Alhamdulillah,
Sumedang mana?
didieu dimana na kang? simkuring di Pasir Gudang,
nuju kuli macul hehehe....
pami caket mah hoyong amengan bari ngajak ulin budak,
wasalam

--- In [email protected], "yana sugiarna" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> kuring ngacung...sim kuring oge USA(urang sumedang asli)
> wilujeng tepang kang dadi..
> sami sim kuring oge ayeuna nuju di nagrina sheila majid, nuju 
buburuh.
> 
> mangga dilajeng deui..
> yana
> 
> On 11/23/06, dadikurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Pararunten kasadarayana,
> > dararamang arariyeu teh,
> >
> > Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we...
> > khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan.
> > Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun
> > ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda 
hiji-
> > hiji acan,
> > Bari keur baluweng, teu ngahaja ngalieuk ka beh kulon ditutugan
> > gunung KUSNET ari breh teh aya kisunda jeung para warga sanesna 
nuju
> > gempungan. Bungah taya padana, asa mogok manggih gorowong, asa 
nanjak
> > manggih pudunan ceuk paribasa mah, asa nonjok congcot.. bari can
> > ngarasa oge. ieu mah babasaan... teu kenging protes. Cindekna 
bungah
> > kagiri-giri, bungah armawatasuta....jrek nong!!!! bari kecrekna
> > ditejeh.
> > Panasaran ku galecokna, nya ku kuring disampeurkeun, bari uluk 
salam
> > "assalamu alaikum" ceuk kuring dodongkoan bari asa-asa bisi 
disaha-
> > saha, "punten nya nuju gempungan ieu teh? meni uplek kieu...??"
> > Diwaler ku MJ "muhun nuju gempungan Ki, bilih bade ngiringan 
mangga
> > we geura sila, ngan hapunten teu aya lalawuhna, malum gempungan di
> > pos ronda!"
> > "alhamdulillah, hatur nuhun diangken,puguh ge ieu teh nuju
> > bararingung, sararedih taya batur sunda hiji-hiji acan anu wawuh 
di
> > ieu nagri".
> > "dupi ayeuna dimana ngancrek teh?" ceuk salah saurang nu calik di
> > popojok, kang buyung sigana mah.duka si Abah kitu.
> > "di jiran...anu rek ngarebut ambalat tea geuning.."
> > "oohhh..." ceuk nu gempungan rampak sekar.
> > "Ari, kawit timana atuh?"
> > "Ti Sumedang Kang, bilih aya urang Sumedang, sakantenan 
nepangkeun,
> > tapi Sumedang na ge rada nyingcet ka perbatasan Majalengka. 
malahan
> > mah, pami sakalian rek ngecrik atawa ngokodok lalawak, beunteur 
jeung
> > sepat oge indit teh nya ka beh majalengka pan, nyaeta walungan
> > Cilutung."
> > "Oohhh... ceuk nu hadir".
> > "Malahan mah basa keur leutik basa keur jadi budak angon, unggal 
poe
> > meuleuman sampeu ladang ngala teu bebeja ti belah peuntas teh..."
> > "Da lain maling eta mah, da bongan na wae basa rek menta teh 
nuboga
> > na keur euweuh dikebon. Mang nuhunkeun sampeu! Seug nyabut wae! 
ceuk
> > kuring keneh..heheheh.."
> > "Aeh... atuh kamalinaan nepangkeun teh??? ceuk MJ.."
> > "heheheh.. punten!!"ceuk kuring bari ngabelehem.
> >
> > wasalam
> >
> > - baraya ti kaanggangan-
> >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small
> > Business.
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > __________________________________________________________
> > ______________
> > > Do you Yahoo!?
> > > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
> > > http://new.mail.yahoo.com
> > >
> >
> >  
> >
>




Kirim email ke