  > Sponsored Link
  > 
  > Mortgage rates as low as 4.625% - $150,000 loan for $579 a 
  month. Intro-*Terms
  >



   

Kirim email ke