sampurasun.. teh Lies pasti nuju sehat nya. hebat euy si teteh geuningan kataji oge ku perkara 'polek'.
perkawis 'kudu hade ka semah' etamah kumaha urangna wae teh. da ari dina dunya 'polek' nu kuring apalmah taya istilah 'pelit' atawa 'bageur' nu aya teh 'urang ngaluarkeun sa anu engke kudu balik deui sababaraha anu' (he..he.. jadi lumayan teteh dibaturan ngacapruk ku abdi) baktos-soni++++ On Tue, 21 Nov 2006 10:03:19 -0000 "L Parish" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Urang teh kedah ngajenan ka tamu, cenah. > Upami tamuna jalmi miskin, suguhan tuang sareng lauk >jaer atawa teri. > Tapi lamun semah jalma beunghar mah, pangalakeun lauk >bibit anu badag, balikna ge bahanan >oleh-oleh/cenderamata. > Kapan eta mah semah (Ngahesekeun nu di imah) > > Basa kamari juragan nganjang, keur ngabageakeunna beak >60 milyar, sanajan datangna mung ukur sababaraha jam. > Helipad nu diwangun di KRB bari meakkeun waragad gede, >mubazir teu tulus dipake ku juragan. > Pribumi di Bogor, 50 rebu ti 120 rumah tangga leungit >panghasilan sekitar 2 milyar. > Keun bae pan keur ngahormat semah ...... > > Ka semah kudu someah, tapi demi keamanan Anggota Kompi >ti Kesatuan TNI-AD Raider Cianjur, diinstruksikeun teu >meunang seuri atawa surungah-serengeh. > Para menteri RI nu ngariung kudu ngagantungkeun >identitas. Naha ari delegasi semah mah saurang ge teu aya >nu ngagantungkeun identitasna, malah wartawan bawana ge >ngan ukur make kaos, jeans jeung sapatu olahraga >warna-warni?. > Keun bae, kapan itu mah semah ...... > > Baheula basa manehna nganjang ka bali, di bere blok >cepu. > Ayeuna bahanan naon? sina ngagembol Natuna, kitu? > -------- > si teteh nu keur hayang ngacapruk ======================================================================================== Selamat bagi para pemenang Grand Prize Netkuis Ramadhan 1427 H ========================================================================================

