rampesss
waduh kang Emod sigana mah resep nya pami ngobrolkeun masalah jilbab, komo deui
di mesir mah nuju rame2 na.
masalahna sababaraha dinten kamari aya statemen ti mentri kebudayaan mesir
Farouk Housni, nyarioskeun yen istri muslim anu ngangge jilbab teh katingal teu
menarik, margi anu teu ngangge jilbab teh diumpakeun sapertos kembang eros,
dina bahasa linggisna mah women like roses. ditambih deui, yen ngangge jilbab
teh simbol keterbelakangan muslimah"
pernyataan anjeuna ditentang bebeakan ku para ulama, sareng masarakat, dugi ka
aya demo, padahal notabene masalah demo di mesir mah salah sahiji kegiatan anu
dinilai subversif ku nagara.
sampe ka DPR mesir, farouk husni di kritik, khususna ku IM (ikhwanul muslimin).
mentri di tuntut menta hampura ka sakabeh masarakat mesir, oge dimenta turun
jabatan. tapi pak mentri dengan simpel nyarios "ah da eta mah pernyataan
pribadi, keur naon riweuh"
anu jadi menarik, naha pernyataan pribadi bisa dianggap pernyataan salah sahiji
departemen anu nuju di garap? kunaon masalah diskursus agama jadi wae
permasalah anu panas?
baktos
jang Gilang ti nagri 1001 manara
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.