----- Original Message ----- From: Rohmansyah To: [email protected] Sent: Friday, November 24, 2006 11:11 AM Subject: Re: [kisunda] Syiah vs Sunni : Dimimitian ku Hasyim vs Ummayah
Assalamu'alaikum Wr Wb Kuring ngarasa kataji tah ku bahasan ieu salian ti nambahan elmu soal agama jadi bahan renungan keur sim kuring supaya bisa nyandak nu benerna Pernah kuring oge ngadangu di pangaosan di pak Syarif di daerah lewo malangbong garut mung hanjakal anjeuna tos ngantunkeun ayaeuna mah, yen saparantos nabi wafat aya pergolakan di kalangan para sahabat lain ngutamakeun ngurus jasad kanjeng rosul mah malah ribut neangan paminpin anyar padahal nuju anjeuna jumeneng kantos bersabda "yen saha bae anu ngaku ka anjeuna sebagai peminpin angkat ali jadi peminpin" soalna syarat-2 utama jadi peminpin sanes di tinggal tina usiana tapi kedah di tinggal tina kaluhungan elmu na bahkan jang ngadukung argumen ieu kanjeng rosul oge kantos bersabda nu hartosna kirang leuwih sapertos kieu "kami adalah gudangnya ilmu sareng ali sebagai pintu gerbangna". tah mung saatos kanjeng rosul mangkat nu di angkat janten paminpin teh abu bakar, tah di jaman ieu muawiyah di pasihan wewenang janten gubernur di daerah mesir tah saleresna mah ti dieu cikal bakal kuatna bani umayah teh dugi ka tiasa gaduh kakuasaan saentos 4 khalifah wafat, bahkan di jaman berkuasana bani umayah putu rosul nu jenengan nana HUSEIN BIN ALI sareng 40 keturunan rosul nu sanes na di bantai di karbala nu di pinpin ku YAZID putrana muawiyah. malahan mastaka HUSEIN BIN ALI di arak dugi ka puser kota. tah di zaman bani umayah nu di pimpin ku muawiyah ieu lahir perawi-2 hadis terkenal sapertos ABU HURAIROH nu waktos harita ngajabat sebagai hakim agung (punten upami lepat) padahal anjeuna lebet islamna oge tos bade rosul wafat, kan di urang mah ilaharna mun perawina abu hurairoh pasti we shaih, pokona pengetahuan hadis anjeuna langkung hebat ti batan sahabat-2 nu sanes nu lebet islamna langkung lami bahkan jeung keturunan rosul nyalira nu di didik ku kanjeng rosul. mangga we bandingkeun di urang sabaraha rebu hadis nu di riwayatkeun ku abu hurairoh jeung sabaraha nu di riwayatkeun ku fatimah, atanapi hasan atau husen. Kadang-2 kuring sok nanya ka diri sorangan naha rosul teh teu ngadidik keluargana sampai ti keluargana teu aya anu tiasa ngariwayatkeun sagala ucapan sareng conto ti anjeuna atanapi aya nu salah dina sejarah teh sehingga keluarga anjeuna di sisihkeun ? Baktos Asep Rohmansyah ----- Original Message ----- From: Agus Wirabudiman To: [email protected] Cc: [email protected] Sent: Friday, November 24, 2006 9:02 AM Subject: [kisunda] Syiah vs Sunni : Dimimitian ku Hasyim vs Ummayah Assalamu'alaikum Wr Wb Alahamdulillah mani rame kieu geuning dina ngabahas Syiah vs Sunni, kang Waluya ngiring mairan Kang... Tah kuring oge bade ngiring mairan aaaah.... Istilah Syi'ah ti jaman Nabi samameh Kanjeng Nabi saw oge parantos aya, nyaeta anu satia ngadukung+berjuang ka Nabi-na, kanggo tambih-tambih wawasan mangga aos di websitus www.al-shia.com/html/id/index.htm pangalaman simkuring nampi informasi ngeunaan syi'ah teh tina kitab-kitab anu disebat Sunni, tangtos teu saimbang panginten wacana pamikiran urang teh dina neleman sejarah Islam. Janten upama kedah ningali/naroskeun oge kanu bersangkutan tegesna Ualama-ulama anu ngamadzhab Syi'ah tea. Pasualan katerangan yén "ummat Islam kudu terang ka Imam zamanna" tur pentingna ngatur ummat Islam maké aturan