Punten sakedik komentar Biasana anu sok potong teh sanes pas dina las-lasanna tapi dina HAZ (daerah anu kapangaruhan ku panas) kusabab ayana struktur beusi anu robah, tapi leupas tina hal eta, ieu kajantenan teh tos ngorbankeun sabaraha hiji nyawa (7 upami teu lepat mah nya) sareng tambih deui desa nu kedah ngungsi. Tah kumaha atuh pertanggung jawabanana ieu teh? Aya nu terang kitu kumaha cariosna pihak-pihak anu "terkait" (basa sunda na naon nya?). Naha atuhnya urusan duit sareng eusi peujit teh meni dugi ka ngorbankeun nyawa batur .. duh .. da rarasaan lamun bangsa urang teu loba nu harak tur sarakah katambahan koret mah meureun moal kieu jadina.
Salam, Budyana On 11/27/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sumuhun leres pisan sakumaha diserat ku Kang Foeji dihandap (Akang atanapi Teteh nyaa...?!Mung piling mah Teteh euy heuheuheu...). Sagala rupi nu aya pakuat-pakaitna sareng quality control eta, kedah aya sertifikasi ti BP Migas. Pami dijalankeun leres-leres mah, taya kong-kali-kong, kamungkinan kajantenan kacilakaan teh tiasa diminimalisir. Nya nu janten handeueul mah, eta ceuk cenah, Timnas Penanggulangan Lumpur Sidoarjo teh saleresna tos ngambeu ti anggalna yen aya 'pergerakan tanah', duka sabaraha cm per sasih na mah kirang apal. Nanging maranehna teu geura-geura ngalakukan hiji tindakan preventif. Manajemen Risk teu leres-leres diaplikasikeun. Duka teuing naon hahalangna. Duka masalah 'duit', birokrasi atanapi duka maranehna teu 'becus gawe' heuheuheu... Duka teuing ah... Baktos, OTA *kang ota,* *saurna mah welderna teh ngagaduhan sertifikat ti migas, hasil lasna ge eta teh gaduh sertifikat oge nu dikaluarkeun ku migas oge.. dugi ka coating sateng paintingna ge kedah aya sertifikatna..* *aya 29 syarat (duka naon wae) tiasa kaluar sertifikat eta... sagedengen sertifikat kanggo welderna, materialna, jrrd...* *hehehe ... kang ota .... duka ah .... teu paham abdi mah...* *salam,* *foeji*__

