Teuing Naon Judulna Heueuh baheula basa kuring masih buta tulang buta daging, tamat sakola ti sma teh lain nuluykeun deui kuliah tapi kalahka amprung-amprungan ulin bari neang pangalaman hirup ka luar pulau.
Nahate leutik mah pakojot hayang nuluykeun sakola tapi da dalah kumaha keur biaya kuliah teh lain saeutik ku ukuran kolot kuring mah, kapanan kolot kuring mah jalma teu boga atawa kaasup golekmah meureun jadi lain teu hayangeun nyakolakeun leuwih luhur. Jam dua belas peuting kuring ngahudangkeun abah kuring anu keur tibra. "Abah..abah..yeuh hudang heula sakeudeung.." "Aya naon atuh sujang..wayah kieu ngagugubrag...lain geura sare kadituh..!" tembal Abah bari kuniang hudang. "Abah ...ujang rek pamitan.." cekeng bari ngasongkeun leungeun katuhu ngajak sasalaman. "Haaaahh...rek indit kamana kitu wayah kieu..?" tembal si Abah bari kerung-kerung bangun nu kaheranan. "Enya Bah rek merantau jauh kaditu, tah sakalian pamitan Ujang rek menta bekel ka Abah" "Naha ari sia indit-inditan teh wayah kieu..barinage aing mah teu nyekel duit" cek si Abah bari ngaleos ka tengah imah, gek diuk na korsi rotan anu pinuh ku tumbila, tuluy gap kana emug seng regot nginum cai enteh bari. "Sujang rek indit teh geus bebeja ka indung jeung bapa sia?" tanya si Abah "Atos Bah...malahan tuh keur narungguan di tepas" jawab kuring "Jadi bekelna kumaha Bah ?" sambung kuring "Kapanan titatadi oge aing mah teu nyenyekel duit, tuh Ibu Kolot sia nu sok nyekel duit mah" cek si Abah bari cekres nyundut pahpir tina daun jagong. "Ih..lain duit Bah..Ujang mah hayang bekel keur kasalametan hirup Ujang di perantauan, tuh batur mah ku akina dibekelan batu ali, aya oge anu dibekelan keris Bah.."cekeng "Ohh..sugan teh bekel duit, kapanan maneh ge apal aing mah teu boga nu karitu, basa baheula oge kungsi guguru kadugalan kapan geus dipiceunan, da kalahka matak nyilakakeun diri." tembal si Abah. "Lah..atuh Bah..meureun jampe-jampe jeung jangjawokan mah meureunan boga" cekeng keukeuh peuteukeuh. "Heug atuh ku Aing dibekelan, sok regepkeun ku sia" cek si Abah bari regot deui nginum cai enteh bari. Ari kuring gura-giru ngagusur korsi ngadekeutan si Abah, bangun atoh. Lamun sia hayang salamet di dunya jeung akherat, lain ku batu ali atawa keris, peupeujeuh ulah sakali-kali maneh percaya kanu model kitu bisi musrik. Dengekeun ku sia lamun hayang salamet, Kahiji ulah katinggaleun sholat anu lima waktu, syukur-syukur sholat sunahna maneh bisa ngadegkeun. Kadua ulah boga niat goreng kabatur komo bari jeung prak mah Katilu bekel tah Al-Qur'an tuluy korehan, sagala rupa elmu aya didinya "Lah si Abah mah sugan teh jangjawokan.." cekeng bari kuciwa "Har ari sia..kapanan sia teh hayang dibekelan, tah bekel ti aing, da ari bangsa jangjawokan mah puguh aing mah teu boga" "Enya atuh Bah...kukuring diregepkeun, kuring pamit atuh Bah.." cekeng bari sungkem "Heug ku Aing didu'akeun sing salamet peupeujeuh bekel ti aing pake, tuh sakalian indung kolot sia hudangkeun, bisi leungiteun ." Kebo-28/11/2006

