Pami terang mah bade ka Cipawenang, panginten kuabdi teh piwarang nyimpang we 
di padarek, samemeh bantarujeg, bah pengkolan bale desa, eta teh Mitoha, 
  Lumayan ari cai-cai haneut wae mah aya, 
  Sanes waktos we kadiyu deui, sakalian ngecrik lalawak ka cilutung.
  

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Miang ti Bandung teh opatan, kuring, Bah Willy, Mang J, Kang Dadan, 
kira kira tabuh 9 isuk-isuk. Nyemprung ka Sumedang heula, palebah Jatinangor 
rada macet, atuh di hareupeun bumina Kang Kumi/ Teh Pupi ge ukur nyebut punten 
we wungkul teu wani nyampeur da sieun nu keur ngumbah keris kaganggu, malum 
kapan anggang diteang ti Jakarta saminggu sakali teh eta pisan alesanana jeung 
sono ka orok.
  Nepi ka Sumedang rada beurang, memeh nyemprung ka Wado, nyimpang heula ka 
tempat goreng tahu, sakalian ngeusi peujit heula, karunya Kang Dadan rada mabok 
da peutingna tas bagadang, biasa dead line majalah Cupumanik.
  Kang Dadan teu tulus bareng ka Wado teh lantaran meunang panggilan kudu ka 
Majalengka, aya liputan. Atuh ka Wado teh ukur tiluan, tempat Pa Warma meunang 
gambaran ti Kang Dadan, nu diteangan teh Desa Cipawenang.
  Palebah pengkolan ka Bantarujeg, kapaksa nanyakeun ka tukang ojeg, 
Alhamdulillah tukang ojeg apaleun ka bumina Pa Warma, atuh ambih teu hese, nya 
sakalian we menta ditungtun ku ojeg, ongkso ngajegangna mah dibere we sacukupna.
  Lamun tea mah teu ditungtun ku ojeg boa kapanggih da rada jauh ti jalan teh, 
rada mebes kajero.
  Nepi ka bumina Pa Warma alias Pa Ulu, kuncen Cipawenang kira kira tabuh 
satengah satu. Keur uplek ngobrol na geblus teh awewe jangkung di jilbab, sugan 
urang dinya we ari pek teh tukang obat, atuh ngobrol jeung Pa Warma teh rada 
kaganggu. Ku tukang obat MJ ditensi heula, normal cenah, tapi Pa Warma tekanan 
darah rendah, kudu seueur eueut susu kuda liar ceuk tukang obat teh, bari 
ngaluarkeun jajamu rada loba, aya oge cenah ekstrak susu kuda liar.
  Kuring, MJ jeung Bah Willy pindak kaluar, ka teras, ambih teu hareudang 
teuing, atuh Pa Warma ge nuturkeun. Nya diteras eta papasrahan Pangajen jeung 
amplopna.
  Pa Warma nganuhunkeun kana pangajenna.
  Tah ieu ditangkodkeun fotona, keur masrahkeun pangajen, nu hiji deui mah MJ, 
Bah Willy mejeng di kebon awi dilembur Pa Warma.
  Ka Panitia HBH Garut, tugas masrahkeun pangajen ka Pa Warma tos beres, saur 
Bah Willy "lunaaasss...da asa boga hutang tuda..." 
   
  MSasmita
  

         

 
---------------------------------
Sponsored Link

$420,000 Mortgage for $1,399/month -   Think You Pay Too Much For Your 
Mortgage? Find Out!

Kirim email ke