Khilafah Islamiah, pikeun kaum Syi'ah geus teu asing da pamadegannana nyutat kana Pidato Nabi Muhammad saw di Ghadir Khum, anu eusina punten teu disundakeun [Nabi saw bersabda :"Siapa yang telah menjadikan aku maulanya, maka 'Ali adalah maulanya"]. Anapon anu ngariwayatkeun yen Nabi ngangkat Ali kucara langsung salaku Pamingpin di Ghadir Khum aya 110 perawi-perawi ti kalangan para Shohabat, dimana nami-nami shohabat éta aya dina kitab-kitab Mzdhab Sunni/Ahlussunah Waljamaah, dikutip ku 84 perawi-perawi hadist di kalangan Tabi'in, 360 perawi-perawi dikalangan Ulama Sunni/Ahlussunnah Waljamaah anu nyantmkeun Hadist Al-Ghadir. 26 Ulama Ahlussunnah Waljamaah (Sunni) anu nyepeng Hadist Al-Ghadir. Tingkatan Hadist Al-Ghadir kalebetkeun hadist Mutawatir/Langkung ti Shoheh upami saur elmu Hadist mah. Ti kawit yuswa 10 Tahun Imam 'Ali sasarengan sareng kanjeng Nabi saw diajarkeun kana Agama Islam. Upami hadist Al-Ghadir teu dianggo, kedah aya katerangan Hadist anu sami tingkatannana sareng eta Hadits Al-Ghadir kanggo ngabantahna. (sangem salah sawiyos Ulama syiah teh cenaah..). 40 poé tisaprak Nabi ngangkat 'Ali salaku Pamimpin (Kholifah/Gaganti Pamingpin Nabi), teras lungsur ayat yén Islam parantos disampurnakeun "al-yauma akmaltu lakum diinukum, waatmamtu 'alaikum ni'matii warodhitulakumulislama diina", teu lami tidinya Nabi saw ngantunkeun. Teu acan ogé Janazah Nabi saw dikurebkeun (dikuburkeun), sabagean ummat Islam waktu harita rame hayang milih pamingpin jang nuluykeun mingpin ummat Islam. (Ari anu kasebat Ahli Baet mah) masih berduka..., Ali+Siti Fatimah sareng anu sanesna masih berduka... kang Emod nyerat : "Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah sareng Aisyah supaya bisa nyerek eta nu ngala pati Usman". hapunten ngiring nambih katerangan sajarah : Ustman bin 'Affan kantos Pacekcokan sareng Siti 'Aisyah dugi kakaluar kata-kata silih laknat...sareng teu acan Islah... mangga ah, Wassalamu'alaikum Wr Wb baktos Agus Wirabudiman. . ----- Original Message ----- From: Emod Morales To: [email protected] Sent: Thursday, November 23, 2006 11:31 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Syiah vs Sunni : Dimimitian ku Hasyim vs Ummayah Sateuacana aya golongan Khawarij oge tos pecah, nyaeta jaman Usman bi Affan, aya nu namina Abdullah bin Saba' urang Yahudi anu nyuarakeun imamah ka Ali, anu antukna Usman bin Affan diala pati. Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah sareng Aisyah supaya bisa nyerek eta nu ngala pati Usman. Khaliffah Ali teu tiasa nyerek nu ngala pati Usman, nu antukna perang antawis Ali sareng Muawiyah, Aisyah. Dina peperangan eta pasukan Muawiyah tos bade kawon, teras ti pihak Muawiyah nyuhunkeun dami. Kulantaran dami ieu pasukan Ali aya nu teu satuju, anu teu satuju kana dami anu disebut kaum Khawarij Bid'ah na anu mana ?, paling sakedik aya dua pamadegan. Aya nu nyebatkeu sadaya bid'ah dolalah, aya nu nyebatkeun bid'ah Hasanah sareng bid'ah dolalah. Conto bid'ah hasanah nyaeta Al-Qur'an, nu tadina teu aya jabar, je'er, pe'es ayeuna jadi aya. Solat Taraweh, nu tadina sa Masigit solatna masing-masing, ayeuna jadi bareng (hiji imam) Syiah aya sababraha sekteu. Sunni oge aya sababaraha sekte. Punten bilih lepat ! --- In [email protected], Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten, > Kum kasadayana, kedah ati ati ngagempungkeun masalah ieu, margi salah-salah bisa nimbulkeun fitnah. > Nabi Saw parantos nyaurkeun dina hadistna nu