Ah... jadi TKI heula...
Biasa nuturkeun tapakna kang Buyung...
Kang Buyung, lulumpatan we atuh, kapungkur kan di SMOE,
na ayeuna di UNImar, Widi di dinya nya?
Salam we lah ti simkuring.
bilih aya nu privat mah kadieu we nya! [EMAIL PROTECTED]
cag

--- In [email protected], "Buyung" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> dad, geus balik yeuh?ayeuna keur di warnet mana. masai????
>   ----- Original Message ----- 
>   From: dadikurniadi 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Thursday, November 23, 2006 2:33 PM
>   Subject: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang 
kahayang??
> 
> 
>   Pararunten kasadarayana,
>   dararamang arariyeu teh,
> 
>   Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we...
>   khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan.
>   Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun 
>   ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda 
hiji-
>   hiji acan, 
>   Bari keur baluweng, teu ngahaja ngalieuk ka beh kulon ditutugan 
>   gunung KUSNET ari breh teh aya kisunda jeung para warga sanesna 
nuju 
>   gempungan. Bungah taya padana, asa mogok manggih gorowong, asa 
nanjak 
>   manggih pudunan ceuk paribasa mah, asa nonjok congcot.. bari can 
>   ngarasa oge. ieu mah babasaan... teu kenging protes. Cindekna 
bungah 
>   kagiri-giri, bungah armawatasuta....jrek nong!!!! bari kecrekna 
>   ditejeh.
>   Panasaran ku galecokna, nya ku kuring disampeurkeun, bari uluk 
salam
>   "assalamu alaikum" ceuk kuring dodongkoan bari asa-asa bisi 
disaha-
>   saha, "punten nya nuju gempungan ieu teh? meni uplek kieu...??"
>   Diwaler ku MJ "muhun nuju gempungan Ki, bilih bade ngiringan 
mangga 
>   we geura sila, ngan hapunten teu aya lalawuhna, malum gempungan 
di 
>   pos ronda!"
>   "alhamdulillah, hatur nuhun diangken,puguh ge ieu teh nuju 
>   bararingung, sararedih taya batur sunda hiji-hiji acan anu wawuh 
di 
>   ieu nagri".
>   "dupi ayeuna dimana ngancrek teh?" ceuk salah saurang nu calik di 
>   popojok, kang buyung sigana mah.duka si Abah kitu.
>   "di jiran...anu rek ngarebut ambalat tea geuning.."
>   "oohhh..." ceuk nu gempungan rampak sekar.
>   "Ari, kawit timana atuh?"
>   "Ti Sumedang Kang, bilih aya urang Sumedang, sakantenan 
nepangkeun, 
>   tapi Sumedang na ge rada nyingcet ka perbatasan Majalengka. 
malahan 
>   mah, pami sakalian rek ngecrik atawa ngokodok lalawak, beunteur 
jeung 
>   sepat oge indit teh nya ka beh majalengka pan, nyaeta walungan 
>   Cilutung."
>   "Oohhh... ceuk nu hadir".
>   "Malahan mah basa keur leutik basa keur jadi budak angon, unggal 
poe 
>   meuleuman sampeu ladang ngala teu bebeja ti belah peuntas teh..."
>   "Da lain maling eta mah, da bongan na wae basa rek menta teh 
nuboga 
>   na keur euweuh dikebon. Mang nuhunkeun sampeu! Seug nyabut wae! 
ceuk 
>   kuring keneh..heheheh.."
>   "Aeh... atuh kamalinaan nepangkeun teh??? ceuk MJ.."
>   "heheheh.. punten!!"ceuk kuring bari ngabelehem.
> 
>   wasalam
> 
>   - baraya ti kaanggangan-
> 
>   > 
>   > 
>   > 
>   > 
>   > 
>   > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small 
>   Business. 
>   > 
>   > 
>   > 
>   > 
>   > 
>   __________________________________________________________
>   ______________
>   > Do you Yahoo!?
>   > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
>   > http://new.mail.yahoo.com
>   >
> 
> 
> 
>    
> 
>   __________ NOD32 1879 (20061123) Information __________
> 
>   This message was checked by NOD32 antivirus system.
>   http://www.eset.com
>




Kirim email ke