> tah kumargi sakitu.. nya salira oge ulah maksakeun paham pluralisme didieu.. da' saemut simkuring mah seuseurna didieu sok sanaja plurisme oge teu sapertos salira mani ngaluarkeun sakabeh elmu pangaweuh pikeun ngayakinkeun wirehing ali jeng ahlul baet eta titinggal rosul keur umatna padahal sakaterang simkuring titinggal rosul keur urang ukur Al-quran jeng hadist sanes ali RA sareng ahlulbait anu sanesna da' nabi/rosululolloh mah teu nepotisme sapertos pamimpin jamana ayeuna..
Neda pangapunten yeuh kang...Jigana mah sanes anjeuna maksakeun...sanaos karaos ku akang AP sapertos anu maksakeun...upami sim kuring mah reueus aya dulur urang anu tiasa mukakeun sakitu mundelna...anu katingal mah jigana kang Agus teh hoyong "ngajentre"keun naon atuh anu nuju "dipais" teh... naha bade mais anu daun/cangkang wungkul, atanapi oge sareng eusina... kumargi islam mah cangkang sareng eusi, kumplit... saurna mah...aya 2 jangjang anu kedah dipigaduh ku urang... dimana salah sawios jangjang urang potong atanapi teu gaduh jangjang dua...moal tiasa ngapung... mangga hartoskeun/pilarian (upami kersa) bae 2 jangjang eta naon?...oge ngapung kamana?... > cindekna.. nya pasaualan iyeu urang teundeun di handeuleum sieum tunda dihanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun.. > da' nepi ka yahoo seep quotana oge perkawis iyeu mah moal angges.. > > tina pedaran salira anu terakhir iyeu simkuring tiasa nyimpulkeun wirehing salira mangrupi salah sahiji ti kaum syiah.. walhuaalambisawab... iyeu karek prakiraaan si kuring anu jauh tina bodo komo pinter mah tebih pisan.. Upami nilik2 dina seratan2 anjeuna, oge "submitt-an2" anu sanes na... kang AW mah...teu gaduh, alias nuju diajar ninggalkeun bandera2 syareat, anu karaos/katingalna sakitu seueur simbul2 wungkul... janten sanes kaum syiah...sapedah anjeuna nga"akang"keun ka syd Ali bin Abi thalib Ra. Tapi memang ti syd Ali ra sareng fathimah azzahra rah.teh seueur katurunan2 rasul anu janten ulama2,kakasih Allah anu pinunjul... upami bade oge, jigana mah ku abdi dipasihan bae hiji bandera kanggo kang Agus W, nyaeta mahzab "Amaliah"...hehe anu tuturunan tina faham wahdattul wujud.... hartosna...bahasa wahdattul wujud mah hiji... da wujudmah ayana dinu hiji...mung hiji nu ngagaduhan sifat Wujud mah... bahasana sapertos kieu... ari pejabat teh kan jalmi, berarti jalmi mah butuh barangtuang da jalmi mah kedah tuang... berarti rahayat biasa oge sami jalmi wujudna, kedah tuang oge ulah saukur pejabat wungkul... ari ayeuna mah pejabat moyah2 rahayat susah2...(blegug siahh...eta bawa pagerna...) kudu diajar wahdattul wujud... janten weh kadituna seueur kana amaliah2...teu acan/kedah ningali banderana...da geuning baginda SAW oge guruna teh pendeta anu lolong tea...saha namina nya?...hilap deui...basira kitu?... memang kanggo menghasilkan akhalaqul karimah kedah memproduksi heula akhlak mulia ti urangna, nembe "dipasarkeun"...hartosna ulah da'wah ku jojorowokan tepikeun ka tikoro garing...baginda SAW jarang da'wah ku cara kieu tapi ku amal anu hade...moal bisa ngalakukeun amal anu hade iwal ti jalmi anu akhlaqna sae oge...mugi2 kang AW sareng kang AP sing dipaparinan ku Allah SWT... > Salira Agus Bw Nyerat oge > ................... eeeeh keke heula bade tumaros ari Kang Agus P parantos jatuk rami? heheheheh, waktos nuju KOPDAR teu tataros dugi kadinya...heheheh, hihihih :-). > Upami pamadegan kang Agus P teu panuju kana kawin beda Agama, ulah dilakonan...iyeu cigana salira teu ninggalai kana ngaran anu ku kuring di pake "Al Fakir Abu Hafizh" (nu fakir bapana Hafizh) > janten si kuring lain geus nikah deui malih mah geus boga turunan sok kadinya jodokeun ti ayeuna, samemeh ka batur oge hade lamun ka nu deket heula, dulur salembur babakan sunda...hehe hatur salam JA

