Assalaamu'alaikum!

Sampurasun, Luur...

Dina kasempetan ieu, kuring seja ngembarkeun (deui) ngeunaan ayana rekening
surelek anu make domain @urang-sunda.or.id. Rekening surelek ieu teh
mangrupakeun alpukah (lain alpuket) Kang Deni Wahyu alias Cepot Gibol,
juragan minyak ti Dumai, anu parantos ngolo ka Gmail salaku indung surelekna
(dongeng lengkepna mah mangga taroskeun we langsung ka jinisna, kuring ge
bingung da). Bok bilih di antawis baraya aya nu hoyong gaduh eta rekening
surelek, mangga kontak ka Kang Deni atanapi ka abdi (japri).

Patali sareng masalah 'perwaragadan' anu kungsi dibadamikeun sateuacanna,
yen rehna 'divisi alam maya' Kusnet teh perlu cicis kanggo mayar hosting
www.urang-sunda.or.id di Indoglobal, saatosna aya sumbangan (tempat) ti Teh
Lies (tengkyu pisan, Teh...), nya rencana bade mundut 'ipekah' ti nu hoyong
gaduh rekening surelek urangsunda teh dialihkeun we langsung ka rekening YP.

Jadi, saupamina para saderek rido, misalna nyumbang 50 rebu we, eta artos
teh insya Alloh bakal dipeserkeun buku bacaan (utamana kanggo barudak) Sunda
anu bade disebarkeun ka sakuliah Tatar Sunda (mudah2an tiasa laksana) dina
program Pabukon Simpay Katresna (Pasaka), atanapi dikamalirkeun kana
program2 YP anu sanesna (mangga aos yp.urang-sunda.or.id).

Sakitu heula bae anu kapihatur. Langkung saur bahe carek, hapunten anu
kasuhun...

-------
<http://www.urang-sunda.or.id> sikandar

Kirim email ke