shahih, yen umat Islam bakal berpecah jadi 73 golongan, kabeh asup ka naraka kecuali hiji. saha tah? nyaeta golongan anu selalu berpegang teguh ka sunnahna rosulullah sareng sunnah khulafaur rasiddin. Margi dina hadistna nu shaheh disebutkeun oge. bahwa tiga generasi (sahabat, tabiin jeung tabiut-tabiin) geus dijamin kebenaran na. disebutkeun dina hadist na sebagai "sebaik-baik generasi". > Kajadian berpecahna umat Islam dimimiti ti jaman khalifah. hal ieu diakibatkeun ku ayana fitnah ti golongan Khawarij, anu memecah belah umat. tah ieu golongan nepi ka kiwari masih aya keneh. > Cirina, nyaeta jalma nu masih ngaku Islam tapi ngarusak ti jero. carana ngabelok keun sunnah, menebar bid'ah, menentang pamarentah, menebar teror, ngayakeun pamadegan-pamadegan soal agama nu dijieun tina akal pikiran na. bahkan ngayakeun/nyieun hadist-hadist palsu. > Khawarij, nepi ka kiwari leuwih bahaya tibatan "orang kafir" sabab ngarusak aqidah umat Islam. > Ku ayana Khawarij eta, timbul ayana islam A jeung Islam B, Islam jadi terkotak-kotak, jadi berpecah-pecah. aliran itu jeung ieu nepi ka timbulna JIL anu nyata-nyata sesat. > Ayana Sunni jeung Syiah, hasil tina ayana golongan khawarij tea. tapi kuring yakin tina dua golongan eta, hiji nu bener na mah. > Kanggo nalungtikna, saha nu bener-bener berpegang teguh kana alquran dan assunah? sunnah anu shahih, nu rawi na, jalan na nu ngariwayatkeun tanpa ceda. > sunnah menurut pemahaman salafussahaleh (orang2 pendahulu=rosul, sahabat, tabiin, tabiut tabiin). > Hiji deui, jalma anu aqidah jeung pamahaman na bener, taya syirik na dirina, taya bid'ah na dirina, teu percaya ka sesuatu hal salian ka Allah, tah nu kitu nu bener. > Tah pama aya riwayat nu nga jentrekeun pama sahabat pernah ngalakukeun kagorengan, eta riwayat teh asalna ti kaum khawarij. sabab jangji Allah moal Sulaya, "sahabat" nyaeta umat nu geus dijamin kasalametan na boh didunya boh diaherat. > Saran ti simkuring, urang tong kapangaruhan kuayana golongan2, ti jaman Rosul oge Islam teh ngan hiji. saha anu geus nyebutkeun "urang Islam A atawa Islam B" geura baralik, dunya geus sariak layung, sakeudeung deui bakal maghrib, taubat. luruskeun aqidah urang, sabab ieu nu bakal nyalametkeun urang diakherat. Sabab solat urang, puasa urang, ibadah urang bakal taya hasilna diakherat, intina ibadah urang bakal sia-sia. pama urang ngaku Islam, tapi hate masih keneh muntang ka kuburan, masih percaya kana ageman barang. > > wallahu alam > Baktos > > Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten, di ralat: > > Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 3, sanes 4 > > > Emod > > On 11/23/06, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngiringan Bah Willy..... > > Manawi teh Syiah vs Sunni dingawitan ti Saparantosna Kanjeng Nabi Muhammad ngantunkeun, teras parebut anu bakal janten Khalifah antawis Abu Bakar sareng Ali, gening tebih ti anggalna. > > Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 4 > > Abu Sofyan ieu nu deleka pisan ka Kangjeng Nabi. Hindun > istrina Abu Sofyan kungsi ngadahar jantung(?) salah saurang paman > Nabi nu palastra dina perang antara suku Quraisy jeung Islam. > > Jantung HAMZAH, dibongohan ku tumbak, ku jelema hideung > > > Baktos, > > Emod > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Sponsored Link > > Mortgage rates as low as 4.625% - $150,000 loan for $579 a month. Intro-*Terms > [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed]

